Jabur
2 Ku naon bangsa-bangsa guligah
Sarta jalma-jalma haharéwosan ngomongkeun* hal nu teu guna?
2 Raja-raja di bumi siap-siap
Sarta para pajabat ngahiji*
Rék ngalawan Yéhuwa sarta jalma nu dilantik-Na.*
3 Ceuk maranéhna, ”Hayu urang pegatkeun ranté jeung tali
Nu dipaké ku maranéhna keur nalian urang!”
4 Tina tahta-Na di sorga, Anjeunna bakal nyeungseurikeun.
Yéhuwa bakal moyokan maranéhna.
5 Dina mangsa éta, Anjeunna bakal ngomong ka maranéhna bari ambek.
Maranéhna gé bakal sarieuneun lantaran amarah-Na nu ngagedur.
6 Ceuk Anjeunna, ”Kuring geus ngalantik raja
Di Zion, gunung Kuring nu suci.”
7 Abdi badé nguarkeun putusan Yéhuwa.
Ceuk Anjeunna ka abdi, ”Manéh téh putra Kuring.
Ayeuna Kuring jadi Bapa manéh.
8 Sok pénta ka Kuring, éta bangsa-bangsa bakal dibikeun jadi warisan manéh,
Sarta sakuliah bumi jadi milik manéh.
9 Manéh bakal ngancurkeun bangsa-bangsa maké tongkat beusi
Sarta ngaremukkeun maranéhna siga wadah tina taneuh liket.”
10 Ku sabab kitu, hé para raja, pék paké pangarti.
Hé para hakim di bumi, pék tarima naséhat.*
11 Sembah Yéhuwa ku rasa hormat*
Sarta ajénan Anjeunna bari gumbira.
12 Sing hormat ka* putra, supaya Allah* teu ambek
Sarta maranéh teu dimusnakeun,*
Sabab amarah-Na gancang ngagedur.
Bagja kabéh jalma nu nyalindung ka Anjeunna.