Jabur
Keur pamingpin musik. Jabur karangan turunan Korah. Lagu.
49 Hé sakabéh bangsa, déngékeun.
Hé sakabéh penduduk dunya,* perhatikeun,
2 Boh jalma biasa boh jalma penting,
Boh nu beunghar boh nu miskin.
3 Biwir abdi bakal ngucapkeun omongan nu bijaksana,
Sarta nu dilenyepan dina haté abdi bakal ngahasilkeun pangarti.
4 Abdi bakal mikirkeun paribasa.
Abdi bakal nerangkeun tatarucingan bari maén harpa.
5 Ku naon abdi kudu hariwang dina mangsa kasusah,
Waktu abdi dikurilingan ku jalma-jalma jahat nu rék nyingkirkeun abdi?
6 Jalma-jalma nu ngandelkeun kabeungharanana
Sarta nu ngagulkeun kakayaanana nu loba,
7 Euweuh saurang-urang acan nu bisa nebus sasamana
Atawa mayar panebus ka Allah demi sasamana,
8 (Harga tebusan keur nyawa maranéhna téh kacida luhurna,
Maranéhna moal bakal sanggup mayarna),
9 Supaya sasamana bisa hirup langgeng jeung luput tina liang kubur.
10 Kabéh jalma nyaho jalma nu bijaksana gé maot.
Jalma nu bodo jeung teu boga akal sarua musna.
Maranéhna kudu ninggalkeun hartana keur batur.
11 Kahayang maranéhna mah imahna téh aya terus salilana,
Pamatuhanana aya terus ti jaman ka jaman.
Tanahna téh dingaranan ku ngaran maranéhna.
12 Tapi manusa mah, najan dihormat gé, moal bakal terus hirup.
Manéhna bakal maot, teu béda ti sato.
13 Tah kitu cara hirup jalma bodo
Jeung jalma-jalma nu nuturkeunana, nu resep kana omong kosong maranéhna. (Sela)
14 Maranéhna bakal maot, kawas domba nu rék dipeuncit.
Maranéhna bakal diangon ku ajal.
Pas isuk-isuk, jalma bener bakal ngawasaan maranéhna.
Maranéhna bakal musna nepi ka euweuh tapakna.
Nu bakal jadi imahna téh Kuburan,* lain istana.
15 Tapi abdi mah bakal ditebus ku Allah tina genggeman Kuburan,*
Abdi bakal dijait* ku Anjeunna. (Sela)
16 Ulah hariwang lamun batur jadi beunghar,
Lamun imahna gé beuki megah,
17 Da ari geus maot mah hartana moal dibawa,
Kabeungharanana gé moal nuturkeun manéhna ka jero kubur.
18 Salila hirupna, manéhna sok ngagulkeun diri.
(Jalma-jalma pada muji lamun urang beunghar.)
19 Tapi, tungtungna manéhna bakal maot nyusul karuhunna.
Maranéhna moal ningali caang deui.
20 Jalma nu teu ngarti kana hal ieu, najan dihormat gé,
Manéhna bakal maot, teu béda ti sato.