Jabur
Maskil.* Jabur karangan Asaf.
74 Nun Allah, ku naon Gusti nolak abdi salamina?
Ku naon amarah Gusti ngagedur ka domba-domba nu diangon ku Gusti?
2 Sing émut ka umat nu dipilih ku Gusti dina jaman kapungkur,
Kaom nu ditebus ku Gusti pikeun jadi milik Gusti.
Sing émut ka Gunung Zion, panglinggihan Gusti.
3 Gusti, mangga tingali tempat nu tos diancurkeun salamina.
Musuh-musuh tos ngamusnakeun sagala nu aya di tempat suci.
4 Musuh-musuh Gusti sarurak di tempat ibadah milik Gusti.
Maranéhna nancebkeun bandéra-bandéra pikeun jadi tanda di dinya.
5 Maranéhna kawas jalma nu keur nuar tatangkalan di leuweung maké kampak.
6 Maranéhna ngancurkeun kabéh ukiran ku kampak jeung linggis.
7 Maranéhna ngaduruk tempat suci Gusti.
Maranéhna nganajisan tabernakel nu nyandang nami Gusti, ngancurkeun éta nepi ka rata jeung taneuh.
8 Maranéhna jeung turunanana ngomong kieu di jero haténa,
”Kabéh tempat ibadah ka Allah di nagri ieu téh kudu diduruk.”
9 Teu aya tanda-tanda nu bisa ditingali ku abdi sadaya,
Teu aya deui nabi-nabi,
Sarta teu aya nu terang kaayaan jiga kieu téh bakal dugi ka iraha.
10 Nun Allah, dugi ka iraha musuh terus moyokan?
Bakal salamina kitu nami Gusti dihina ku musuh?
11 Ku naon Gusti nahan panangan Gusti, panangan katuhu Gusti?
Angkat éta tina dada* Gusti sarta musnakeun maranéhna.
12 Ti baheula gé Allah téh Raja abdi,
Jurusalamet nu hébat di bumi.
13 Ku kakuatan Gusti, laut jadi motah.
Gusti ngaremukkeun hulu sato-sato raksasa di laut.
14 Gusti ngaremukkeun hulu-hulu Léwiatan.*
Éta dijadikeun dahareun keur jalma-jalma, keur nu caricing di gurun keusik.
15 Cinyusu-cinyusu sarta walungan-walungan ku Gusti disina ngalocor.
Gusti ngagaringkeun walungan-walungan nu teu pernah saat.
16 Beurang jeung peuting téh milik Gusti.
Gusti nyiptakeun cahaya sarta panonpoé.
17 Gusti netepkeun wates-wates bumi.
Gusti nyiptakeun usum* panas jeung usum tiris.
18 Nun Yéhuwa, sing émut kumaha musuh-musuh moyok ka Gusti.
Jalma-jalma bodo éta ngahina ka nami Gusti.
19 Nyawa manuk tikukur Gusti ulah diserahkeun ka sato galak.
Ulah salamina mopohokeun kahirupan umat Gusti nu sangsara.
20 Sing émut kana perjangjian Gusti jeung maranéhna,
Sabab tempat-tempat poék di bumi geus pinuh ku sayangna jalma jahat.
21 Mugia jalma nu ditindes teu dikuciwakeun.
Mugia jalma leutik jeung jalma miskin muji nami Gusti.
22 Énggal ngadeg, nun Allah, béla perkara Gusti.
Sing émut, jalma bodo ngahina Gusti sadinten jeput.
23 Ulah poho kana omongan musuh-musuh Gusti.
Gorowokna jalma-jalma nu ngalawan Gusti téh beuki tarik.