Ayub
35 Élihu neruskeun omonganana,
2 ”Sakitu yakinna anjeun téh bener nepi ka ngomong,
’Urang leuwih bener tibatan Allah’?
3 Ceuk anjeun, ’Naon untungna* lamun urang ngalampahkeun nu bener?
Mémangna kaayaan urang bakal leuwih hadé lamun teu ngalampahkeun dosa?’
4 Abdi rék ngajawab anjeun
Jeung babaturan anjeun.
5 Sok tanggah ka langit,
Perhatikeun méga-méga* di luhur anjeun.
6 Lamun anjeun nyieun dosa, Allah rugi, kitu?
Lamun palanggaran anjeun loba, aya pangaruhna kitu keur Anjeunna?
7 Lamun anjeun ngalampahkeun nu bener, naon untungna keur Allah?
Anjeunna meunang naon?
8 Lampah anjeun boh hadé boh jahat,
Untung rugina nya keur papada manusa kénéh.
9 Upama ditindes kacida kejemna, jalma-jalma bakal ngajerit,
Ngajerit ménta dibébaskeun tina genggeman jalma nu ngawasa.
10 Tapi euweuh nu ngomong kieu, ’Hayu urang balik ka Allah, Gusti Nu Agung Nu Ngadamel urang.
Anjeunna nu nyababkeun jalma-jalma ngawihkeun pupujian peuting-peuting.’
11 Ku Anjeunna urang kabéh dibéré leuwih loba kanyaho tibatan sato-sato liar di bumi.
Urang dijieun leuwih bijaksana tibatan manuk-manuk di langit.
12 Jalma-jalma ngajerit, tapi ku Anjeunna teu dijawab,
Lantaran maranéhna téh nya sombong nya jahat.
13 Jumeritna jalma nu munapék* ku Allah pasti moal didangukeun,
Ku Nu Mahakawasa moal diperhatikeun.
14 Nya komo deui lamun anjeun kukulutus, majarkeun teu ningali pitulung Allah!
Kasus hukum anjeun aya di hareupeun Allah, jadi tungguan wéh sing sabar,
15 Sabab Anjeunna teu ambek jeung teu ngahukum anjeun.
Omongan anjeun nu kasar gé ku Anjeunna teu diasupkeun kana haté.
16 Cumah Ayub ngomong waé,
Omonganana téh euweuh eusina.”