Jabur
Jabur karangan Daud.
א [Alef]
2 Maranéhna bakal siga jujukutan nu gancang garing+
Sarta bakal siga jukut héjo nu gancang layu.
ב [Bet]
3 Sing percaya ka Yéhuwa sarta lampahkeun nu hadé.+
Pék cicing di ieu nagri,* sarta sing satia.+
4 Téangan kabagjaan* nu asalna ti Yéhuwa,
Ku kituna kahayang haté anjeun bakal dicumponan ku Anjeunna.
ג [Gimel]
5 Percayakeun hirup anjeun ka Yéhuwa.+
Andelkeun Anjeunna, tangtu ditulungan.+
6 Lalampahan anjeun nu bener bakal ngagebray lir cahaya pajar,
Sarta kaadilan anjeun bakal kawas panonpoé nu moncorong.
ד [Dalet]
7 Sing sabar ngadagoan Yéhuwa.+
Pék arep-arep naon nu bakal dilaksanakeun ku Anjeunna.
Ulah keuheul ka jalma
Anu bisa ngawujudkeun siasatna.+
ה [He]
8 Singkirkeun amarah jeung ulah panas haté.+
Ulah keuheul nepi ka ngalampahkeun nu jahat.*
ו [Waw]
10 Sakeudeung deui, jalma jahat moal bakal aya deui.+
Barang ditéang di tempatna,
Maranéhna geus areuweuh.+
11 Tapi jalma anu lemah lembut mah bakal ngamilik bumi.+
Maranéhna bakal kacida bagjana lantaran ngarasa tengtrem pisan.+
ז [Zayin]
12 Jalma jahat nyieun siasat pikeun ngalawan jalma bener,+
Huntuna tingkereket bakating ku ambek.
13 Tapi Yéhuwa bakal nyeungseurikeun maranéhna,
Lantaran Anjeunna terang maranéhna bakal binasa.+
ח [Het]
14 Jalma jahat nyabut pedangna jeung nyiapkeun busur panahna
Pikeun nyerang jalma nu ditindes jeung miskin,
Pikeun maéhan jalma nu hirupna bener.
15 Tapi pedang maranéhna bakal nembus kana jajantungna sorangan,+
Busur panahna bakal diparotongkeun.
ט [Tet]
16 Najan saeutik, milik jalma bener mah leuwih hadé
Tibatan kakayaan jalma jahat.+
17 Sabab kakuatan jalma jahat bakal diancurkeun,
Tapi jalma bener mah bakal didukung ku Yéhuwa.
י [Yod]
18 Yéhuwa terang naon nu keur kaalaman ku jalma nu teu salah.
Warisan maranéhna bakal tetep aya salilana.+
19 Maranéhna moal diéra-éra waktu keur susah.
Dina mangsa kalaparan, maranéhna bakal boga loba kadaharan.
כ [Kaf]
20 Tapi jalma jahat bakal musna.+
Musuh Yéhuwa bakal musna cara kaéndahan jujukutan di tegalan nu gancang leungit.
Maranéhna bakal leungit cara haseup.
ל [Lamed]
21 Jalma jahat mah mun nginjeum téh tara mulangkeun,
22 Jalma nu diberkahan ku Allah bakal ngamilik bumi,
Tapi jalma nu dikutuk ku Anjeunna bakal musna.+
מ [Mem]
נ [Nun]
25 Baheula abdi ngora, ayeuna geus kolot,
Tapi abdi teu pernah ningali jalma bener ditinggalkeun,+
26 Manéhna tara hésé mun méré nginjeum.+
Anak-anakna gé bakal diberkahan ku Allah.
ס [Samekh]
27 Jauhan nu goréng, lampahkeun nu hadé,+
Ku kituna manéh bakal hirup salilana di bumi.
28 Sabab Yéhuwa resep kana kaadilan,
Anjeunna moal bakal ninggalkeun hamba-hamba-Na nu satia.+
ע [Ayin]
29 Jalma bener bakal ngamilik bumi.+
Maranéhna bakal hirup di dinya salilana.+
פ [Pe]
31 Hukum Allah aya dina haténa.+
Waktu keur leumpang, manéhna moal bakal tisolédat.+
צ [Tsade]
32 Jalma jahat ngincer jalma bener,
Néangan jalan keur maéhan.
33 Tapi Yéhuwa moal ngantep jalma bener dipaéhan ku jalma jahat.+
Anjeunna moal nganggap manéhna salah waktu diadilan ku batur.+
ק [Qof]
34 Pék ngaharep ka Yéhuwa sarta tuturkeun jalan-Na.
Manéh bakal dipunjulkeun ku Anjeunna sarta bakal ngamilik bumi.
Manéh bakal nyaksian+ jalma jahat dibinasakeun.+
ר [Res]
35 Abdi ningali jalma nu kejem jeung jahat téh makmur
Kawas tangkal nu subur di taneuh aslina.+
36 Tapi ujug-ujug manéhna leungit, geus euweuh.+
Barang ditéang, manéhna teu kapanggih.+
ש [Syin]
37 Perhatikeun jalma nu teu salah,*
Tingali jalma bener,+
Lantaran manéhna bakal hirup tengtrem dina mangsa ka hareup.+
38 Tapi sakabéh jalma nu ngalanggar hukum bakal dimusnakeun.
Jalma jahat bakal disingkirkeun.+
ת [Taw]
39 Jalma bener disalametkeun ku Yéhuwa.+
Waktu maranéhna kasusahan, Anjeunna jadi bénténg keur maranéhna.+
40 Yéhuwa bakal nulungan jeung nyalametkeun maranéhna.+
Anjeunna bakal ngabébaskeun jeung ngaluputkeun maranéhna ti jalma jahat,
Lantaran maranéhna nyalindung ka Anjeunna.+