Éster
7 Jadi, Raja jeung Haman datang ka péstana Ratu Éster. 2 Dina pésta poé kadua, waktu maranéhna keur nginum cianggur, Raja nanya deui ka Éster, ”Ratu Éster, sok sebutkeun naon paménta Ratu, pasti dikabul. Badé nyuhunkeun naon? Badé nyuhunkeun satengah karajaan gé tangtu dipasihkeun!” 3 Ratu Éster ngajawab, ”Nun Raja, upami abdi dipikarunya ku Raja, upami Raja kersa, salametkeun nyawa abdi, salametkeun bangsa abdi. 4 Abdi sareng bangsa abdi téh tos diical pikeun dibinasakeun, dipaéhan, sareng dibasmi. Upami mung saukur diical jadi budak beulian mah abdi moal nyuhunkeun nanaon. Raja, ieu musibat ulah dugi ka kajadian, lantaran bakal ngarugikeun Raja.”
5 Raja Ahaswéros nanya ka Ratu Éster, ”Saha nu wawanianan siga kitu? Mana jelemana?” 6 Éster ngajawab, ”Musuh nu jahat téh, tah ieu Si Haman!”
Haman jadi kacida sieunna ka Raja jeung Ratu. 7 Raja ambek pisan tuluy ninggalkeun pésta, indit ka taman istana. Ari Haman cengkat sarta ngalengis ka Ratu Éster, da apaleun manéhna bakal dihukum ku Raja. 8 Ti taman istana, Raja balik deui ka rohangan pésta. Ari pék téh manéhna ningali Haman keur sujud di tempat diukna Éster. Raja ngagorowok, ”Ieu jelema téh rék merkosa Ratu ogé di istana aing?” Barang ngadéngé kekecapan Raja, para palayan langsung nutupan beungeutna Haman. 9 Harbona, salah sahiji pajabat istana, ngabéjaan Raja, ”Haman gé tos nyiapkeun tihang kanggo ngagantung Mordekai, jalmi nu nyalametkeun Raja téa. Tihangna aya di bumina Haman, jangkungna gé 22 méter.”* Raja nitah, ”Gantung manéhna di dinya!” 10 Jadi maranéhna ngagantung Haman dina tihang nu geus disiapkeun keur Mordekai téa. Geus kitu mah, kakara Raja teu ambek deui.