Jabur
Lagu karangan Daud, waktu manéhna kabur ti Absalom anakna.
3 Nun Yéhuwa, ku naon jadi seueur nu ngamusuh ka abdi?
Ku naon seueur nu ngalawan abdi?
2 Seueur nu nyarioskeun abdi,
”Allah moal nyalametkeun manéhna.” (Sela)*
3 Tapi nun Yéhuwa, Gusti téh taméng nu ngalindungan abdi.
Gusti nu masihan kamulyaan sarta kawani ka* abdi.
4 Abdi bakal sasambat ka Yéhuwa,
Ku Anjeunna bakal dijawab ti gunung-Na nu suci. (Sela)
5 Dug abdi ngagolér, reup saré.
Pas hudang, parasaan abdi téh reugreug
Lantaran Yéhuwa ngajaga abdi.
6 Abdi teu sieun ka puluhan rébu musuh
Nu ngepung abdi ti unggal juru.
7 Tulungan abdi, nun Yéhuwa! Salametkeun abdi, nun Allah abdi!
Teunggeul pipi kabéh musuh abdi,
Ancurkeun huntu jalma jahat.
8 Kasalametan téh asalna ti Yéhuwa.
Gusti ngaberkahan umat Gusti. (Sela)