Jabur
Miktam* Daud.
16 Jaga abdi, nun Allah, sabab ka Gusti abdi nyalindung.
2 Abdi nyarios kieu ka Yéhuwa, ”Gusti téh Yéhuwa, hiji-hijina Sumber kahadéan keur abdi.
3 Jalma-jalma suci di bumi,
Nyaéta jalma-jalma nu mulya, mawa suka bungah ka abdi.”
4 Jalma-jalma nu ngalalayanan allah-allah séjén mah nambahan kasusahna sorangan.
Abdi moal bakal nyanggakeun getih pikeun jadi korban inuman keur allah-allah éta
Atawa nyebutkeun ngaran maranéhna ku biwir abdi.
5 Yéhuwa, kagaduh abdi mah mung Gusti. Gusti nu nyadiakeun sagala pangabutuh abdi sarta nu ngeusian gelas abdi ku berkah.
Warisan abdi dijaga ku Gusti.
6 Gusti tos netepkeun tempat-tempat nu éndah keur abdi.
Abdi puas ku warisan abdi.
7 Abdi bakal muji Yéhuwa nu tos mapatahan abdi.
Peuting-peuting, sanubari* téh ngingetan.
8 Abdi bakal terus neuteup Yéhuwa nu aya di payuneun abdi.
Abdi moal hariwang* lantaran Gusti aya di katuhueun abdi.
9 Ku kituna haté abdi bungah, abdi atoh pisan.
Hirup abdi tengtrem pisan.
10 Gusti moal ninggalkeun abdi di Kuburan.*
Hamba Gusti nu satia moal disina ningali liang kubur.*
11 Gusti nuduhkeun jalan nu brasna kana kahirupan.
Aya di payuneun Gusti, abdi gumbira pisan.
Aya di katuhueun Gusti, abdi bagja salamina.