Éster
5 Dina poé katilu, Éster maké baju karajaan tuluy nangtung di buruan istana beulah jero nu nyanghareup ka rohangan Raja. Di jero éta rohangan, Raja keur diuk dina tahtana nyanghareup ka lawang. 2 Barang ningali Ratu Éster nangtung di buruan, Raja atoheun, seug nyodorkeun tongkat emasna. Éster nyampeurkeun jeung nyabak tungtung tongkatna.
3 Raja nanya, ”Aya naon, Ratu Éster? Badé nyuhunkeun naon? Badé nyuhunkeun satengah karajaan gé tangtu dipasihkeun!” 4 Éster ngajawab, ”Upami Raja kersa, mangga Raja sumping sareng Haman dinten ieu ka pésta nu tos disiapkeun ku abdi.” 5 Seug Raja ngomong ka palayanna, ”Geroan Haman sina gancang datang ka dieu sakumaha paménta Éster.” Geus kitu, Raja jeung Haman indit ka pésta nu geus disiapkeun ku Éster.
6 Waktu maranéhna keur nginum cianggur, Raja ngomong ka Éster, ”Sok sebutkeun naon paménta Enéng, pasti dikabul. Badé nyuhunkeun naon? Badé nyuhunkeun satengah karajaan gé tangtu dipasihkeun!” 7 Éster ngajawab, ”Aya nu badé disuhunkeun. 8 Upami abdi dipikaresep ku Raja, sarta Raja kersa ngabulkeun panuhun abdi sareng nyumponan kahoyong abdi, mangga énjing Raja sareng Haman sumping deui ka pésta nu badé diayakeun ku abdi. Énjing ku abdi dipasihan terang naon nu dipikahoyong ku abdi.”
9 Poé éta, Haman balik bari atoh jeung gumbira. Tapi barang nempo Mordekai di gerbang istana, Haman ambek pisan, sabab Mordekai teu nangtung jeung teu sieun-sieun acan waktu ningali manéhna. 10 Najan kitu, Haman nahan diri jeung balik ka imahna. Tuluy, manéhna nyalukan babaturanana jeung Zérés pamajikanana. 11 Haman ngagul-ngagul sakumaha beunghar manéhna sarta sakumaha loba anak lalakina. Manéhna gé nyaritakeun yén Raja méré pangkat nu leuwih luhur ka manéhna nepi ka kadudukanana téh leuwih punjul tibatan para pajabat jeung para palayan Raja.
12 Haman gé ngomong kieu, ”Malah, ngan urang nu diondang ku Ratu Éster pikeun maturan Raja ka pésta nu diayakeun ku Ratu. Isukan gé urang diondang deui pikeun maturan Raja jeung Ratu. 13 Tapi, waktu ningali si Mordekai urang Yahudi téa diuk di gerbang istana, les baé éta kabagjaan téh leungit.” 14 Jadi kabéh babaturanana jeung Zérés pamajikanana ngomong kieu, ”Sok atuh jieun tihang nu jangkungna kira-kira 22 méter.* Isukan isuk-isuk, pék ngomong ka Raja supaya Mordekai digantung dina éta tihang. Geus kitu mah indit wéh bareng jeung Raja ka pésta, senang-senang di ditu.” Haman satuju kana usul éta, jadi manéhna nitah supaya éta tihang dijieun.