Jabur
Keur pamingpin musik. Jabur karangan turunan Korah. Maké gaya Alamot.* Lagu.
46 Allah téh panyalindungan jeung kakuatan urang,
Nu siap nulungan dina mangsa kasusah.
2 Éta sababna urang moal bakal sieun sanajan bumi eundeur,
Sanajan gunung-gunung rugrug jeung tilelep ka dasar laut,
3 Sanajan laut motah jeung ngabudah,
Sarta gunung-gunung cadas oyag ku ombakna. (Sela)
4 Aya walungan nu aliran-aliranana ngabungahkeun kota Allah,
Tabernakel suci jeung agung milik Nu Maha Agung.
5 Allah aya di éta kota, matakna éta kota moal bisa ditalukkeun.
Allah bakal nulungan kota éta waktu panonpoé medal.
6 Bangsa-bangsa geunjleung, karajaan-karajaan digulingkeun.
Waktu sora Anjeunna ngagulugur, bumi oyag.
7 Yéhuwa pangawasa pasukan sorga nyarengan urang.
Allahna Yakub téh tempat nyalindung* nu aman keur urang. (Sela)
8 Hayu saksian naon nu dipidamel ku Yéhuwa,
Dadamelana-Na di bumi téh matak tajub.
9 Peperangan di sakuliah bumi dieureunkeun ku Anjeunna,
Busur panah dipingges-pinggeskeun sarta tumbak diancurkeun ku Anjeunna,
Karéta-karéta perang* diduruk ku Anjeunna.
10 ”Maranéh kudu nyerah, Kuring téh Allah.
Kuring bakal dipunjulkeun di antara bangsa-bangsa,
Kuring bakal dipunjulkeun di bumi.”
11 Yéhuwa pangawasa pasukan sorga nyarengan urang.
Allahna Yakub téh tempat nyalindung nu aman keur urang. (Sela)