PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Babad 25
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Babad

      • Nu maraén alat musik jeung nu ngarawih di bumina Allah (1-31)

1 Babad 25:1

Catetan Handap

  • *

    Tingali ”Ramalan” dina Daptar Istilah.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 16:41, 42; 2Bab 5:11, 12; 35:15
  • +1Sam 10:5
  • +1Bab 15:16

1 Babad 25:3

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 16:41, 42
  • +1Bab 15:16, 18
  • +Éf 5:19

1 Babad 25:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 15:16, 19

1 Babad 25:5

Catetan Handap

  • *

    As. ”pikeun ngangkat tandukna sorangan”. Tingali ”Tanduk” dina Daptar Istilah.

1 Babad 25:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 13:8; 15:16; 16:5

1 Babad 25:8

Catetan Handap

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Sil 16:33

1 Babad 25:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 25:1, 2
  • +1Bab 25:1, 3

1 Babad 25:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 25:1, 2

1 Babad 25:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 25:1, 2

1 Babad 25:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 25:1, 4

1 Babad 25:29

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 25:1, 4

1 Babad 25:30

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 25:1, 4

1 Babad 25:31

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 25:1, 4

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

1 Bab. 25:11Bab 16:41, 42; 2Bab 5:11, 12; 35:15
1 Bab. 25:11Sam 10:5
1 Bab. 25:11Bab 15:16
1 Bab. 25:31Bab 16:41, 42
1 Bab. 25:31Bab 15:16, 18
1 Bab. 25:3Éf 5:19
1 Bab. 25:41Bab 15:16, 19
1 Bab. 25:61Bab 13:8; 15:16; 16:5
1 Bab. 25:8Sil 16:33
1 Bab. 25:91Bab 25:1, 2
1 Bab. 25:91Bab 25:1, 3
1 Bab. 25:101Bab 25:1, 2
1 Bab. 25:121Bab 25:1, 2
1 Bab. 25:201Bab 25:1, 4
1 Bab. 25:291Bab 25:1, 4
1 Bab. 25:301Bab 25:1, 4
1 Bab. 25:311Bab 25:1, 4
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Babad 25:1-31

Babad nu Kahiji

25 Geus kitu, Daud jeung para pamingpin kelompok palayanan misahkeun sababaraha anak lalaki Asaf, Héman, jeung Yédutun+ pikeun ngaramal* bari narabeuh harpa, alat musik nu maké senar,+ jeung simbal.+ Ieu daptar jalma-jalma nu ditugaskeun: 2 Anak-anak Asaf nu lalaki nyaéta Zakur, Yusuf, Nétania, jeung Asyaréla. Maranéhna dipingpin ku Asaf bapana, nu ngaramalna nuturkeun pituduh ti Raja. 3 Genep anak Yédutun+ nu lalaki nyaéta Gédalia, Zéri, Yésyaya, Syiméi, Hasyabia, jeung Matitia.+ Maranéhna téh dipingpin ku Yédutun bapana, nu ngaramal bari nabeuh harpa sarta ngucap sukur jeung muji Yéhuwa.+ 4 Anak-anak Héman+ nu lalaki nyaéta Bukia, Matania, Uziél, Syébuél, Yérimot, Hanania, Hanani, Éliata, Gidalti, Romamti-ézér, Yosbékasya, Maloti, Hotir, jeung Mahaziot. 5 Maranéhna kabéh téh anak-anak Héman nu lalaki. Héman téh jurutingal Raja nu nepikeun pesen ti Allah nu sajati pikeun ngamulyakeun Allah.* Ku kituna, Allah nu sajati méré 14 anak lalaki jeung 3 anak awéwé ka Héman. 6 Maranéhna ngajalankeun palayanan di bumina Yéhuwa Allah nu sajati. Tugas maranéhna téh ngarawih bari narabeuh simbal, alat musik nu maké senar, jeung harpa.+ Maranéhna kabéh téh dipingpin ku bapana masing-masing.

Asaf, Yédutun, jeung Héman nuturkeun pituduh ti Raja.

7 Jumlah maranéhna jeung dulur-dulurna nu geus dilatih pikeun ngawih keur Yéhuwa téh aya 288 urang, kabéhanana jarago ngawih. 8 Maranéhna ngalung undi*+ pikeun ngabagi-bagi tugas, boh keur nu ngora jeung nu kolot boh keur nu geus jago jeung nu diajar kénéh.

9 Waktu diundi, nu mimiti kapilih nyaéta Yusuf+ anak Asaf. Nu ka-2 nyaéta Gédalia,+ dulur-dulurna, jeung anak-anakna nu lalaki, kabéhanana aya 12 urang. 10 Nu ka-3 nyaéta Zakur,+ anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 11 Nu ka-4 nyaéta Izri, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 12 Nu ka-5 nyaéta Nétania,+ anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 13 Nu ka-6 nyaéta Bukia, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 14 Nu ka-7 nyaéta Yésyaréla, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 15 Nu ka-8 nyaéta Yésyaya, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 16 Nu ka-9 nyaéta Matania, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 17 Nu ka-10 nyaéta Syiméi, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 18 Nu ka-11 nyaéta Azarél, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 19 Nu ka-12 nyaéta Hasyabia, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 20 Nu ka-13 nyaéta Syubaél,+ anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 21 Nu ka-14 nyaéta Matitia, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 22 Nu ka-15 nyaéta Yérémot, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 23 Nu ka-16 nyaéta Hanania, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 24 Nu ka-17 nyaéta Yosbékasya, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 25 Nu ka-18 nyaéta Hanani, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 26 Nu ka-19 nyaéta Maloti, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 27 Nu ka-20 nyaéta Éliata, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 28 Nu ka-21 nyaéta Hotir, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 29 Nu ka-22 nyaéta Gidalti,+ anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 30 Nu ka-23 nyaéta Mahaziot,+ anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang. 31 Nu ka-24 nyaéta Romamti-ézér,+ anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna, kabéhanana aya 12 urang.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun