PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Babad 26
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Babad

      • Kelompok-kelompok tukang jaga gerbang (1-19)

      • Pangawas harta di bumina Allah sarta pajabat séjénna (20-32)

1 Babad 26:20

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nu dibaktikeun”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Babad 26:1-32

Babad nu Kahiji

26 Ieu kelompok-kelompok tukang jaga gerbang téh: ti turunan Korah, Mésyélémia anak Koré turunan Asaf. 2 Anak-anak Mésyélémia nu lalaki téh nyaéta Zakharia nu cikal, Yédiaél nu kadua, Zébadia nu katilu, Yatniél nu kaopat, 3 Élam nu kalima, Yéhohanan nu kagenep, jeung Éliého-énai nu katujuh. 4 Anak-anak Obéd-édom nu lalaki téh nyaéta Syémaya nu cikal, Yéhozabad nu kadua, Yoah nu katilu, Sakar nu kaopat, Nétanél nu kalima, 5 Amiél nu kagenep, Isakhar nu katujuh, jeung Péulétai nu kadalapan. Obéd-édom téh diberkahan ku Allah.

6 Ti Syémaya anakna, aya anak-anak lalaki nu jadi pamingpin kulawarga pihak bapa maranéhna, sabab maranéhna téh perkasa jeung bisa diandelkeun. 7 Anak-anak Syémaya nu lalaki téh nyaéta Otni, Réfaél, Obéd, jeung Élzabad. Dulur-dulurna Élzabad gé, nyaéta Élihu jeung Sémakhia, bisa diandelkeun. 8 Maranéhna kabéh téh turunan Obéd-édom. Maranéhna, anak-anakna nu lalaki, jeung dulur-dulurna téh bisa diandelkeun sarta cocog keur ngajalankeun tugas maranéhna. Kabéhanana téh anggota kulawarga Obéd-édom, jumlahna aya 62 urang. 9 Mésyélémia boga anak-anak lalaki jeung dulur-dulur nu bisa diandelkeun, kabéhanana téh aya 18 urang. 10 Hosa turunan Mérari boga anak-anak lalaki, Syimri téh pamingpinna. Sanajan lain anak cikal, manéhna ku bapana dijadikeun pamingpin. 11 Anak nu kadua téh Hilkia, nu katilu Tébalia, sarta nu kaopat Zakharia. Kabéh anak lalaki jeung dulurna Hosa téh aya 13 urang.

12 Pamingpin ti kelompok-kelompok tukang jaga gerbang téh boga tugas nu sarua kawas dulur-dulurna, nyaéta ngalalayanan di bumina Yéhuwa. 13 Nurutkeun kulawarga pihak bapa, boh nu kulawargana gedé boh nu kulawargana leutik, maranéhna kabéh ngalung undi pikeun nangtukeun gerbang mana nu kudu dijaga. 14 Waktu undi dialungkeun, Syélémia kabagian ngajaga di beulah wétan. Ari Zakharia anakna, panaséhat nu bijaksana, kabagian ngajaga di beulah kalér. 15 Obéd-édom kabagian ngajaga di beulah kidul, ari anak-anakna nu lalaki ditugaskeun di gudang-gudang. 16 Syupim jeung Hosa kabagian ngajaga di beulah kulon, deukeut gerbang Syalékhét di jalan gedé nu nanjak. Kelompok nu hiji jeung nu hijina deui ngajaga pagigir-gigir. 17 Unggal poéna, aya genep urang Léwi nu tugas di beulah wétan, opat urang di beulah kalér, jeung opat urang di beulah kidul. Ari di gudang-gudang, aya dua tukang jaga nu pagigir-gigir jeung dua tukang jaga séjénna. 18 Di lorong beulah kulon, aya opat urang nu tugas di jalan gedé sarta dua urang di lorong. 19 Tah éta kelompok-kelompok tukang jaga gerbang ti turunan Korah jeung Mérari téh.

20 Ti urang Léwi, Ahiya téh nu ngawaskeun harta di bumina Allah nu sajati jeung harta nu disucikeun.* 21 Ti turunan Ladan, nyaéta turunan Gérsyon ti Ladan, Yéhiéli téh salah saurang pamingpin kulawarga pihak bapa. 22 Manéhna jeung anak-anakna nu lalaki, nyaéta Zétam sarta Yoél dulurna, ngawaskeun harta di bumina Yéhuwa. 23 Ti turunan Amram, turunan Izhar, turunan Hébron, jeung turunan Uziél, 24 Syébuél turunan Gérsyom anak Musa téh kapala nu ngawaskeun gudang-gudang. 25 Ti dulur-dulurna, nyaéta ti turunan Éliézér, aya Réhabia anak Éliézér, Yésyaya anak Réhabia, Yoram anak Yésyaya, Zikhri anak Yoram, jeung Syélomot anak Zikhri. 26 Syélomot jeung dulur-dulurna ngawaskeun sakabéh harta nu disucikeun ku Raja Daud, ku para pamingpin kulawarga pihak bapa, ku para pamingpin nu ngapalaan 1.000 jeung 100 urang, sarta ku para panglima. 27 Nu disucikeun ku maranéhna téh barang hasil perang jeung jarahan, nu engkéna dipaké keur ngarawat bumina Yéhuwa. 28 Syélomit jeung dulur-dulurna gé ngawaskeun barang-barang nu disucikeun ku Samuél jurutingal, Saul anak Kis, Abnér anak Nér, jeung Yoab anak Zéruya. Sagala rupa nu geus disucikeun téh dipercayakeun ka maranéhna.

29 Ti turunan Izhar, Khénania jeung anak-anakna nu lalaki jadi pajabat jeung hakim di Israél. Tugas maranéhna téh lain di bumina Allah.

30 Ti turunan Hébron, aya 1.700 urang nu bisa diandelkeun, nyaéta Hasyabia jeung dulur-dulurna. Maranéhna ngawaskeun sagala rupa ngeunaan palayanan ka Yéhuwa jeung ka Raja, nu aya di Israél nu di kuloneun Walungan Yordan. 31 Ti antara turunan kulawarga Hébron, pamingpinna téh Yériya. Dina taun ka-40 pamaréntahan Daud, bawahan Daud néangan jalma-jalma nu perkasa jeung bisa diandelkeun ti turunan Hébron. Jalma-jalma éta téh kapanggihna di Yazér di Giléad. 32 Dulur-dulurna Yériya nu bisa diandelkeun téh aya 2.700 urang. Maranéhna téh para pamingpin kulawarga pihak bapa. Jadi, maranéhna ku Daud ditugaskeun pikeun ngawaskeun urang Rubén, urang Gad, jeung satengah kaom Manasyé. Nu diurusna téh nyaéta sagala rupa ngeunaan palayanan ka Allah nu sajati jeung ka Raja.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun