Néhémia
13 Dina poé éta, rahayat dipangmacakeun kitab Musa. Dina éta kitab aya tulisan nu nyebutkeun yén urang Ammon jeung urang Moab teu meunang jadi jamaah Allah nu sajati. 2 Éta téh ku sabab baheula maranéhna teu méré roti jeung cai ka urang Israél, kalah ka mayar Biléam pikeun ngutuk urang Israél. Tapi, éta kutuk dirobah jadi berkah ku Allah urang. 3 Sanggeus ngadéngé éta Torét, seug urang Israél misahkeun turunan bangsa asing* ti maranéhna.
4 Saacanna, imam nu ngurus gudang-gudang* di bumina* Allah urang téh Éliasyib dulurna Tobia. 5 Manéhna ngidinan Tobia maké hiji gudang* nu gedé nu tadina dipaké pikeun neundeun kurban kadaharan, menyan, parabotan, sapersapuluh sisikian, cianggur anyar, jeung minyak keur jatah urang Léwi, jurukawih, jeung tukang jaga gerbang. Éta gudang gé tadina dipaké pikeun nyimpen sumbangan keur para imam.
6 Harita, abdi téh keur teu aya di Yérusalém sabab abdi ngadep ka Raja dina taun ka-32 pamaréntahan Artahsasta, raja Babilon. Sanggeus sababaraha lila, abdi ménta idin ka Raja rék balik ka Yérusalém. 7 Tuluy abdi balik ka Yérusalém. Abdi ningali kalakuan goréng Éliasyib. Manéhna ngidinan Tobia maké gudang di buruan bumina Allah nu sajati. 8 Abdi kacida keuheulna, jadi parabotan Tobia nu aya di gudang* téh dibalang-balangkeun ka luar. 9 Abdi nitah supaya gudang-gudang* dibersihan. Geus kitu, parabot bumina Allah nu sajati, kurban kadaharan, jeung menyan diteundeun deui di dinya.
10 Abdi gé merhatikeun yén urang Léwi teu dibéré jatahna, nu matak urang Léwi jeung para jurukawih téh geus areuweuh, masing-masing indit ka lahanna. 11 Para pajabat ku abdi ditegor, ”Ku naon bumina Allah nu sajati téh bet dilalaworakeun kitu?” Jadi, urang Léwi ku abdi dikumpulkeun jeung ditugaskeun deui ka tempatna masing-masing. 12 Tuluy, sakabéh urang Yéhuda mawa sapersapuluh sisikian, cianggur anyar, jeung minyak ka gudang-gudang. 13 Geus kitu, abdi gé nugaskeun imam Syélémia, Zadok tukang nyalin,* jeung Pédaya turunan Léwi pikeun ngawaskeun éta gudang-gudang. Abdi gé ngalantik Hanan anak Zakur incu Matania pikeun ngabantuan maranéhna. Maranéhna téh jalma nu bisa dipercaya, tugasna téh ngabagi-bagi jatah keur dulur-dulurna.
14 Nun Allah abdi, sing émut ka abdi lantaran tos ngalampahkeun ieu sadaya. Ulah hilap kana asih satia abdi nu ditémbongkeun ka bumina Gusti sareng kana palayanan nu aya di dinya.
15 Harita, abdi gé ningali jalma-jalma di Yéhuda meresan anggur* dina poé Sabat, ngamuatan kaldé ku sisikian, mawa cianggur, buah anggur, ara, jeung sagala rupa barang ka Yérusalém dina poé Sabat. Jadi, ku abdi diélingan supaya ulah barangjual naon-naon dina poé éta.* 16 Urang Tirus nu maratuh di éta kota gé daragang lauk jeung rupa-rupa barang ka urang Yéhuda di Yérusalém dina poé Sabat. 17 Jadi, para bangsawan Yéhuda ku abdi ditegor kieu, ”Naha kalakuan maranéh téh goréng kitu? Maranéh henteu nyucikeun poé Sabat. 18 Kapan kalakuan karuhun maranéh gé kitu nepi ka Allah ngadatangkeun musibat ka urang jeung ka ieu kota. Ari ayeuna, maranéh ngadon teu nyucikeun poé Sabat, éta téh nambahan bebendu Allah ka Israél.”
19 Ku sabab kitu, abdi maréntahkeun supaya gerbang-gerbang di Yérusalém ditutup saacan poék, saacan Sabat dimimitian. Éta teu meunang dibuka-buka nepi ka geus liwat Sabat. Abdi gé nempatkeun anak buah abdi di gerbang supaya ulah nepi ka aya nu barangbawa ka jero kota dina poé Sabat. 20 Sakali dua kali sok aya para padagang jeung tukang ngajual sagala rupa barang nu meuting di luareun gerbang Yérusalém. 21 Tuluy ku abdi diomongan kieu, ”Ku naon maranéh téh bet meuting di luareun témbok? Lamun sakali-kali deui, rék diusir.” Ti harita, maranéhna tara datang deui dina poé Sabat.
22 Abdi gé ngabéjaan urang Léwi sina rutin nyucikeun diri jeung ngajaga gerbang-gerbang supaya poé Sabat tetep suci. Nun Allah abdi, sing émut ogé ka abdi lantaran tos ngalampahkeun ieu. Sing karunya ka abdi sabab asih satia Gusti téh kacida ageungna.
23 Harita, abdi gé ningali yén urang Yahudi téh karawin jeung* awéwé urang Asdod, urang Ammon, jeung urang Moab. 24 Anak-anakna sawaréh ngomong maké basa Asdod, sawaréhna deui maké basa bangsa-bangsa séjén, tapi euweuh nu bisa ngomong maké basa Yahudi. 25 Jadi, maranéhna ku abdi ditegor jeung disumpahan. Maranéhna gé diteunggeulan, buukna didudut, sarta sina sarumpah demi Allah. Abdi ngomong kieu, ”Maranéh teu meunang ngawinkeun anak awéwé maranéh jeung anak lalaki maranéhna. Maranéh jeung anak lalaki maranéh gé teu meunang ngawin anak-anak awéwé maranéhna. 26 Kapan éta nu ngalantarankeun Sulaéman raja Israél téh dosa. Raja ti bangsa-bangsa séjén teu aya nu bisa nandingan manéhna. Manéhna dipikanyaah ku Allahna jeung dijadikeun raja sakuliah Israél. Tapi, manéhna dosa gara-gara pamajikan-pamajikan ti bangsa asing. 27 Ku naon maranéh bet nepi ka ngalampahkeun dosa gedé siga kieu? Maranéh teu satia ka Allah, kalah ka ngawin awéwé bangsa asing!”
28 Salah sahiji anak lalakina Yoyada, incuna imam agung Éliasyib, jadi minantu Sanbalat urang Horon. Ku sabab éta, abdi ngusir manéhna.
29 Nun Allah abdi, sing émut ka maranéhna, ulah dugi ka teu dihukum. Maranéhna tos ngotoran kaimaman sarta perjangjian Gusti ka para imam sareng ka urang Léwi.
30 Salian ti éta, abdi nyucikeun urang Israél tina sagala pangaruh bangsa asing. Abdi gé méré tugas ka para imam jeung urang Léwi. 31 Abdi ngatur supaya jalma-jalma mawa suluh dina waktu-waktu nu ditetepkeun sarta mawa hasil panén nu mimiti.
Nun Allah abdi, sing émut ka abdi sarta berkahan abdi.