Babad nu Kahiji
10 Urang Filistin merangan urang Israél. Urang Israél ngabecir kalabur ti urang Filistin, loba nu tiwas di Gunung Gilboa. 2 Saul jeung anak-anakna nu lalaki diberik ku urang Filistin. Tungtungna anak-anak Saul nu lalaki, nyaéta Yonatan, Abinadab, jeung Malkhi-syua, dipaéhan ku urang Filistin. 3 Urang Filistin beuki bébéakan merangan Saul. Manéhna kapanggih ku tukang manah tuluy keuna ku panah-panah nepi ka raraheut. 4 Seug Saul ngomong ka palayan nu mawa senjatana, ”Cabut pedang manéh, tubleskeun ka urang, ngarah urang teu disiksa jeung dipaéhan ku jalma-jalma nu teu disunatan éta.” Tapi palayanna teu daékeun, da sieuneun pisan. Jadi, Saul nyokot éta pedang, bles nubles manéh. 5 Pas ningali Saul geus maot, éta palayan gé nubles manéh ku pedangna sorangan tuluy maot. 6 Jadi Saul, tilu anakna nu lalaki, jeung sakabéh rumah tanggana nu keur bareng jeung manéhna tariwas. 7 Waktu sakabéh urang Israél nu cicing di lebak ningali kabéh jalma kalabur sarta ningali Saul jeung anak-anakna nu lalaki maraot, maranéhna kalabur ninggalkeun kota-kotana. Geus kitu, urang Filistin daratang ka dinya tuluy nyicingan kota-kota éta.
8 Isukna, waktu urang Filistin ngajarah para prajurit nu tiwas, maranéhna ningali Saul jeung anak-anakna nu lalaki geus tiwas di Gunung Gilboa. 9 Jadi maranéhna ngajarah Saul, menggel sirahna, jeung nyokot senjatana. Tuluy, maranéhna ngirim utusan ka sakuliah nagri urang Filistin sina nyebarkeun éta warta di kuil-kuil berhalana jeung di antara rahayatna. 10 Geus kitu, senjatana Saul diteundeun di kuil déwa maranéhna, ari sirahna digantung di kuil Dagon.
11 Waktu penduduk Yabés di Giléad ngadéngé sakabéh tindakan urang Filistin ka Saul, 12 kabéh jalma nu perkasa indit sarta nyokot mayit Saul jeung anak-anakna nu lalaki, tuluy éta kabéh dibawa ka Yabés. Tulang-taléngna dikuburkeun handapeun tangkal gedé di Yabés. Geus kitu, maranéhna puasa salila tujuh poé.
13 Jadi, Saul maot lantaran teu satia ka Yéhuwa. Manéhna teu nurut kana kekecapan Yéhuwa. Manéhna gé ménta pituduh ka tukang manggil arwah, 14 lain ka Yéhuwa. Éta sababna, Saul ku Anjeunna dipaéhan. Kakawasaanana salaku raja dibikeun ka Daud anak Isai.