Ézra
9 Sanggeus éta kabéh bérés, para pamingpin nyalampeurkeun abdi, seug ngaromong kieu, ”Urang Israél, para imam, jeung urang Léwi henteu misahkeun diri ti bangsa-bangsa di sabudeureunana, nyaéta urang Kanaan, Hét, Périz, Yébus, Ammon, Moab, Mesir, jeung Amori. Maranéhna kalah ka nurutan kabiasaan najis ti éta bangsa-bangsa. 2 Maranéhna karawin ka anak-anak awéwé éta bangsa sarta ngawinkeun anak-anak lalakina ka anak-anak awéwé éta bangsa. Bangsa nu suci ieu geus pacampur jeung éta bangsa-bangsa. Malah, nu pangheulana ngalampahkeun ieu dosa téh para pamingpin jeung pajabatna.”
3 Barang ngadéngé kitu, béréwék abdi nyosoéh pakéan jeung rompi panjang, seug ngajenggut buuk jeung janggot, brek andiprek bakating ku reuwas. 4 Ti dinya, jalma-jalma nu hormat kana firman Allah Israél ngariung deukeut abdi sabab prihatin kana lalampahan jalma-jalma nu teu satia ti pangbuangan, ari abdi andiprek di dinya nepi ka waktuna ngabaktikeun kurban kadaharan pasosoré.
5 Sanggeus datang waktuna pikeun ngabaktikeun kurban kadaharan pasosoré, sanggeus ngarendahkeun diri, abdi cengkat bari masih kénéh maké pakéan anu tadi disoéhkeun, brek abdi sideku bari nadahkeun leungeun ka Yéhuwa Allah abdi. 6 Tuluy abdi ngomong, ”Nun Allah abdi, abdi isin. Abdi ngarasa teu pantes ngadoa ka Gusti, nun Allah abdi, sabab kasalahan abdi sadaya kalintang seueurna, palanggaran abdi sadaya tos ngagunduk dugi ka langit. 7 Ti jaman karuhun abdi sadaya dugi ka dinten ieu, dosa abdi sadaya téh kacida seueurna. Ku lantaran kasalahan nu dilampahkeun, abdi sadaya, raja-raja, sarta para imam dipasrahkeun ka raja-raja bangsa lian, dipaéhan ku pedang, ditawan, dijarah, sareng dihina, sakumaha nu kaalaman ayeuna. 8 Tapi ayeuna, keur saheulaanan, Yéhuwa Allah abdi sadaya némbongkeun welas asih. Sapalih ti bangsa abdi sadaya dijait* tuluy dicandak ka tempat nu aman di tempat nu suci milik Gusti, nun Allah. Abdi sadaya dipasihan kabagjaan sareng disina ngarénghap sanajan masih kénéh diperbudak. 9 Abdi sadaya diperbudak, tapi ku Gusti henteu diculkeun. Gusti némbongkeun asih satia ka abdi sadaya di payuneun raja-raja Pérsia. Gusti masihan abdi sadaya kakuatan pikeun ngawangun deui bumina Gusti nu tos rugrug. Gusti gé ngajaga* abdi sadaya di Yéhuda sareng di Yérusalém.
10 ”Tapi ayeuna saparantos kieu, nun Allah, naon deui nu badé dicarioskeun ku abdi sadaya? Abdi sadaya tos ninggalkeun paréntah Gusti, 11 nu didugikeun ku Gusti ku perantaraan hamba-hamba Gusti, nyaéta para nabi. Gusti nyarios, ’Tanah nu bakal dipimilik ku maranéh téh tanah nu najis ku sabab kabiasaan jalma-jalma di ditu téh najis. Ti tungtung nepi ka tungtung, éta tanah pinuh ku hal-hal nu najis ku lantaran kalakuan maranéhna nu najis. 12 Ku kituna, ulah ngawinkeun anak-anak awéwé maranéh ka anak-anak lalaki maranéhna, kitu deui anak-anak lalaki maranéh ka anak-anak awéwé maranéhna. Ulah ngabantu éta bangsa-bangsa supaya hirup tengtrem jeung makmur. Ku kituna maranéh bakal jadi beuki kuat, bisa ngadahar hasil éta tanah nu aralus, sarta ngawariskeun éta tanah ka anak incu maranéh keur salalanggengna.’ 13 Ayeuna abdi sadaya tos ngarasakeun balukar tina kasalahan sareng dosa abdi sadaya, nun Allah. Abdi sadaya sadar yén Gusti teu ngahukum abdi sadaya satimpal sareng kasalahan abdi sadaya, malah Gusti téh tos ngaluputkeun abdi sadaya. 14 Jadi, kacida teuing upami abdi sadaya ngalanggar deui paréntah Gusti sarta kawin jeung* bangsa nu migawé hal-hal nu pikageuleuheun éta. Upami dugi ka kitu, tangtu Gusti kacida benduna. Abdi sadaya ku Gusti pasti dibasmi, moal aya nu nyésa atanapi salamet. 15 Nun Yéhuwa Allah Israél, Gusti téh adil, sabab sapalih ti abdi sadaya masih kénéh tiasa hirup dugi ka ayeuna. Abdi sadaya ngadep ka payuneun Gusti dina kaayaan dosa. Saleresna mah abdi sadaya teu layak ngadep ka payuneun Gusti.”