Ayub
7 ”Lainna manusa téh dipaksa kudu gawé beurat saumur hirupna?
Lainna kahirupan maranéhna kawas kuli?
2 Manéhna téh lir budak beulian nu hayang manggih pangiuhan,
Lir kuli nu ngadago-dago diburuhan.
3 Mangbulan-bulan hirup urang taya gunana.
Unggal peuting urang nalangsa.
4 Ari geus dug rék saré, urang sok mikir hayang geura isuk.
Tapi peuting téh asa ngarayap, urang gulinggasahan nepi ka bijilna panonpoé.
5 Saawak-awak pinuh ku bilatung jeung kekebul.
Kulit budug jeung pinuh ku nanah.
6 Hirup urang nyérélékna leuwih gancang tibatan alat tinun.
Hirup téh gancang anggeusna bari urang teu boga harepan.
7 Nun Gusti, sing émut yén hirup abdi téh mung napas sarénghap.*
Panon abdi moal bakal ningal kabagjaan* deui.
8 Panon nu ayeuna ningali abdi moal bakal ningali abdi deui.
Soca Gusti bakal milarian abdi, tapi abdi tos teu aya.
10 Manéhna moal bakal balik deui ka imahna,
Sarta bakal dipopohokeun ku jalma-jalma di tempat matuhna.
11 Ku kituna abdi moal ngabetem.
Abdi badé nyarita lantaran haté pinuh ku kapeurih.
Abdi badé nyoara lantaran papait nu kaalaman ku abdi!
12 Mémangna abdi téh laut atawa raksasa laut
Dugi ka Gusti miwarang batur pikeun ngawaskeun abdi?
13 Waktu abdi nyarios, ’Abdi badé ngagolér supaya bisa tenang.
Kasur abdi bakal ngurangan kasangsaraan abdi,’
14 Ku Gusti kalah ka dipasihan impian goréng
Sarta titingalian pikasieuneun.
15 Ku sabab éta, langkung saé abdi maot dicekék.
Mending kénéh abdi maot tinimbang hirup dina awak ieu.
16 Abdi geuleuh kana kahirupan abdi, tos bosen hirup.
Kantunkeun baé, lantaran hirup abdi mung napas sarénghap.
17 Manusa téh naon dugi ka diémut-émut ku Gusti,
Dugi ka diperhatikeun ku Gusti?
18 Ku naon Gusti ngawas-ngawas manéhna saban énjing
Sarta nguji manéhna unggal usik?
19 Ku naon Gusti teu eureun-eureun ningalikeun abdi
Sarta teu masihan abdi waktu pikeun neureuy ciduh-ciduh acan?
20 Nun Allah nu nilik-nilik manusa, saupama abdi gaduh dosa, Gusti téh rugi kitu?
Ku naon abdi diarah ku Gusti?
Mémangna abdi téh ngabeungbeuratan Gusti?
21 Ku naon Gusti teu ngahampura palanggaran abdi
Sarta mopohokeun kasalahan abdi?
Sakedap deui gé abdi bakal maot sarta mulang jadi kekebul.
Gusti bakal milarian abdi, tapi abdi tos teu aya.”