Éster
6 Peuting éta, Raja teu bisa saré. Jadi manéhna nitah supaya buku sajarah karajaan dibawa jeung dibacakeun. 2 Dina éta buku, aya catetan ngeunaan Mordekai nu ngalaporkeun Bigtana jeung Térés, dua palayan nu ngajaga panto kamar Raja, nu sakongkol rék maéhan Raja Ahaswéros. 3 Raja nanya, ”Mordekai téh geus dibéré ganjaran naon pikeun jasana?” Para palayan Raja ngajawab, ”Teu acan dipasihan nanaon, Juragan Raja.”
4 Terus Raja ngomong, ”Éta saha nu aya di buruan?” Harita Haman geus datang ka buruan istana beulah luar, rék ménta ka Raja supaya Mordekai digantung dina tihang nu geus disiapkeun ku manéhna. 5 Para palayan Raja ngomong, ”Nu nuju ngadeg di buruan téh Haman.” Ceuk Raja, ”Sina asup.”
6 Waktu Haman asup, Raja nanya, ”Lamun Raja rék nunjukkeun hormat ka hiji jalma, alusna kumaha?” Ceuk Haman di jero haténa, ”Lamun lain ka aing, ka saha deui Raja rék nunjukkeun hormat?” 7 Ceuk Haman ka Raja, ”Upami Raja badé nunjukkeun hormat ka hiji jalma, 8 anjeunna kedah dianggoanan baju karajaan nu biasa dianggo ku Raja, tos kitu pasangkeun makuta karajaan dina mastakana. Teras anjeunna sina tumpak kuda nu biasa ditumpakan ku Raja. 9 Pilih salah sahiji pajabat Raja nu pangkatna luhur pikeun ngurus baju sareng kuda. Jalma nu badé dihormat ku Raja kedah dianggoanan éta baju sareng sina tumpak kuda di alun-alun kota. Para palayan kudu sarurak payuneun anjeunna, ’Kieu diagung-agungna jalma nu dihormat ku Raja!’” 10 Raja langsung ngomong ka Haman, ”Geuwat cokot baju jeung kuda! Lampahkeun sakabéh omongan manéh tadi ka Mordekai, urang Yahudi nu keur diuk di gerbang istana. Ulah aya nu kaliwat.”
11 Jadi Haman nyokot baju karajaan jeung kuda. Bajuna dipakékeun ka Mordekai, tuluy Mordekai disina tumpak kuda di alun-alun kota. Haman surak hareupeun manéhna, ”Kieu diagung-agungna jalma nu dihormat ku Raja!” 12 Geus kitu, Mordekai balik ka gerbang istana. Ari Haman mah gancang balik ka imahna bari nutupan sirah bakating ku sedih jeung éra. 13 Haman nyaritakeun kabéh kajadianana ka kabéh babaturanana jeung Zérés pamajikanana. Zérés jeung jalma-jalma nu bijaksana ngaromong kieu, ”Ayeuna waé anjeun geus éléh ti Mordekai. Jadi lamun enya manéhna téh turunan Yahudi, anjeun moal bakal meunang ngalawan manéhna, anjeun tangtu éléh.”
14 Waktu maranéhna keur ngomong kénéh jeung Haman, para pajabat istana datang. Maranéhna gancang mapagkeun Haman ka pésta nu diayakeun ku Éster.