PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Babad 24
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Babad

      • Daud ngabagi imam jadi 24 kelompok (1-19)

      • Tugas séjénna keur urang Léwi (20-31)

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Babad 24:1-31

Babad nu Kahiji

24 Turunan Harun téh dibagi jadi kelompok-kelompok. Anak-anak Harun nu lalaki téh nyaéta Nadab, Abihu, Éléazar, jeung Itamar. 2 Tapi, Nadab jeung Abihu mah maot miheulaan bapana sarta teu boga anak lalaki, ari Éléazar jeung Itamar mah terus ngalalayanan sabagé imam. 3 Daud, bareng jeung Zadok turunan Éléazar sarta Ahimélékh turunan Itamar nyieun kelompok-kelompok pikeun tugas palayanan maranéhna. 4 Turunan Éléazar boga leuwih loba pamingpin tibatan turunan Itamar, jadi cara ngabagina téh kieu: Ti turunan Éléazar, 16 pamingpin kulawarga pihak bapa, ari ti turunan Itamar, 8 pamingpin kulawarga pihak bapa.

5 Geus kitu, turunan Éléazar jeung turunan Itamar dibagi deui ku cara ngalung undi. Aya nu jadi pamingpin di tempat suci, aya ogé nu jadi pamingpin keur ngalalayanan Allah nu sajati. 6 Hiji kulawarga pihak bapa dipilih keur Éléazar, hiji deui keur Itamar. Tuluy ngaran-ngaran maranéhna dicatet ku Syémaya anak Nétanél, sékertaris urang Léwi. Dicatetna téh hareupeun Raja, para pajabat, Imam Zadok, Ahimélékh anak Abiatar, jeung para pamingpin kulawarga pihak bapa ti para imam jeung urang Léwi.

7 Lung undi dialungkeun, nu mimiti kapilih téh nyaéta Yéhoyarib, nu kadua Yédaya, 8 nu katilu Harim, nu kaopat Séorim, 9 nu kalima Malkhiya, nu kagenep Miyamin, 10 nu katujuh Hakoz, nu kadalapan Abiya, 11 nu kasalapan Yésyua, nu kasapuluh Syékania, 12 nu ka-11 Éliasyib, nu ka-12 Yakim, 13 nu ka-13 Hupa, nu ka-14 Yésyébéab, 14 nu ka-15 Bilga, nu ka-16 Imér, 15 nu ka-17 Hézir, nu ka-18 Hapizéz, 16 nu ka-19 Pétahia, nu ka-20 Yéhézkél, 17 nu ka-21 Yakhin, nu ka-22 Gamul, 18 nu ka-23 Délaya, jeung nu ka-24 Maazia.

19 Tah éta tugas palayanan maranéhna waktu asup ka bumina Yéhuwa, nurutkeun aturan nu geus ditetepkeun ku Harun karuhun maranéhna, percis sakumaha paréntah Yéhuwa Allah Israél ka manéhna.

20 Ieu turunan Léwi nu séjénna: Ti turunan Amram, aya Syubaél. Ti turunan Syubaél, aya Yéhdéya. 21 Ti Réhabia, nyaéta ti turunan Réhabia, aya Issyia nu jadi pamingpinna. 22 Ti turunan Izhar, aya Syélomot. Ti turunan Syélomot, aya Yahat. 23 Ti turunan Hébron, aya Yéria nu jadi pamingpinna, Amaria nu kadua, Yahaziél nu katilu, jeung Yékaméam nu kaopat. 24 Ti turunan Uziél, aya Mikha. Ti turunan Mikha, aya Syamir. 25 Adi lalakina Mikha téh Issyia. Ti turunan Issyia, aya Zakharia.

26 Aya ogé anak-anak Mérari nu lalaki, nyaéta Mahli jeung Musyi. Ti turunan Yaazia, aya Béno. 27 Ti turunan Mérari, nyaéta ti Yaazia, aya Béno, Syoham, Zakur, jeung Ibri. 28 Ti Mahli, aya Éléazar nu teu boga anak lalaki. 29 Ti Kis, nyaéta ti turunan Kis, aya Yérahméél. 30 Salian ti éta, aya anak-anak Musyi nu lalaki, nyaéta Mahli, Édér, jeung Yérimot.

Maranéhna kabéh téh turunan Léwi nurutkeun kulawarga pihak bapa maranéhna. 31 Maranéhna gé ngalung undi sakumaha nu dilampahkeun ku dulur-dulur maranéhna, nyaéta turunan Harun. Maranéhna ngalung undi hareupeun Raja Daud, Zadok, Ahimélékh, jeung para pamingpin kulawarga pihak bapa ti para imam jeung urang Léwi. Para pamingpin kulawarga pihak bapa, boh nu geus kolot boh nu ngora kénéh, teu dibédakeun waktu ngalung undi.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun