Jabur
136 Haturkeun nuhun ka Yéhuwa, sabab Anjeunna téh bageur.+
Asih satia-Na aya keur salalanggengna.+
2 Haturkeun nuhun ka Allah nu leuwih agung tibatan allah-allah séjén,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
3 Haturkeun nuhun ka Gusti nu leuwih kawasa tibatan gusti-gusti séjén,
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
6 Anjeunna ngadegkeun bumi luhureun cai,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
7 Anjeunna ngadamel sumber-sumber caang nu gedé,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
8 Anjeunna ngadamel panonpoé keur nyaangan beurang,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
9 Anjeunna ngadamel bulan jeung béntang-béntang keur nyaangan peuting,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
10 Anjeunna maéhan anak-anak cikal di Mesir,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
11 Anjeunna nuyun urang Israél budal ti Mesir,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna,
12 Ku panangan-Na nu kuat+ jeung kakuatana-Na nu hébat,
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
13 Anjeunna meulah Laut Beureum,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
14 Anjeunna nuyun Israél meuntasan tengah-tengah éta laut,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
15 Anjeunna ngalelepkeun Firaun jeung pasukanna di Laut Beureum,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
16 Anjeunna mingpin umat-Na ngaliwatan tanah gurun,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
17 Anjeunna ngéléhkeun raja-raja nu perkasa,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
18 Anjeunna maéhan raja-raja nu karuat,
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
19 Maéhan Sihon+ raja urang Amori,
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
20 Maéhan Og+ raja Basyan,
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
21 Anjeunna mikeun nagri maranéhna jadi warisan keur umat-Na,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
22 Warisan keur Israél hamba-Na,
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
23 Anjeunna henteu mopohokeun waktu urang direndahkeun,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.+
24 Anjeunna terus nyalametkeun urang ti musuh-musuh,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
25 Anjeunna masihan dahareun ka sakabéh mahluk hirup,+
Sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.
26 Haturkeun nuhun ka Allah pangawasa sorga,