Ayub
24 ”Ku naon Nu Mahakawasa teu netepkeun poé keur ngahakiman?
Ku naon jalma-jalma nu wanoh ka Anjeunna teu ningali poé éta?
2 Jalma-jalma mindahkeun wates lahan batur.
Maranéhna ngarampas ingon-ingon pikeun dibawa ka tegalan milikna sorangan.
3 Kaldé budak yatim dijabel ku maranéhna.
Sapi jalu milik randa dirampas pikeun dijadikeun jaminan hutang.
4 Ku maranéhna nu miskin dipaksa nyingkir ti jalan.
Nu teu walakaya kudu nyumput ti maranéhna.
5 Nu miskin naréangan dahareun kawas kaldé liar di tanah gurun.
Maranéhna naréangan dahareun di gurun keusik keur anak-anakna.
6 Maranéhna kudu ngala di lahan batur*
Sarta mulung di kebon anggurna jalma jahat.
7 Ari peuting, maranéhna saré teu dibaju.
Maranéhna teu boga simbut jang ngahaneutan awakna.
8 Maranéhna jibrug lantaran kahujanan di gunung.
Maranéhna mépéd cadas pikeun ngiuhan.
9 Budak yatim nu keur nyusu direbut ti indungna.
Baju nu miskin dicokot pikeun jadi jaminan hutang.
10 Maranéhna dipaksa indit bari teu dibaju,
Jaba kalaparan jeung mamawa beungkeutan hasil panén.
11 Waktu keur panas mentrang, maranéhna digawé beurat* di kebon nu aya di lamping.*
Maranéhna nincakan anggur di tempat pameresan anggur, tapi maranéhna harauseun.
13 Aya jalma-jalma nu nolak caang.
Maranéhna teu hayang nyaho jalan nu caang
Jeung teu hayang nuturkeunana.
14 Pas bray caang, si tukang maéhan hudang.
Manéhna maéhan nu teu walakaya jeung nu miskin.
Ari ti peuting, manéhna maling.
15 Si tukang jinah ngadago-dago pasosoré.
Ceuk manéhna, ’Euweuh nu ningali urang!’
Tuluy manéhna nutupan beungeutna.
16 Jalma jahat ngabobol imah peuting-peuting,
Ari keur beurang mah maranéhna nyarumput.
Maranéhna nyingkahan caang.
17 Keur maranéhna mah isuk-isuk téh karasana poék mongkléng.
Kana poék jeung ka nu pikasieuneun téh maranéhna geus biasa.
18 Tapi maranéhna gancang kabawa palid ku cai.
Bagian tanahna bakal dikutuk.
Maranéhna moal bakal balik deui ka kebon anggurna.
19 Kawas salju lééh nu nyaab* ku halodo jeung panas,
Nya jelema nu boga dosa téh kawas kitu, bakal musna di Kuburan!*
20 Ku indungna sorangan gé geus dipopohokeun. Jasadna bakal dihakanan ku bilatung.
Manéhna moal diinget-inget deui.
Jalma-jalma nu lampahna teu bener bakal dirubuhkeun kawas tangkal.
21 Awéwé mandul diarah ku manéhna,
Randa ditindes ku manéhna.
22 Ku kakuatana-Na, Allah bakal ngamusnakeun jalma nu perkasa.
Najan maranéhna boga jabatan luhur, euweuh jaminan maranéhna bakal tetep hirup.
23 Maranéhna ku Allah diantep sina reugreug jeung ngarasa aman.
Tapi unggal lampahna diawaskeun ku Anjeunna.
24 Keur saheulaanan mah maranéhna dipunjulkeun, tapi geus kitu maranéhna moal aya deui.
Maranéhna direndahkeun jeung dikumpulkeun kawas nu séjénna.
Maranéhna kawas gandum nu diteukteuk tina gagangna.
25 Saha nu bisa ngabantah ucapan urang?
Saha nu bisa ngabuktikeun urang ngabohong?”