Éster
1 Ieu téh carita nu kajadian dina jaman Ahaswéros,* nyaéta Ahaswéros nu ngawasaan 127 propinsi ti India nepi ka Étiopia.* 2 Harita, Raja Ahaswéros maréntah dina tahtana di Bénténg* Syusyan.* 3 Dina taun katilu pamaréntahanana, manéhna ngayakeun pésta keur sakabéh pajabat jeung palayanna. Tentara Pérsia jeung Média, para bangsawan, jeung para pajabat propinsi daratang ka éta pésta. 4 Salila 180 poé, manéhna némbongkeun kakayaan karajaanana nu megah sarta kahébatan jeung kamulyaan manéhna. 5 Sanggeus bérés, Raja ngayakeun pésta salila tujuh poé di taman istana keur jalma-jalma nu aya di Bénténg Syusyan, ti jalma penting nepi ka jalma biasa. 6 Tamanna dihias ku linén, katun nu alus, jeung kaén biru nu ditalian ku kaén nu alus jeung wol ungu. Éta kabéh digantungkeun kana geugeulangan pérak nu dipasang dina tihang-tihang marmer. Aya ogé korsi-korsi panjang tina emas jeung pérak. Éta diteundeun dina lanté nu dijieun tina batu beureum, mutiara, marmer bodas, jeung marmer hideung.
7 Raja téh beunghar pisan. Jadi manéhna nyadiakeun cianggur nu kacida lobana dina cangkir-cangkir emas nu béda-béda, cangkirna euweuh nu sarupa. 8 Euweuh aturan ngeunaan nginum, jalma-jalma teu dipaksa* pikeun nginum. Raja jeung para pajabat geus nyieun aturan supaya unggal jalma meunang nginum sakahayangna.
9 Ratu Wasti gé ngayakeun pésta keur para wanita di istana Raja Ahaswéros.
10 Dina poé katujuh, waktu haté Raja keur bungah-bungahna ku lantaran cianggur, manéhna méré paréntah ka tujuh pajabat nu jadi palayan pribadi Raja, nyaéta Méhuman, Bizta, Harbona, Bigta, Abagta, Zétar, jeung Karkas. Maranéhna dititah 11 mawa Ratu Wasti sina ngadep ka Raja bari maké makuta* karajaan. Raja rék némbongkeun kageulisan Ratu ka jalma-jalma jeung para pajabat, lantaran Ratu téh geulis kabina-bina. 12 Tapi, Ratu Wasti teterusan nolak paréntah Raja nu ditepikeun ku para pajabat téa. Ku sabab kitu, amarah Raja ngagedur, manéhna ambek pisan.
13 Tuluy, Raja ngomong ka jalma-jalma nu bijaksana nu paham kana kabiasaan jaman baheula. (Waktu aya masalah, Raja sok nanya ka jalma-jalma nu paham kana aturan jeung kasus hukum. 14 Ti antara maranéhna, nu pangdeukeutna jeung Raja téh nyaéta Karsyéna, Syétar, Admata, Tarsyis, Mérés, Marséna, jeung Mémukan. Maranéhna téh tujuh pajabat Pérsia jeung Média nu bisa langsung panggih jeung Raja sarta boga kadudukan nu pangluhurna di karajaan.) 15 Raja nanya, ”Paréntah kuring, Raja Ahaswéros, nu ditepikeun ku para pajabat téh teu diturut ku Ratu Wasti. Nurutkeun hukum, manéhna kudu dikumahakeun?”
16 Di hareupeun Raja jeung para pajabat, Mémukan ngomong kieu, ”Ratu Wasti téh sanés ngadamel kasalahan ka Raja hungkul, tapi ka sadaya pajabat sareng ka rahayat nu aya di sadaya propinsi Raja Ahaswéros. 17 Upami nu dilampahkeun ku Ratu kauar-uar, tangtos unggal pamajikan bakal nyapirakeun salakina. Maranéhna bakal nyarios, ’Ratu Wasti gé teu nurut waktu digeroan ku Raja Ahaswéros.’ 18 Dinten ieu, pamajikan para pajabat Pérsia sareng Média bakal nyarios kitu ogé ka salakina. Akibatna pamajikan bakal ngarendahkeun salakina, ari salaki bakal ambek-ambekan ka pamajikanana. 19 Upami Raja satuju, langkung saé Raja ngadamel putusan. Teras éta ditulis jadi hukum di Pérsia sareng Média, nu teu tiasa dibatalkeun. Eusina téh Ratu Wasti teu kénging ngadep deui ka Raja Ahaswéros. Tos kitu, kadudukanana sabagé ratu pasihkeun wéh ka wanoja séjén nu langkung saé tibatan Ratu Wasti. 20 Upami putusan Raja kadangu di sakuliah karajaan anu lega ieu, sadaya pamajikan bakal hormat ka salakina, ti jalmi penting dugi ka jalmi biasa.”
21 Raja jeung para pajabatna satuju kana saran Mémukan. Éta ku Raja dilampahkeun. 22 Jadi Raja ngirim surat ka sakabéh propinsi karajaan. Suratna ditulis maké tulisan* jeung basa nu dipaké ku unggal bangsa di masing-masing propinsi. Suratna nyebutkeun yén salaki kudu jadi kapala* di rumah tanggana jeung kudu ngagunakeun basana sorangan.