Jabur
137 Di sisi walungan-walungan Babilon, urang dariuk.
Pas nginget-nginget deui Zion, segruk urang careurik.
2 Di dinya* urang ngait-ngaitkeun harpa
Dina tangkal-tangkal poplar.
3 Ku jalma-jalma nu ngaboyong urang, urang dititah nyanyi.
Ku jalma-jalma nu moyokan, urang dititah nyenangkeun maranéhna, kieu cenah,
”Cik nyanyikeun lagu ngeunaan Zion, hiji mah.”
4 Kumaha urang bisa nyanyi kanggo Yéhuwa
Di nagri asing?
5 Yérusalém, lamun abdi mopohokeun anjeun,
Leungeun katuhu abdi sing teu bisa kukumaha deui.*
6 Lamun abdi teu inget ka anjeun,
Lamun abdi teu nganggap Yérusalém téh
Nu paling nyukakeun abdi,
Abdi sing jadi pireu.
7 Nun Yéhuwa, sing inget
Kana omongan urang Édom waktu Yérusalém diancurkeun, ceuk maranéhna,
”Runtuhkeun! Runtuhkeun nepi ka pondasina!”
8 Hé kota Babilon, anu sakeudeung deui bakal dibinasakeun,
Bagja jalma anu ngabales manéh,
Sakumaha manéh nindes urang.
9 Bagja jalma anu néwak anak-anak manéh
Tuluy dibeubeutkeun kana gawir cadas.