PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Néhémia 2
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Néhémia

      • Néhémia diutus ka Yérusalém (1-10)

      • Néhémia mariksa témbok kota (11-20)

Néhémia 2:1

Catetan Handap

  • *

    Tingali Lamp. B15.

Néhémia 2:6

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ratuna”.

Néhémia 2:7

Catetan Handap

  • *

    Ieu téh ngamaksudkeun wilayah-wilayah kuloneun Walungan Éfrat.

Néhémia 2:8

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”leuweung raja”.

  • *

    Atawa ”Bénténg Bait”.

  • *

    Atawa ”disarengan ku panangan”.

Néhémia 2:10

Catetan Handap

  • *

    As. ”hamba”.

Néhémia 2:15

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”wadi”.

Néhémia 2:19

Catetan Handap

  • *

    As. ”hamba”.

Néhémia 2:20

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”moal diinget-inget di”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Néhémia 2:1-20

Néhémia

2 Dina bulan Nisan* taun ka-20 pamaréntahan Raja Artahsasta, Raja hayang nginum cianggur, jadi abdi nyanggakeun cianggur ka Raja sakumaha biasana. Saacanna, abdi teu pernah nguyung hareupeun Raja. 2 Pok Raja nanya ka abdi, ”Ku naon mani asa nguyung kitu, padahal mah teu gering? Tangtu keur aya nu dipikiran.” Ngadéngé kitu, abdi mani kacida sieunna.

3 Ku abdi ditémbalan kieu, ”Mugia Raja diberkahan! Kumaha abdi teu nguyung? Kota tempat karuhun abdi dikuburkeun tos ancur, gerbang-gerbangna séép kaduruk.” 4 Ditanya deui ku Raja, ”Cik, naon kahayang manéh?” Harita kénéh, abdi ngadoa ka Allah pangawasa sorga. 5 Ku abdi dijawab, ”Upami Raja kersa sareng mikaresep ka abdi, mugia abdi diutus ka Yéhuda, ka kota tempat karuhun abdi dikuburkeun, supaya ku abdi tiasa diwangun deui.” 6 Geus kitu, Raja nu keur diuk gigireun praméswarina* ngomong kieu, ”Rék sabaraha lila indit téh? Iraha rék balik deui?” Tuluy abdi méré nyaho rék sabaraha lila inditna, seug Raja satuju ngutus abdi.

7 Geus kitu abdi ngomong ka Raja, ”Upami dikersakeun ku Raja, abdi nyuhunkeun surat kanggo para gubernur di wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat,* supaya abdi diidinan ngalangkung ka wilayah aranjeunna sarta salamet dugi ka Yéhuda. 8 Abdi gé nyuhunkeun surat kanggo Asaf, tukang jaga Taman Karajaan,* supaya masihan balok-balok kai kanggo gerbang-gerbang Bénténg Bumi Allah,* kanggo témbok kota, sareng kanggo rorompok abdi.” Tuluy, Raja masihan surat-suratna. Éta téh ku lantaran abdi disarengan ku* Allah abdi.

9 Geus kitu, abdi manggihan para gubernur di wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat tuluy mikeun surat-surat ti Raja. Raja gé ngutus para panglima jeung pasukan kuda pikeun ngawal abdi. 10 Waktu Sanbalat ti Bét-horon jeung Tobia pajabat* Ammon ngadéngé éta, maranéhna kacida teu resepna, sabab aya jalma datang rék nulungan bangsa Israél.

11 Tungtungna, abdi nepi ka Yérusalém tuluy cicing di dinya salila tilu poé. 12 Peutingna, abdi hudang tuluy ngajak sababaraha urang milu jeung abdi. Allah téh geus ngageuing haté abdi pikeun ngajalankeun rencana ngeunaan Yérusalém, tapi abdi teu bébéja ka sasaha. Harita, abdi ngan mawa hiji sato, nyaéta sato nu ditumpakan ku abdi. 13 Peuting éta abdi kaluar ngaliwatan Gerbang Lebak, terus ngaliwatan Cinyusu Oray Gedé, maju ka Gerbang Tumpukan Lebu. Abdi mariksa témbok Yérusalém nu geus runtuh jeung gerbang-gerbangna nu geus kaduruk. 14 Geus kitu, abdi ngaliwatan Gerbang Cinyusu tuluy ka Kolam Raja. Ari pék téh tempatna leutik teuing, teu bisa diliwatan ku sato nu ditumpakan ku abdi. 15 Tapi peuting éta, abdi terus nanjak ka lebak* jeung terus mariksa témbok. Geus kitu, abdi balik ngaliwatan Gerbang Lebak tuluy mulang.

16 Para pajabat teu nyahoeun abdi tas ti mana jeung naon nu dilampahkeun ku abdi, da abdi can méré nyaho nanaon ka urang Yahudi, para imam, para bangsawan, para pajabat, jeung kabéh nu milu mantuan digawé. 17 Ahirna abdi ngomong ka maranéhna, ”Aranjeun terang sakumaha balangsakna kaayaan urang. Yérusalém kari ruruntuhan, gerbang-gerbangna gé geus kaduruk. Hayu urang ngawangun deui témbok Yérusalém, supaya kaayaan hina ieu teu katutuluyan.” 18 Tuluy abdi nyaritakeun yén abdi disarengan ku Allah. Abdi gé nyaritakeun ngeunaan ucapan Raja. Ngadéngé kitu, pok maranéhna ngomong, ”Hayu urang geura prak ngawangun.” Seug maranéhna silih kuatkeun pikeun ngalaksanakeun pagawéan nu hadé éta.

19 Waktu Sanbalat ti Bét-horon, Tobia pajabat* Ammon, jeung Gésyém urang Arab ngadéngé éta, maranéhna nyeungseurikeun jeung ngahina, kieu cenah, ”Keur naon maranéh téh? Rék barontak ka Raja?” 20 Dijawab ku abdi, ”Allah pangawasa sorga bakal ngalancarkeun ieu pagawéan. Abdi sadaya, hamba-hamba-Na, rék ngamimitian ngawangun. Aranjeun mah teu aya hubunganana, teu boga hak jeung moal jadi bagian dina sajarah* Yérusalém.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun