Jabur
Lagu karangan Asaf.
79 Nun Allah, bangsa-bangsa nyerang umat* Gusti.
Maranéhna nganajisan bait suci Gusti.
Yérusalém dijadikeun ruruntuhan.
2 Mayit hamba-hamba Gusti ku maranéhna diparabkeun ka manuk-manuk di langit,
Daging umat Gusti nu satia diparabkeun ka sato-sato galak di bumi.
3 Getih umat Gusti ku maranéhna dikucurkeun kawas cai di sakuliah Yérusalém.
Kabéhanana dipaéhan nepi ka euweuh nu nguburkeun maranéhna.
4 Ku bangsa-bangsa tatangga, abdi sadaya dipupuas.
Ku jalma-jalma di sakurilingeun, abdi sadaya disaleungseurikeun jeung dihina-hina.
5 Nun Yéhuwa, dugi ka iraha Gusti badé ambek? Salamina?
Dugi ka iraha amarah Gusti ngagedur kawas seuneu?
6 Tumplekkeun amarah Gusti ka bangsa-bangsa nu teu kenal ka Gusti
Sarta ka karajaan-karajaan nu teu sasambat ka nami Gusti,
7 Ku sabab maranéhna geus maéhan Yakub
Sarta ngaburak-barik nagrina.
8 Abdi sadaya ulah dihukum ku lantaran dosa karuhun.
Énggal témbongkeun piwelas Gusti,
Sabab abdi sadaya tos pegat harepan.
9 Nun Allah, Jurusalamet, tulungan abdi sadaya
Demi nami Gusti nu mulya.
Salametkeun abdi sadaya, hampura dosa-dosa abdi sadaya demi nami Gusti.
10 Ulah nepi ka bangsa-bangsa ngomong kieu, ”Cing, mana Allah maranéhna téh?”
Abdi sadaya hoyong nyaksian waktu bangsa-bangsa terang
Yén Gusti tos ngabales jalma-jalma nu maéhan hamba-hamba Gusti.
11 Mugia Gusti ngadangukeun jumeritna para tahanan.
Ku kawasa* Gusti nu kuat, salametkeun* jalma-jalma nu dihukum pati.
12 Nun Yéhuwa, bales bangsa-bangsa tatangga tujuh kalieun,
Sabab maranéhna tos ngahina Gusti.
13 Ku kituna abdi sadaya, umat Gusti sarta domba nu diangon ku Gusti,
Bakal ngucap sukur ka Gusti salamina.
Abdi sadaya bakal muji Gusti ti jaman ka jaman.