Ayub
14 ”Manusa, nu dilahirkeun ku saurang wanita,
Hirupna téh pondok jeung pinuh ku kasusah.*
3 Tapi Gusti terus wéh ngawas-ngawas
Sarta mawa manéhna* pikeun diperkarakeun.
4 Bisa kitu jalma nu teu bersih ngalahirkeun jalma nu bersih?
Moal bisa.
5 Upama umur manusa téh geus ditetepkeun,
Upama jumlah bulanna geus ditangtukeun,
Mung Gusti nu mampuh netepkeun watesna, hirup manusa moal bisa leuwih ti éta.
6 Tong ditingalikeun baé atuh ambéh manéhna bisa reureuh,
Nepi ka manéhna nganggeuskeun hirupna, kawas kuli nu nganggeuskeun poé digawéna.
7 Lamun hiji tangkal dituar, masih kénéh aya harepan.
Éta tangkal bakal sirungan deui,
Sarta dahan-dahanna bakal terus jaradi.
8 Najan akarna ngolotan dina taneuh
Sarta tunggulna garing,
9 Barang manggih cai, pelentung kaluar sirung,
Sarta dahanna jaradi kawas pepelakan anyar.
10 Tapi lamun manusa maot mah ngagolépak teu walakaya.
Waktu manusa maot, ka mana inditna?
11 Cai di laut saat,
Cai di walungan surud tuluy garing.
12 Manusa gé ngagolépak tuluy teu hudang deui.
Nepi ka langit musna gé maranéhna moal hudang-hudang deui
Atawa digeuingkeun.
13 Cobi upami Gusti nyumputkeun abdi di Kuburan,*
Nyumputkeun abdi dugi ka amarah Gusti sirna,
Dugi ka cunduk waktu nu tos ditangtukeun ku Gusti pikeun émut ka abdi.
14 Upami manusa maot, tiasa kitu manéhna hirup deui?
Abdi bakal ngantosan salami abdi jadi budak beulian*
Dugi ka waktuna dibébaskeun.
15 Engké Gusti bakal nyauran, seug ku abdi dijawab.
Gusti bakal sono kana karya panangan Gusti.
16 Tapi ari ayeuna mah Gusti ngétang unggal léngkah abdi.
Nu diperhatikeun ku Gusti téh mung dosa abdi.
17 Palanggaran abdi ku Gusti dilebetkeun kana kantong tuluy diségel.
Kasalahan abdi disimpen* ku Gusti.
18 Kawas gunung-gunung nu runtuh jeung urug,
Kawas batu nu ngagulutuk tina cadas,
19 Kawas batu nu lila-lila jadi ipis ku cai,
Kawas taneuh nu palid ku hujan gedé,
Nya kitu pisan Gusti ngancurkeun harepan manusa.
20 Gusti nindes manéhna nepi ka musna.
Gusti ngarobah dedeganana tuluy nitah manéhna indit.
21 Anak-anak lalakina dihormat, tapi manéhna teu nyahoeun.
Anak-anakna direndahkeun, tapi manéhna teu ningali.
22 Manéhna ngarasa nyeri jeung sedih téh
Ngan salila manéhna hirup kénéh.”