Néhémia
1 Ieu kekecapan Néhémia* anak Hakalia: Dina bulan Khisléw* taun ka-20, abdi aya di Bénténg* Syusyan.* 2 Harita Hanani, salah sahiji dulur abdi, datang bareng jeung sababaraha lalaki ti Yéhuda. Tuluy abdi nanyakeun ngeunaan urang Yahudi nu nyésa, nu balik ti pangbuangan. Abdi gé nanyakeun kaayaan Yérusalém. 3 Maranéhna ngajawab, ”Jalma-jalma nu baralik ti pangbuangan, nu ayeuna matuh di propinsi, kaayaanana téh parah pisan jeung ngérakeun. Témbok-témbok Yérusalém rugrug, jaba gerbang-gerbangna geus kaduruk.”
4 Meunang béja kitu, brek abdi diuk bari ceurik. Sababaraha poé abdi sedih, puasa, sarta ngadoa ka Allah pangawasa sorga. 5 Abdi ngadoa kieu, ”Nun Yéhuwa, pangawasa sorga, Allah nu hébat sareng matak tajub, anu nyepeng pageuh perjangjian, Gusti némbongkeun asih satia ka jalma-jalma nu mikanyaah Gusti sarta nu terus ngajalankeun paréntah-paréntah Gusti. 6 Mugia Gusti merhatikeun abdi sarta ngadangukeun doa hamba Gusti nu didugikeun dinten ieu. Siang wengi abdi ngadoa ka Gusti ngeunaan urang Israél hamba Gusti. Abdi ngakukeun dosa bangsa Israél ka Gusti. Abdi sadaya tos dosa, boh abdi boh kulawarga bapa abdi. 7 Abdi sadaya tos doraka ka Gusti, lantaran teu ngajalankeun paréntah, aturan, sarta putusan hukum nu dipasihkeun ku Gusti ka Musa hamba Gusti.
8 ”Sing émut kana ucapan* Gusti ka Musa hamba Gusti, ’Lamun maranéh teu satia, ku Kuring bakal disina papencar di antara bangsa-bangsa. 9 Tapi lamun maranéh baralik ka Kuring, ngajalankeun jeung nurut kana paréntah-paréntah Kuring, ku Kuring bakal dikumpulkeun sanajan maranéh papencar nepi ka tungtung-tungtung langit. Tuluy maranéh rék dibawa ka tempat nu ku Kuring geus dipilih pikeun ngamulyakeun ngaran Kuring.’ 10 Maranéhna téh hamba Gusti, umat Gusti, nu ditebus ku Gusti ku kakuatan sareng kawasa Gusti nu ageung. 11 Nun Yéhuwa, mugia Gusti ngadangukeun doa hamba Gusti ieu sareng doa hamba-hamba Gusti nu hoyong hormat* kana nami Gusti. Mugia upaya abdi dilancarkeun ku Gusti dinten ieu, sarta mugia ieu raja némbongkeun welas asih ka abdi.”
Harita abdi téh pangurus inuman raja.