Jabur
Lagu. Jabur karangan turunan Korah.+
48 Yéhuwa téh agung jeung layak dipuji
Di kota Allah urang, di gunung-Na nu suci.
2 Gunung Zion di tungtung kalér téh
Luhur jeung éndah sarta mawa kabagjaan ka sakuliah bumi.+
Éta téh kotana Raja Agung.+
3 Di munara-munara nu dibénténgan,
Allah geus nunjukkeun yén Anjeunna téh tempat nyalindung* nu aman.+
4 Ténjo! Raja-raja geus karumpul.*
Maranéhna maraju bareng.
5 Waktu ningali éta kota, maranéhna rareuwaseun.
Maranéhna lalumpatan sarieuneun.
6 Di dinya maranéhna ngadégdég kasieunan.
Maranéhna kasiksa kawas awéwé nu keur ngajuru.
7 Ku angin ti wétan, Gusti ngancurkeun kapal-kapal Tarsyis.
8 Urang geus ngadéngé naon nu dipidamel ku Allah, tapi ayeuna urang nénjo sorangan
Di kotana Allah urang, di kotana Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
Ieu kota ku Allah disina ajeg salalanggengna.+ (Sela)
9 Di bait Gusti,
Abdi sadaya ngémut-ngémut asih satia Gusti, nun Allah.+
10 Kawas nami Gusti, pujian kanggo Gusti gé
Tepi ka tungtung-tungtung bumi,+ nun Allah.
Panangan katuhu Gusti pinuh ku sagala nu bener.+
12 Pék leumpang ngurilingan Zion,
Itung munara-munarana.+
13 Perhatikeun témbok-témbokna nu kuat.+
Pariksa munara-munarana nu dibénténgan,
Supaya ku aranjeun engké éta bisa dicaritakeun ka turunan aranjeun.
14 Sabab ieu Allah téh Allah urang+ keur salalanggengna.