Raja-Raja nu Kadua
19 Ngadéngé kitu, Raja Hizkia nyoéhkeun pakéanana, maké kaén goni, tuluy indit ka imah Yéhuwa. 2 Geus kitu, manéhna ngutus Éliakim pangawas istana, Syébnah sékertaris karajaan, jeung para pamingpin imam pikeun manggihan Nabi Yésaya anak Amoz bari maké kaén goni. 3 Maranéhna ngomong kieu ka Yésaya, ”Ieu nu diucapkeun ku Hizkia, ’Dinten ieu téh dinten kasangsaraan, kahinaan, jeung kaaéban. Urang sadaya téh ibarat wanita nu badé ngajuru, tapi teu tiasa brol ngajuru da teu aya tanaga. 4 Ayeuna mah pangdoakeun rahayat nu aya kénéh di ieu nagri. Sugan Yéhuwa Allah anjeun ngadangukeun sagala omongan Rabsyaké, nu diutus ku raja Asiria pikeun ngahina Allah nu hirup. Mugia Yéhuwa Allah anjeun ngabales manéhna lantaran omonganana.’”
5 Sanggeus hamba-hambana Raja Hizkia nepikeun pesen ka Yésaya, 6 Yésaya ngomong kieu, ”Béjakeun ka juragan aranjeun, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Ulah sieun ngadéngé omongan hamba-hamba raja Asiria nu ngahina Kuring. 7 Kuring rék mangaruhan pikiran raja Asiria. Jadi waktu ngadéngé béja, manéhna bakal balik ka nagrina. Geus kitu, Kuring bakal maéhan manéhna ku pedang di nagrina sorangan.”’”
8 Sanggeus Rabsyaké ngadéngé raja Asiria ninggalkeun Lakhis, manéhna manggihan Raja sarta ningali Raja keur perang ngalawan Libna. 9 Raja ngadéngé béja ngeunaan Tirhaka raja Étiopia, ”Anjeunna datang rék merangan Juragan.” Jadi, Raja ngirim utusan-utusan deui ka Hizkia. Raja ngomong kieu ka maranéhna, 10 ”Béjakeun kieu ka Hizkia raja Yéhuda, ’Ulah daék dibobodo ku Allah nu jadi andelan manéh, nu ngabéjaan manéh yén Yérusalém moal bakal diserahkeun ka kuring. 11 Manéh geus ngadéngé pan nagri-nagri séjén dikumahakeun ku raja Asiria. Kabéhanana geus dimusnakeun. Marukan maranéh bakal salamet? 12 Tuh, tempo bangsa-bangsa nu dimusnakeun ku karuhun kuring, disalametkeun teu ku allah-allahna? Mana urang Gozan, Haran, Rézéf, jeung urang Éden nu baheula aya di Tél-asar téh? 13 Mana raja Hamat, raja Arpad, raja kota Séfarwaim, raja kota Héna, jeung raja kota Iwa?’”
14 Hizkia nyokot jeung maca surat-surat nu dibawa ku para utusan éta tuluy indit ka imah Yéhuwa. Surat-surat éta dijajarkeun hareupeun Yéhuwa. 15 Hizkia ngadoa ka Yéhuwa, ”Nun Yéhuwa Allah Israél, nu calik dina tahta luhureun* kérub-kérub, mung Gusti Allah nu bener nu ngawasaan sadaya karajaan di bumi. Gusti téh nu nyiptakeun langit sareng bumi. 16 Nun Yéhuwa, dangukeun abdi. Tingali abdi, nun Yéhuwa. Dangukeun omongan Sanhérib nu ngahina Gusti, Allah nu hirup. 17 Nun Yéhuwa, abdi sadaya terang, raja-raja Asiria tos ngamusnakeun bangsa-bangsa sareng nagri maranéhna. 18 Aallahan maranéhna diduruk ku raja-raja éta. Aallahan éta téh jieunan manusa tina kai sareng batu, éta sababna sadayana tiasa dimusnakeun. 19 Tapi ayeuna mah, nun Yéhuwa Allah abdi sadaya, salametkeun abdi tina genggeman raja Asiria, supaya sadaya karajaan di bumi tarerangeun yén Allah téh mung Gusti, nun Yéhuwa.”
20 Tuluy, Yésaya anak Amoz ngirim pesen kieu ka Hizkia, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, ’Kuring geus ngadéngé doa manéh ngeunaan Sanhérib raja Asiria. 21 Ieu ucapan Kuring, Yéhuwa, ngeunaan manéhna:
”Mojang Zion nyapirakeun jeung nyeungseurikeun manéh.
Anak awéwé Yérusalém gogodeg ningali manéh.
22 Ka saha manéh nangtang jeung ngahina téh?
Keur ngomong jeung saha meni gogorowokan kawas kitu?
Ningali ka saha meni sombong kitu?
Manéh kitu téh ka Nu Suci Allah Israél!
23 Manéh ngirim utusan pikeun nangtang Yéhuwa jeung ngomong,
’Ku karéta perang nu kacida lobana,
Aing rék naék ka gunung-gunung nu laluhur,
Ka tempat-tempat nu pangmencilna di Lébanon.
Aing rék nuar tangkal-tangkal aras nu jarangkung, kitu ogé jeung tangkal-tangkal juniper nu pangalusna.
Aing rék asup ka pamatuhan nu pangjerona, kitu ogé ka leuweung-leuweung geledegan.
24 Aing rék ngagali sumur-sumur jeung nginum cai ti nagri batur.
Aing rék nyaatkeun saluran-saluran cai* di Mesir ku dampal suku aing.’
25 Manéh can ngadéngé, kitu? Kuring geus nyieun putusan* ti baheula kénéh.
Kuring geus nyieun rencana ti jaman baheula.
Ayeuna, éta rék dilaksanakeun ku Kuring.
Ku manéh kota-kota nu dibénténgan bakal diancurkeun nepi ka jadi ruruntuhan nu kalantar.
26 Moal aya nu nulungan pendudukna.
Maranéhna bakal sarieuneun jeung diéra-éra.
Maranéhna bakal laleuleus kawas pepelakan di tegalan jeung jukut héjo,
Kawas jujukutan dina hateup nu katebak ku angin panas ti wétan.
27 Tapi Kuring nyaho kabéh lalampahan manéh:
Unggal manéh diuk, indit, jeung balik deui, kitu ogé mun manéh ambek ka Kuring,
28 Lantaran Kuring geus ngadéngé manéh sakitu gandéngna amuk-amukan ka Kuring.
Jadi, irung manéh ku Kuring rék dipasangan kakait, sungut manéh rék dipasangan tali kekang.
Manéh rék diséréd supaya balik liwat jalan urut manéh datang.”
29 ”’Tah, ieu tanda keur manéh, Hizkia: Taun ieu, maranéh bakal dahar tina sisikian nu jaradi sorangan.* Dina taun kadua gé, maranéh bakal dahar tina sisikian nu jaradi sorangan. Tapi dina taun katilu, maranéh bakal nebar binih seug kaala. Maranéh gé bakal melak anggur jeung ngadahar buahna. 30 Urang Yéhuda nu lolos, nu araya kénéh, bakal kawas tangkal nu akarna jero jeung buahna leubeut. 31 Jalma-jalma nu nyésa bakal kalaluar ti Yérusalém. Jalma-jalma nu salamet bakal kalaluar ti Gunung Zion. Éta tangtu bakal dilaksanakeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
32 ”’Éta sababna, Yéhuwa nyarios kieu ngeunaan raja Asiria:
”Manéhna moal bakal asup ka ieu kota,
Atawa ngalepas panah ka dieu,
Atawa nyerang ieu kota bari mamawa taméng,
Atawa nyieun gundukan* pikeun nyerang ieu kota.
33 Manéhna bakal balik liwat jalan urut manéhna datang.
Manéhna moal bakal asup ka ieu kota,” ceuk Yéhuwa.
34 ”Kuring bakal nangtayungan jeung nyalametkeun ieu kota
Demi ngaran Kuring jeung demi Daud hamba Kuring.”’”
35 Peuting éta kénéh, malaikat Yéhuwa datang ka pakémahan urang Asiria, seug maéhan 185.000 prajurit. Barang jalma-jalma harudang isuk-isuk pisan, maranéhna nempo mayit tinggolépak di mana-mana. 36 Jadi, Sanhérib raja Asiria balik ka Niniwé tuluy cicing di dinya. 37 Waktu manéhna keur sujud di kuil déwa Nisrokh, anak-anakna nu lalaki, nyaéta Adramélékh jeung Syarézér, maéhan manéhna ku pedang, geus kitu kalabur ka tanah Ararat. Ésar-hadon anakna ngaganti manéhna jadi raja.