Jabur
Keur pamingpin musik. Lagu. Jabur karangan turunan Korah.+
47 Sakabéh bangsa, geura kaleprok.
Puji Allah, pék sarurak gumbira.
2 Yéhuwa Nu Maha Agung téh matak tajub.+
Anjeunna Raja nu agung di sakuliah bumi.+
3 Ku Anjeunna, bangsa-bangsa disina tunduk ka urang.
Maranéhna disina taluk dina dampal suku urang.+
4 Anjeunna mangmilihkeun warisan keur urang,+
Nu diagulkeun ku Yakub, jalma nu dipikanyaah ku Anjeunna.+ (Sela)
5 Allah tos naék bari diiring ku surak gumbira.
Yéhuwa naék diiring ku sora tarompét tanduk.*
6 Pék nyaranyi* muji Allah, kawihkeun pupujian.
Pék nyaranyi muji Raja urang, kawihkeun pupujian.
7 Allah téh Raja sakuliah bumi.+
Pék kawihkeun pupujian sarta témbongkeun pangarti.
8 Allah tos jadi Raja keur bangsa-bangsa.+
Allah calik dina tahta-Na nu suci.
9 Para pamingpin bangsa-bangsa geus ngumpul ngahiji
Bareng jeung umat-Na Allah Ibrahim.
Para pangawasa* bumi téh milik Allah.
Anjeunna pangawasa nu pangluhurna.+