Jabur
Keur pamingpin musik: Pikeun diiring ku alat musik nu maké senar. Lagu karangan Daud.
4 Nun Allah anu tindakana-Na bener,+ jawab abdi waktu abdi sasambat.
Pasihan bongbolongan* waktu abdi keur kasusahan.
Sing karunya ka abdi, dangukeun doa abdi.
2 Hé manusa, rék nepi ka iraha maranéh ngarendahkeun abdi?
Rék nepi ka iraha maranéh resep ka nu euweuh gunana sarta néangan nu palsu? (Sela)
3 Inget, hamba-Na nu satia diistiméwakeun* ku Yéhuwa.
Yéhuwa bakal ngadangukeun waktu abdi sasambat.
4 Lamun keuheul, ulah nepi ka nyieun dosa.+
Naon waé nu rék diomongkeun, omongkeun wéh di jero haté, dina tempat saré manéh, sarta tetep wéh jempé. (Sela)
5 Béré kurban ku haté nu iklas,
Sarta sing percaya ka Yéhuwa.+
6 Loba nu ngomong, ”Saha nu bakal némbongkeun hal-hal nu aralus ka urang?”
Nun Yéhuwa, mugia Gusti némbongkeun kahadéan ka abdi sadaya.*+
7 Ku karana Gusti, abdi jadi leuwih bagja
Tibatan jalma anu panén loba sisikian jeung boga loba cianggur.
8 Abdi bakal ngagolér, reup saré tibra.+
Nun Yéhuwa, mung ku karana Gusti abdi ngarasa aman.+