Babad nu Kahiji
6 Anak-anak Léwi nu lalaki nyaéta Gérsyon, Kohat, jeung Mérari. 2 Anak-anak Kohat nu lalaki nyaéta Amram, Izhar, Hébron, jeung Uziél. 3 Anak-anak Amram* nyaéta Harun, Musa, jeung Miryam. Anak-anak Harun nu lalaki nyaéta Nadab, Abihu, Éléazar, jeung Itamar. 4 Éléazar téh bapana Pinéhas. Pinéhas téh bapana Abisyua. 5 Abisyua téh bapana Buki. Buki téh bapana Uzi. 6 Uzi téh bapana Zérahia. Zérahia téh bapana Mérayot. 7 Mérayot téh bapana Amaria. Amaria téh bapana Ahitub. 8 Ahitub téh bapana Zadok. Zadok téh bapana Ahimaaz. 9 Ahimaaz téh bapana Azaria. Azaria téh bapana Yohanan. 10 Yohanan téh bapana Azaria. Manéhna ngalalayanan sabagé imam di bumi nu dibangun ku Sulaéman di Yérusalém.
11 Azaria téh bapana Amaria. Amaria téh bapana Ahitub. 12 Ahitub téh bapana Zadok. Zadok téh bapana Syalum. 13 Syalum téh bapana Hilkia. Hilkia téh bapana Azaria. 14 Azaria téh bapana Séraya. Séraya téh bapana Yéhozadak. 15 Waktu urang Yéhuda jeung Yérusalém ku Yéhuwa disina diboyong ku Nébukhadnézar, Yéhozadak gé milu diboyong.
16 Anak-anak Léwi nu lalaki nyaéta Gérsyom,* Kohat, jeung Mérari. 17 Ngaran anak-anak Gérsyom nu lalaki nyaéta Libni jeung Syiméi. 18 Anak-anak Kohat nu lalaki nyaéta Amram, Izhar, Hébron, jeung Uziél. 19 Anak-anak Mérari nu lalaki nyaéta Mahli jeung Musyi.
Ieu kulawarga-kulawarga urang Léwi ti karuhun maranéhna: 20 Ti Gérsyom: Gérsyom téh bapana Libni, Libni téh bapana Yahat, Yahat téh bapana Zima, 21 Zima téh bapana Yoah, Yoah téh bapana Ido, Ido téh bapana Zérah, Zérah téh bapana Yéatérai. 22 Anak Kohat nu lalaki* nyaéta Aminadab, Aminadab téh bapana Korah, Korah téh bapana Asir, 23 Asir téh bapana Élkana, Élkana téh bapana Ébiasaf, Ébiasaf téh bapana Asir, 24 Asir téh bapana Tahat, Tahat téh bapana Uriél, Uriél téh bapana Uzzia, Uzzia téh bapana Syaul. 25 Anak-anak Élkana nu lalaki nyaéta Amasai jeung Ahimot. 26 Ti Élkana nu séjén: Élkana téh bapana Zofai, Zofai téh bapana Nahat, 27 Nahat téh bapana Éliab, Éliab téh bapana Yéroham, Yéroham téh bapana Élkana. 28 Anak-anak Samuél nu lalaki nyaéta Yoél nu cikal jeung Abiya nu kadua. 29 Anak Mérari nu lalaki* nyaéta Mahli, Mahli téh bapana Libni, Libni téh bapana Syiméi, Syiméi téh bapana Uzah, 30 Uzah téh bapana Syiméa, Syiméa téh bapana Hagia, Hagia téh bapana Asaya.
31 Daud milih jalma-jalma pikeun ngawih di bumina Yéhuwa sanggeus peti perjangjian diteundeun di dinya. 32 Jalma-jalma éta boga tanggung jawab pikeun ngawih di tabernakel, nyaéta kémah tepangan, nepi ka Sulaéman bérés ngabangun bumina Yéhuwa di Yérusalém. Maranéhna terus ngajalankeun tugas nu dibikeun ka maranéhna. 33 Ieu jalma-jalma nu ngajalankeun tugas éta bareng jeung anak-anakna nu lalaki: Ti turunan Kohat: Héman nu jadi jurukawih. Héman téh anakna Yoél, Yoél téh anakna Samuél, 34 Samuél téh anakna Élkana, Élkana téh anakna Yéroham, Yéroham téh anakna Éliél, Éliél téh anakna Toah, 35 Toah téh anakna Zuf, Zuf téh anakna Élkana, Élkana téh anakna Mahat, Mahat téh anakna Amasai, 36 Amasai téh anakna Élkana, Élkana téh anakna Yoél, Yoél téh anakna Azaria, Azaria téh anakna Zéfanya, 37 Zéfanya téh anakna Tahat, Tahat téh anakna Asir, Asir téh anakna Ébiasaf, Ébiasaf téh anakna Korah, 38 Korah téh anakna Izhar, Izhar téh anakna Kohat, Kohat téh anakna Léwi, Léwi téh anakna Israél.
39 Di katuhueun Héman, aya Asaf dulurna.* Asaf téh anakna Bérékhia, Bérékhia téh anakna Syiméa, 40 Syiméa téh anakna Mikhaél, Mikhaél téh anakna Baaséya, Baaséya téh anakna Malkhiya, 41 Malkhiya téh anakna Étni, Étni téh anakna Zérah, Zérah téh anakna Adaya, 42 Adaya téh anakna Étan, Étan téh anakna Zima, Zima téh anakna Syiméi, 43 Syiméi téh anakna Yahat, Yahat téh anakna Gérsyom, Gérsyom téh anakna Léwi.
44 Di kéncaeun Héman, aya Étan dulur* maranéhna, turunan Mérari téa. Étan téh anakna Kisyi, Kisyi téh anakna Abdi, Abdi téh anakna Malukh, 45 Malukh téh anakna Hasyabia, Hasyabia téh anakna Amazia, Amazia téh anakna Hilkia, 46 Hilkia téh anakna Amzi, Amzi téh anakna Bani, Bani téh anakna Syémér, 47 Syémér téh anakna Mahli, Mahli téh anakna Musyi, Musyi téh anakna Mérari, Mérari téh anakna Léwi.
48 Urang Léwi, nyaéta dulur-dulur maranéhna, dipilih* pikeun ngalalayanan di tabernakel, di bumina Allah nu sajati. 49 Harun jeung anak-anakna nu lalaki ngurban dina mézbah kurban beuleuman jeung dina mézbah dupa. Maranéhna ngajalankeun tugas-tugas nu aya patalina jeung barang-barang nu kacida sucina. Éta kabéh téh pikeun mangméntakeun pangampura keur Israél, nurutkeun kabéh nu diparéntahkeun ku Musa, hamba Allah nu sajati. 50 Ieu turunan Harun: Harun téh bapana Éléazar, Éléazar téh bapana Pinéhas, Pinéhas téh bapana Abisyua, 51 Abisyua téh bapana Buki, Buki téh bapana Uzi, Uzi téh bapana Zérahia, 52 Zérahia téh bapana Mérayot, Mérayot téh bapana Amaria, Amaria téh bapana Ahitub, 53 Ahitub téh bapana Zadok, Zadok téh bapana Ahimaaz.
54 Ieu téh tempat-tempat urang Léwi matuh jeung masang kémah di daérah nu dibikeun ka maranéhna. Waktu ngalung undi, nu mimiti kapilih téh kulawarga Kohat turunan Harun. Daérah maranéhna téh 55 nyaéta Hébron di tanah Yéhuda jeung tegalan di sakurilingna. 56 Tapi, tanah di sakurilingeun éta kota jeung désa-désana mah geus dibikeun ka Kaléb anak Yéfuné. 57 Turunan Harun dibéré kota-kota* panyalindungan, Hébron, Libna jeung tegalanana, Yatir, Éstémoa jeung tegalanana, 58 Hilén jeung tegalanana, Débir jeung tegalanana, 59 Asyan jeung tegalanana, sarta Bét-syémés jeung tegalanana. 60 Ti kaom Bényamin, maranéhna gé dibéré Géba jeung tegalanana, Alémét jeung tegalanana, sarta Anatot jeung tegalanana. Jadi, kota keur kulawarga maranéhna téh kabéhanana aya 13 kota.
61 Turunan Kohat séjénna narima* sapuluh kota ti kulawarga-kulawarga kaom séjén sarta ti satengah kaom Manasyé.
62 Kulawarga-kulawarga turunan Gérsyom narima 13 kota ti kaom Isakhar, kaom Asyér, kaom Naftali, jeung kaom Manasyé di Basyan.
63 Sanggeus ngalung undi, kulawarga-kulawarga turunan Mérari narima 12 kota ti kaom Rubén, kaom Gad, jeung kaom Zébulon.
64 Ku jalan kitu, urang Israél méré kota-kota jeung tegalanana ka kaom Léwi. 65 Kota-kota nu disebutkeun ngaranna éta dibikeun ku kaom Yéhuda, kaom Siméon, jeung kaom Bényamin ku cara ngalung undi.
66 Aya kulawarga-kulawarga turunan Kohat nu dibéré kota-kota ku kaom Éfraim pikeun jadi wilayah maranéhna. 67 Maranéhna dibéré kota-kota* panyalindungan, nyaéta Syikhém jeung tegalanana di daérah pagunungan Éfraim, Gézér jeung tegalanana, 68 Yokméam jeung tegalanana, Bét-horon jeung tegalanana, 69 Aiyalon jeung tegalanana, sarta Gat-rimon jeung tegalanana. 70 Ti satengah kaom Manasyé, kulawarga-kulawarga turunan Kohat séjénna dibéré Anér jeung tegalanana sarta Biléam jeung tegalanana.
71 Ti satengah kaom Manasyé, turunan Gérsyom narima Golan di Basyan jeung tegalanana sarta Astarot jeung tegalanana. 72 Ti kaom Isakhar, maranéhna narima Kédés jeung tegalanana, Dabérat jeung tegalanana, 73 Ramot jeung tegalanana, sarta Aném jeung tegalanana. 74 Ti kaom Asyér, maranéhna narima Masyal jeung tegalanana, Abdon jeung tegalanana, 75 Hukok jeung tegalanana, sarta Réhob jeung tegalanana. 76 Ti kaom Naftali, maranéhna narima Kédés di Galiléa jeung tegalanana, Hamon jeung tegalanana, sarta Kiriataim jeung tegalanana.
77 Ti kaom Zébulon, turunan Mérari nu séjénna narima Rimono jeung tegalanana, Tabor jeung tegalanana, 78 sarta daérah Walungan Yordan di Yérikho, di wétaneun Walungan Yordan. Ti kaom Rubén, maranéhna narima Bézér di tanah gurun jeung tegalanana, Yahaz jeung tegalanana, 79 Kédémot jeung tegalanana, sarta Méfaat jeung tegalanana. 80 Ti kaom Gad, maranéhna narima Ramot di Giléad jeung tegalanana, Mahanaim jeung tegalanana, 81 Hésbon jeung tegalanana, sarta Yazér jeung tegalanana.