Jabur
Lagu sedih nu dinyanyikeun ku Daud ka Yéhuwa ngeunaan ucapan Kus urang Bényamin.
7 Nun Yéhuwa Allah abdi, ka Gusti abdi nyalindung.+
Luputkeun abdi, salametkeun abdi ti kabéh nu nganiaya abdi.+
2 Lamun henteu, maranéhna bakal kawas singa nu nyasaak jeung ngagusur abdi.+
Engké teu aya nu nyalametkeun abdi.
3 Nun Yéhuwa Allah abdi, lamun abdi salah,
Lamun abdi teu adil,
4 Lamun abdi jahat ka jalma nu bageur ka abdi,+
Atawa lamun abdi teu pupuguh ngajarah musuh abdi,*
5 Keun baé abdi diudag-udag jeung ditéwak ku musuh.
Keun baé abdi ditincakan nepi ka maot
Tuluy diantep ngagolépak dina taneuh jadi hina. (Sela)
6 Tulungan abdi, nun Yéhuwa. Gedurkeun amarah Gusti.
Lawan musuh-musuh nu ngamuk ka abdi.+
Béla abdi, pasihan kaadilan ka abdi.+
7 Keun wéh bangsa-bangsa sina ngepung Gusti,
Da Gusti bakal nyerang maranéhna ti tempat nu luhur.
8 Yéhuwa bakal ngahakiman bangsa-bangsa.+
Nun Yéhuwa, waktu abdi diadilan ku Gusti, sing émut kana lalampahan abdi nu bener
Sarta hirup abdi nu bersih.+
9 Eureunkeun kagoréngan jalma jahat,
Tapi béla jalma nu bener,+
Lantaran Gusti téh Allah nu adil,+ nu nilik-nilik haté jeung batin.+
10 Allah téh taméng abdi,+ Jurusalamet keur jalma nu haténa bener.+
11 Allah téh Hakim nu adil,+
Nu ngumumkeun putusan hukum-Na unggal poé.
12 Lamun aya nu embung tobat,+ Anjeunna ngasah pedang-Na.+
Anjeunna nyiapkeun busur panah-Na pikeun manah sasaran.+
13 Anjeunna nyiapkeun senjata-senjata nu matih.
Panah-panah seuneu diarahkeun ku Anjeunna.+
14 Ténjo jalma nu ngararancang kajahatan.
Manéhna rék nyieun masalah sarta ngucapkeun bohong.+
15 Manéhna ngagali lombang nu jero,
Tapi nu tigebrus kana éta lombang nya manéhna sorangan.+
16 Masalah nu dijieun ku manéhna bakal malik ka dirina sorangan,+
Kakejeman nu dilampahkeunana bakal malik ka manéhna.
17 Abdi bakal ngamulyakeun Yéhuwa lantaran Anjeunna adil.+
Abdi bakal ngawihkeun pupujian* kanggo nami Yéhuwa+ Nu Maha Agung.+