Ayub
9 Tuluy ku Ayub dijawab,
2 ”Enya, urang gé geus nyaho.
Mémangna bisa manusa dianggap bener di hareupeun Allah?
3 Mun aya nu paadu omong jeung Anjeunna*
Terus dibéré sarébu pananya, moal aya hiji-hiji acan nu bisa dijawab.
4 Anjeunna téh nya bijaksana nya gedé kawasana.
Saha nu bisa ngalawan Anjeunna tapi teu raheut-raheut acan?
5 Anjeunna mindahkeun* gunung-gunung tapi teu kanyahoan ku sasaha.
Waktu Anjeunna ambek, gunung-gunung dijungkir-jungkirkeun.
6 Bumi digunjang-ganjing ku Anjeunna
Nepi ka tihang-tihangna aleundeur.
7 Anjeunna maréntahkeun panonpoé sina teu cahayaan,
Anjeunna gé nutupan cahaya béntang-béntang.
8 Anjeunna mébérkeun langit
Sarta leumpang dina ombak nu gedé.
9 Anjeunna nyiptakeun rasi béntang As,* Késil,* jeung Kima,*
Sarta rasi-rasi béntang di langit beulah kidul.
10 Anjeunna ngadamel hal-hal nu hébat sarta teu kahontal ku akal,
Hal-hal nu matak tajub nu teu kaitung lobana.
11 Anjeunna ngalangkung tapi teu bisa katénjo ku urang.
Anjeunna ngalangkung tapi urang teu apal éta téh saha.
12 Mun Anjeunna ngarampas, saha nu bisa ngalawan?
Saha nu bisa nanya, ’Ku naon Gusti téh bet kitu?’
13 Allah moal nahan amarah-Na,
Malah nu marantuan Rahab* gé bakal sujud ka Anjeunna.
14 Komo deui urang waktu ngajawab Anjeunna,
Urang kudu ati-ati milih kekecapan waktu paadu omong jeung Anjeunna.
15 Sanajan bener gé, urang moal wani ngajawab Anjeunna.
Urang mah ngan bisa ménta dipikarunya ku hakim urang.*
16 Mun urang sasambat ka Anjeunna, mémangna bakal dijawab?
Urang teu yakin bakal didéngékeun.
17 Sabab Anjeunna ngancurkeun urang ku angin topan
Sarta teu puguh-puguh nambahan kasangsaraan urang.
18 Malah, urang teu meunang ngarénghap-ngarénghap acan.
Anjeunna teu eureun-eureun ngadatangkeun papait.
19 Mun sual kakuatan, Anjeunna leuwih kuat.
Mun sual kaadilan, saha nu bisa ngagugat Anjeunna?
20 Dina enyana gé urang bener, angger wéh biwir urang bakal nyalahkeun.
Dina enyana gé urang hirup bersih,* angger wéh urang bakal dianggap salah ku Anjeunna.
21 Sanajan urang hirup bersih,* urang teu yakin naon nu bakal kaalaman ku urang.
Urang geuleuh kana hirup urang sorangan.
22 Kabéhanana sarua waé, éta sababna urang ngomong,
’Boh jalma bener* boh jalma jahat, kabéhanana dibinasakeun ku Anjeunna.’
23 Lamun aya caah nu ujug-ujug narajang sarta nyababkeun jalma paéh,
Anjeunna bakal nyeungseurikeun jalma bener nu paéh.
24 Bumi disérénkeun ka nu jarahat.
Anjeunna nutupan panon para hakim.
Lamun lain ku Anjeunna, ku saha deui?
25 Hirup urang ngabelesatna leuwih tarik tibatan jalma nu keur lumpat,
Ngabelesat nepi ka urang teu pernah ngarasakeun nu haradé.
26 Hirup urang lir parahu tina jarami nu tarik lajuna,
Lir heulang nutug nyamber mamangsanna.
27 Saupama urang ngomong, ’Urang bakal mopohokeun kasedih urang,
Urang moal nguyung deui, urang bakal gumbira,’
28 Angger wéh urang bakal ngarasa sieun lantaran kanyeri nu karasa ku urang.
Urang apal yén urang moal dianggap bener ku Anjeunna.
29 Urang bakal tetep dianggap salah.*
Jadi keur naon urang susah payah ngabuktikeun diri teu salah?
30 Saupama urang mandi ku salju nu geus lééh
Sarta ngumbah leungeun ku sabun,*
31 Anjeunna bakal ngalelepkeun urang kana lombang nu pinuh ku leutak,
Nepi ka baju urang sorangan geuleuheun ka urang.
32 Anjeunna téh lain manusa kawas urang, jadi urang teu bisa némbalan Anjeunna
Sarta teu bisa mawa Anjeunna ka pangadilan.
33 Moal aya nu bisa mutuskeun perkara* urang jeung Allah.
Moal aya nu bisa jadi hakim keur urang jeung Allah.
34 Coba mun Anjeunna eureun neunggeulan urang
Sarta eureun ngabegbregan urang ku kasieun,
35 Urang moal bakal sieun nyarita ka Anjeunna,
Da biasana gé urang mah tara sieun.