Babad nu Kahiji
20 Dina awal taun,* waktu raja-raja maraju perang, Yoab+ mingpin pasukanna pikeun nyerang jeung ngancurkeun nagri urang Ammon. Manéhna maju ngepung Raba,+ tapi Daud mah tetep di Yérusalém.+ Yoab nyerang Raba sarta ngancurkeun éta kota.+ 2 Geus kitu, Daud nyokot makuta emas tina sirahna Déwa Malkam tuluy dipaké. Éta makuta beuratna kira-kira 34 kilogram* sarta dihias ku batu-batu permata. Manéhna gé nyokot loba pisan jarahan ti éta kota.+ 3 Daud ngaboyong jalma-jalma nu aya di dinya. Maranéhna dititah gawé+ maké ragaji batu, pakakas nu seukeut tina beusi, jeung kampak. Sakabéh jalma di kota-kota urang Ammon dikitukeun ku Daud. Ahirna, Daud jeung sakabéh prajuritna baralik ka Yérusalém.
4 Sanggeus kitu, aya perang jeung urang Filistin di Gézér. Harita, Sibékai+ urang Husya maéhan Sipai turunan Réfaim.+ Ku kituna, urang Filistin diéléhkeun.
5 Tuluy, aya perang deui jeung urang Filistin. Élhanan anak Yair maéhan Lahmi adina Goliat+ urang Gat, nu gagang tumbakna sagedé kai dina alat tinun.+
6 Aya perang deui di Gat.+ Di dinya, aya hiji lalaki nu awakna gedé pisan.+ Ramo dina leungeun jeung sukuna téh masing-masing aya 6, jadi kabéh ramona aya 24. Manéhna gé turunan Réfaim.+ 7 Manéhna terus nangtang+ Israél, jadi dipaéhan ku Yonatan anak Syiméa,+ lanceukna Daud.
8 Maranéhna téh turunan Réfaim+ nu aya di Gat.+ Maranéhna dipaéhan ku Daud jeung para palayanna.