Babad nu Kahiji
27 Ieu kelompok-kelompok urang Israél nu jadi prajurit Raja.+ Dina kelompok-kelompok, aya para pamingpin kulawarga pihak bapa, para pamingpin nu ngapalaan 1.000 jeung 100 urang,+ sarta para pamingpin nu ngurus kelompok-kelompok éta. Kelompok-kelompok téh meunang giliran tugas sataun sakali, masing-masing sabulaneun. Hiji kelompokna téh 24.000 urang.
2 Kelompok ka-1 nu tugas dina bulan ka-1 nyaéta kelompokna Yasyobéam+ anak Zabdiél. Dina kelompokna, aya 24.000 urang. 3 Yasyobéam téh turunan Péréz.+ Manéhna ngapalaan sakabéh pamingpin pasukan nu tugas dina bulan kahiji. 4 Kelompok ka-2 nu tugas dina bulan ka-2 nyaéta kelompokna Dodai+ urang Ahohi.+ Dina kelompokna, aya 24.000 urang. Nu ngapalaanana téh Miklot. 5 Kelompok ka-3 nu tugas dina bulan ka-3 nyaéta kelompokna Bénaya+ anak Imam Kapala Yéhoyada.+ Dina kelompokna, aya 24.000 urang. 6 Nu ngapalaanana téh Amizabad anak Bénaya. Bénaya téh prajurit perkasa ti antara 30 prajurit téa, sarta manéhna nu jadi kapalana. 7 Kelompok ka-4 nu tugas dina bulan ka-4 nyaéta kelompokna Asahél+ adina Yoab.+ Gaganti Asahél téh Zébadia anakna. Dina kelompokna, aya 24.000 urang. 8 Pamingpin kelompok ka-5 nu tugas dina bulan ka-5 nyaéta Syamhut urang Izra. Dina kelompokna, aya 24.000 urang. 9 Kelompok ka-6 nu tugas dina bulan ka-6 nyaéta kelompokna Ira+ anak Ikés urang Tékoa.+ Dina kelompokna, aya 24.000 urang. 10 Kelompok ka-7 nu tugas dina bulan ka-7 nyaéta kelompokna Héléz+ urang Péloni, turunan Éfraim. Dina kelompokna, aya 24.000 urang. 11 Kelompok ka-8 nu tugas dina bulan ka-8 nyaéta kelompokna Sibékai+ urang Husya, turunan Zérah.+ Dina kelompokna, aya 24.000 urang. 12 Kelompok ka-9 nu tugas dina bulan ka-9 nyaéta kelompokna Abi-ézér+ urang Anatot,+ turunan Bényamin. Dina kelompokna, aya 24.000 urang. 13 Kelompok ka-10 nu tugas dina bulan ka-10 nyaéta kelompokna Maharai+ urang Nétofa, turunan Zérah.+ Dina kelompokna, aya 24.000 urang. 14 Kelompok ka-11 nu tugas dina bulan ka-11 nyaéta kelompokna Bénaya+ urang Piraton, turunan Éfraim. Dina kelompokna, aya 24.000 urang. 15 Kelompok ka-12 nu tugas dina bulan ka-12 nyaéta kelompokna Héldai urang Nétofa, turunan Otniél. Dina kelompokna, aya 24.000 urang.
16 Ieu para pamingpin kaom-kaom Israél: Ti kaom Rubén, pamingpinna téh Éliézér anak Zikhri. Ti kaom Siméon, Syéfatia anak Maaka. 17 Ti kaom Léwi, Hasyabia anak Kémuél. Ti turunan Harun, Zadok. 18 Ti kaom Yéhuda, Élihu,+ salah sahiji lanceukna Daud. Ti kaom Isakhar, Omri anak Mikail. 19 Ti kaom Zébulon, Ismaya anak Obaja. Ti kaom Naftali, Yérimot anak Azriél. 20 Ti kaom Éfraim, Hosyéa anak Azazia. Ti satengah kaom Manasyé, Yoél anak Pédaya. 21 Ti satengah kaom Manasyé di Giléad, Ido anak Zakharia. Ti kaom Bényamin, Yaasiél anak Abnér.+ 22 Ti kaom Dan, Azarél anak Yéroham. Maranéhna téh para pamingpin kaom-kaom Israél.
23 Daud teu ngitung jumlah jalma nu umurna 20 taun ka handap, sabab Yéhuwa geus jangji rék ngajadikeun urang Israél sakitu lobana kawas béntang-béntang di langit.+ 24 Yoab anak Zéruya ngitung jalma-jalma, tapi teu nepi ka anggeus. Ku lantaran éta sénsus, Allah jadi ambek ka Israél.+ Jumlah jalma nu geus diitung téh teu dicatet dina buku sajarah ngeunaan Raja Daud.
25 Nu ngawaskeun rohangan tempat nyimpen harta Raja+ nyaéta Azmawét anak Adiél, ari nu ngawaskeun gudang-gudang* di tegal-tegal, di kota-kota, di désa-désa, jeung di munara-munara mah Yonatan anak Uzzia. 26 Nu ngawaskeun para patani nu ngolah tanah nyaéta Ézri anak Khélub. 27 Nu ngawaskeun kebon-kebon anggur nyaéta Syiméi urang Rama, ari nu ngawaskeun pasadiaan cianggur tina hasil kebon anggur téh Zabdi urang Syifmi. 28 Nu ngawaskeun kebon zaitun jeung tangkal-tangkal ara leuweung+ di Syéféla+ nyaéta Baal-hanan urang Gédér, ari nu ngawaskeun pasadiaan minyak téh Yoas. 29 Nu ngawaskeun sapi-sapi nu ngahakan jukut di Syaron+ nyaéta Syitrai urang Syaron, ari nu ngawaskeun sapi-sapi di lebak mah Syafat anak Adlai. 30 Nu ngawaskeun onta-onta nyaéta Obil turunan Ismail, ari nu ngawaskeun kaldé-kaldé* mah Yéhdéya urang Méronot. 31 Nu ngawaskeun domba-domba jeung embé-embé nyaéta Yaziz urang Hagri. Maranéhna kabéh téh para pamingpin nu ngawaskeun harta bandana Raja Daud.
32 Yonatan+ alona Daud téh panaséhat, sékertaris, jeung jalma nu loba pangarti. Yéhiél anak Hakhmoni ngurus anak-anak raja.+ 33 Ahitofél+ gé panaséhatna raja. Husyai+ urang Arkhi téh sobatna* raja. 34 Gaganti Ahitofél téh nyaéta Yéhoyada anak Bénaya+ sarta Abiatar.+ Yoab+ téh panglima pasukan raja.