Jabur
Lagu karangan Daud, pikeun ngélingan jalma-jalma.
38 Nun Yéhuwa, ulah negor abdi bari ambek.
Ulah negor abdi bari nunjukkeun amarah.
2 Panah ti Gusti nanceb jero kana diri abdi.
Abdi digencét ku panangan Gusti.
3 Sakujur awak nyareri* lantaran amarah Gusti.
Abdi* teu tenang lantaran dosa sorangan.
4 Abdi titeuleum dina caah kasalahan sorangan.
Éta téh kawas beban beurat anu teu sanggup diangkat ku abdi.
5 Raheut-raheut abdi jadi bau jeung nanahan
Lantaran kabodoan sorangan.
6 Abdi guligah jeung nalangsa pisan.
Abdi sedih sapoé jeput.
7 Di jero awak téh asa diduruk ku seuneu,
Sakujur awak nyareri.
8 Abdi bener-bener remuk nepi ka teu bisa ngarasakeun nanaon.
Abdi ngajerit* lantaran haté nalangsa.
9 Nun Yéhuwa, Gusti terang sagala kahoyong abdi.
Gusti gé terang waktu abdi udah-aduh.
10 Jantung abdi dag-dig-dug, tanaga leungit,
Panon surem teu cahayaan.
11 Sobat jeung babaturan embung deukeut lantaran panyakit abdi.
Jalma-jalma nu deukeut jeung abdi pada ngajauhan.
12 Jalma nu ngincer nyawa abdi masang jiret.
Jalma nu hayang nyilakakeun abdi ngomong rék ngancurkeun abdi.
Sapanjang poé maranéhna nyieun siasat rék nipu abdi.
13 Tapi kawas jalma torék, abdi embung ngadéngé.
Kawas jalma pireu, abdi embung ngomong.
14 Abdi jadi kawas jalma nu teu bisa ngadéngé,
Kawas jalma nu teu bisa ngomong pikeun ngabantah.
15 Sabab abdi ngantosan pitulung Gusti, nun Yéhuwa,
Tuluy Gusti nulungan abdi, nun Yéhuwa Allah abdi.
16 Ceuk abdi, ”Mugia maranéhna teu ngékéak abdi
Atawa nyombongkeun diri waktu abdi tisolédat.”
17 Abdi geus téréh tigubrag
Jeung terus ngarasa nyeri.
18 Abdi ngakukeun kasalahan abdi.
Abdi susah ku dosa abdi.
19 Tapi musuh-musuh abdi téh kuat jeung perkasa.*
Jalma-jalma nu teu pupuguh ngéwa ka abdi téh beuki ngalobaan.
20 Maranéhna ngabales kahadéan abdi ku kajahatan.
Maranéhna ngamusuh ka abdi téh pédah abdi hayang terus ngalampahkeun nu hadé.
21 Nun Yéhuwa, ulah ninggalkeun abdi.
Nun Allah, ulah jauh-jauh ti abdi.
22 Énggal tulungan abdi,
Nun Yéhuwa, Jurusalamet abdi.