Jabur
Keur pamingpin musik. Maskil.* Jabur karangan Daud, waktu Doég urang Édom datang ka Saul tuluy ngabéjaan yén Daud datang ka imahna Ahimélékh.
52 Hé jalma nu perkasa, ku naon nyombongkeun kajahatan sorangan?
Teu nyaho kitu asih satia Allah téh terus aya sapapanjangna?
2 Létah manéh, nu seukeut kawas péso cukur,
Nipu jeung ngaréka-réka kajahatan.
3 Manéh leuwih resep kana kajahatan tibatan kana kahadéan,
Leuwih resep ngabohong tibatan ngomong bener. (Sela)
4 Létah manéh dipaké keur ngabohong!
Manéh resep nganyenyeri batur ku omongan.
5 Éta sababna manéh bakal diancurkeun ku Allah keur salilana.
Manéh bakal dibedol jeung diséréd ti kémah manéh.
Manéh bakal dirabut ti nagri jalma-jalma nu hirup. (Sela)
6 Jalma-jalma bener bakal nyaraksian, seug arolohok.
Maranéhna bakal nyaleungseurikeun manéh, pok ngaromong kieu,
7 ”Tah ieu jalma nu embung nyalindung ka Allah,*
Manéhna ngadon ngandelkeun kakayaanana nu loba
Sarta ngandelkeun rencana jahatna.”
8 Ari abdi mah bakal kawas tangkal zaitun nu subur di imah Allah.
Abdi percaya kana asih satia Allah salalanggengna.
9 Abdi bakal muji Gusti salamina lantaran naon nu tos dilampahkeun ku Gusti.
Di payuneun umat Gusti nu satia,
Abdi bakal ngaharep ka nami Gusti nu hadé.