Jabur
Keur pamingpin musik: Pikeun diiring ku alat musik nu maké senar. Lagu karangan Asaf. Jabur.
76 Allah kasohor di Yéhuda,
Nami-Na kamashur di Israél.
2 Kémah-Na aya di Salém,
Sarta panglinggihana-Na aya di Zion.
3 Di dinya Anjeunna motongkeun panah-panah seuneu,
Taméng, pedang, sarta senjata-senjata perang. (Sela)
4 Gusti téh pohara caangna.*
Gusti langkung agung tibatan gunung-gunung tempat moro sato.
5 Jalma-jalma nu warani téh dijarah,
Maranéhna maraot.
Kabéh prajurit teu walakaya.
6 Para prajurit nu tarumpak karéta kuda sarta kuda-kudana paraéh
Lantaran disentak ku Gusti, nun Allahna Yakub.
7 Mung Gusti anu hébat pisan.
Saha nu bisa nagen nyanghareupan amarah Gusti?
8 Gusti ngumumkeun putusan hukum ti sorga.
Bumi ngeleper, jep jempling,
9 Waktu Allah ngahukum jalma-jalma jahat
Sarta nyalametkeun kabéh nu lemah lembut di bumi. (Sela)
10 Amarah manusa ngadatangkeun pujian kanggo Gusti.
Waktu maranéhna ambek kénéh, Gusti ngamulyakeun diri Gusti.
11 Pék jieun ikrar ka Yéhuwa Allah aranjeun tuluy tedunan kabéhanana.
Hé aranjeun nu aya di sakurilingeun Anjeunna, bikeun pangbakti ka Anjeunna ku rasa hormat.*
12 Para pamingpin nu aradigung bakal direndahkeun ku Anjeunna,
Raja-raja di bumi disina sarieuneun.