Babad nu Kahiji
5 Ieu turunan Rubén anak cikal Israél. Manéhna téh anak cikal, tapi lantaran nyaréan selir bapana,* hakna salaku anak cikal dibikeun ka turunan Yusuf anak Israél. Ku kituna dina silsilah, manéhna teu didaptarkeun salaku anak cikal. 2 Yéhuda téh leuwih unggul tibatan dulur-dulurna, sarta nu jadi pamingpin téh asalna ti turunan manéhna. Sanajan kitu, nu meunangkeun hak salaku anak cikal mah Yusuf. 3 Anak-anak lalaki Rubén, anak cikal Israél, nyaéta Hanokh, Palu, Hézron, jeung Karmi. 4 Yoél téh bapana Syémaya, Syémaya téh bapana Gog, Gog téh bapana Syiméi, 5 Syiméi téh bapana Mikha, Mikha téh bapana Réaya, Réaya téh bapana Baal, 6 Baal téh bapana Béérah, pamingpin urang Rubén nu ditawan ku Tilgat-pilnésér raja Asiria. 7 Nurutkeun silsilah kulawarga maranéhna, dulur-dulurna Béérah téh nyaéta Yéiél nu jadi kapala, Zakharia, 8 jeung Béla anak Azaz incu Syéma buyut Yoél. Turunan Béla téh matuh di daérah Aroér nepi ka Nébo jeung Baal-méon. 9 Ingon-ingon maranéhna beuki ngalobaan di tanah Giléad, ku kituna maranéhna matuh di beulah wétan. Pamatuhanana téh nepi ka sisi tanah gurun di Walungan Éfrat. 10 Dina jaman Raja Saul, maranéhna merangan jeung ngéléhkeun urang Hagri. Jadi, maranéhna matuh di pakémahan urang Hagri di sakabéh wilayah Giléad beulah wétan.
11 Turunan Gad matuh di gigireun turunan Rubén, nyaéta di tanah Basyan nepi ka Saléka. 12 Di Basyan, nu jadi pamingpinna téh Yoél, nu kadua Syafam, aya ogé Yanai jeung Syafat. 13 Dulur-dulur maranéhna nurutkeun kulawarga pihak bapa téh kabéhanana aya tujuh urang, nyaéta Mikhaél, Mésyulam, Syéba, Yorai, Yakan, Zia, jeung Ébér. 14 Maranéhna téh anak-anak Abihail nu lalaki. Abihail téh anakna Huri, Huri téh anakna Yaroah, Yaroah téh anakna Giléad, Giléad téh anakna Mikhaél, Mikhaél téh anakna Yésyisyai, Yésyisyai téh anakna Yahdo, Yahdo téh anakna Buz. 15 Pamingpin kulawarga pihak bapa maranéhna téh nyaéta Ahi anak Abdiél incu Guni. 16 Maranéhna téh matuh di Giléad, di Basyan jeung kota-kota sakurilingna, sarta di tegalan Syaron nepi ka tungtung-tungtungna. 17 Maranéhna kabéh dicatet dina silsilah basa Raja Yotam maréntah Yéhuda jeung basa Raja Yéroboam* maréntah Israél.
18 Urang Rubén, urang Gad, jeung satengah kaom Manasyé boga 44.760 prajurit perkasa nu jarago perang. Maranéhna mawa taméng, pedang, jeung busur panah. 19 Maranéhna merangan urang Hagri, Yétur, Nafis, jeung Nodab. 20 Perangna bari ménta bantuan Allah, jadi maranéhna bisa nalukkeun urang Hagri jeung sakabéh baladna. Allah mantuan maranéhna, sabab maranéhna percaya ka Anjeunna. 21 Maranéhna ngarampas ingon-ingon, nyaéta 50.000 onta, 250.000 domba, jeung 2.000 kaldé. Maranéhna gé ngaboyong 100.000 tawanan. 22 Loba musuh nu paéh dina éta perang, sabab éta téh perangna Allah nu sajati. Geus kitu, pamatuhan urut musuhna dicicingan ku maranéhna, nepi ka maranéhna sorangan engké diboyong.
23 Turunan ti satengah kaom Manasyé téh matuh di éta tanah, ti Basyan nepi ka Baal-hérmon, Sénir, jeung Gunung Hérmon. Jumlah maranéhna téh kacida lobana. 24 Ieu para pamingpin kulawarga pihak bapa maranéhna: Éfér, Isyi, Éliél, Azriél, Yérémia, Hodawia, jeung Yahdiél. Maranéhna téh prajurit nu perkasa, kasohor, jeung pamingpin kulawarga pihak bapa maranéhna. 25 Tapi, maranéhna teu satia ka Allah karuhun maranéhna. Maranéhna gé ngalacurkeun diri ku cara ibadah ka allah-allah nu disembah ku rahayat éta nagri, nu ku Allah geus disingkirkeun ti hareupeun maranéhna. 26 Jadi, Pul raja Asiria (nyaéta Tilgat-pilnésér raja Asiria) ku Allah Israél disina ngaboyong urang Rubén, urang Gad, jeung satengah kaom Manasyé. Maranéhna diboyong ka Hala, Habor, Hara, jeung Walungan Gozan. Nepi ka ayeuna, maranéhna matuh di ditu.