PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Budalan 14
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Budalan

      • Urang Israél nepi ka laut (1-4)

      • Firaun ngudag urang Israél (5-14)

      • Urang Israél meuntasan Laut Beureum (15-25)

      • Urang Mesir tilelep (26-28)

      • Urang Israél boga iman ka Yéhuwa (29-31)

Budalan 14:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 13:17, 18

Budalan 14:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 7:13; Rm 9:17, 18
  • +Bud 9:15, 16; 15:11; 18:10, 11; Yos 2:9, 10
  • +Bud 7:5; 8:22

Budalan 14:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 12:33

Budalan 14:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 14:23

Budalan 14:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 33:3

Budalan 14:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 15:9

Budalan 14:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yos 24:6, 7; Néh 9:9

Budalan 14:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 16:3; 17:3; Bil 14:2-4; Jab 106:7

Budalan 14:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 5:21; 6:6, 9

Budalan 14:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 14:9; Pam 20:3; 2Bab 20:15, 17; Jab 27:1; 46:1; Yés 41:10
  • +2Bab 20:17
  • +Bud 14:30; 15:5; Jab 136:15

Budalan 14:14

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 1:30; 20:4; 2Bab 20:29

Budalan 14:17

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 9:15, 16

Budalan 14:18

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 14:4; Rm 9:17, 18

Budalan 14:19

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Tihang awan”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 48:16; Bud 32:34; Bil 20:16; Yud 9
  • +Bud 13:21

Budalan 14:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yos 24:6, 7
  • +Jab 105:39

Budalan 14:21

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 14:16; Kis 7:36
  • +Néh 9:10, 11; Jab 78:13; 136:13; Yés 63:12
  • +Yos 2:9, 10; Jab 66:6; 106:9; 114:3

Budalan 14:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Kor 10:1; Ibr 11:29
  • +Bud 15:8

Budalan 14:23

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 14:17

Budalan 14:24

Catetan Handap

  • *

    As. ”Waktu giliran jaga isuk”, kira-kira jam 2 nepi ka 6 isuk.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 13:21

Budalan 14:25

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 14:4

Budalan 14:27

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 15:1, 4

Budalan 14:28

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 15:5, 10; Pam 11:3, 4; Yos 24:6, 7; Néh 9:10, 11; Jab 78:53; Ibr 11:29
  • +Bud 14:13; Jab 106:11; 136:15

Budalan 14:29

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 77:19
  • +Bud 15:8

Budalan 14:30

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 4:20; Jab 106:8-11

Budalan 14:31

Catetan Handap

  • *

    As. ”sieun”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 4:31; 19:9; Jab 106:12

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Bud. 14:2Bud 13:17, 18
Bud. 14:4Bud 7:13; Rm 9:17, 18
Bud. 14:4Bud 9:15, 16; 15:11; 18:10, 11; Yos 2:9, 10
Bud. 14:4Bud 7:5; 8:22
Bud. 14:5Bud 12:33
Bud. 14:6Bud 14:23
Bud. 14:8Bil 33:3
Bud. 14:9Bud 15:9
Bud. 14:10Yos 24:6, 7; Néh 9:9
Bud. 14:11Bud 16:3; 17:3; Bil 14:2-4; Jab 106:7
Bud. 14:12Bud 5:21; 6:6, 9
Bud. 14:13Bil 14:9; Pam 20:3; 2Bab 20:15, 17; Jab 27:1; 46:1; Yés 41:10
Bud. 14:132Bab 20:17
Bud. 14:13Bud 14:30; 15:5; Jab 136:15
Bud. 14:14Pam 1:30; 20:4; 2Bab 20:29
Bud. 14:17Bud 9:15, 16
Bud. 14:18Bud 14:4; Rm 9:17, 18
Bud. 14:19Kaj 48:16; Bud 32:34; Bil 20:16; Yud 9
Bud. 14:19Bud 13:21
Bud. 14:20Yos 24:6, 7
Bud. 14:20Jab 105:39
Bud. 14:21Bud 14:16; Kis 7:36
Bud. 14:21Néh 9:10, 11; Jab 78:13; 136:13; Yés 63:12
Bud. 14:21Yos 2:9, 10; Jab 66:6; 106:9; 114:3
Bud. 14:221Kor 10:1; Ibr 11:29
Bud. 14:22Bud 15:8
Bud. 14:23Bud 14:17
Bud. 14:24Bud 13:21
Bud. 14:25Bud 14:4
Bud. 14:27Bud 15:1, 4
Bud. 14:28Bud 15:5, 10; Pam 11:3, 4; Yos 24:6, 7; Néh 9:10, 11; Jab 78:53; Ibr 11:29
Bud. 14:28Bud 14:13; Jab 106:11; 136:15
Bud. 14:29Jab 77:19
Bud. 14:29Bud 15:8
Bud. 14:30Pam 4:20; Jab 106:8-11
Bud. 14:31Bud 4:31; 19:9; Jab 106:12
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Budalan 14:1-31

Budalan

14 Geus kitu Yéhuwa nyarios ka Musa, 2 ”Paréntahkeun urang Israél sina muter balik tuluy masang kémah hareupeun Pihahirot, di antara Migdol jeung laut. Kémahna kudu dipasang di sisi laut, nyanghareup ka Baal-zéfon.+ 3 Engké Firaun bakal nyangka, ’Urang Israél téh kasasar. Maranéhna moal bisa kaluar ti tanah gurun.’ 4 Firaun ku Kuring rék diantep sina bedegong.+ Manéhna bakal ngudag urang Israél. Tapi Kuring bakal ngéléhkeun Firaun jeung kabéh pasukanna.+ Ku kituna, Kuring bakal dimulyakeun. Urang Mesir gé pasti bakal nyaho saha sabenerna Yéhuwa téh.”+ Éta paréntah dijalankeun ku urang Israél.

5 Ka dieunakeun, raja Mesir meunang laporan yén urang Israél geus arindit. Firaun jeung para bawahanana ngadadak rarobah pikiran.+ Ceuk maranéhna, ”Naha urang téh bet kieu? Naha urang Israél dibébaskeun tina pangbudakan?” 6 Jadi Firaun nyiapkeun karéta-karéta perangna jeung mawa pasukanna.+ 7 Manéhna mawa 600 karéta perang nu pangalusna sarta sakabéh karéta perang nu aya di Mesir. Masing-masing karétana ditumpakan ku para prajuritna. 8 Firaun ku Yéhuwa diantep sina bedegong. Manéhna ngudag urang Israél nu geus unggul jeung bisa budal ti Mesir.+ 9 Urang Mesir ngudag maranéhna.+ Kabéh karéta kuda, pasukan kuda, jeung prajuritna Firaun beuki deukeut ka pakémahan urang Israél nu aya di sisi laut deukeut Pihahirot, nyanghareup ka Baal-zéfon.

10 Waktu urang Israél ningali Firaun jeung pasukanna beuki deukeut, maranéhna sarieuneun jeung tingjarerit ménta tulung ka Yéhuwa.+ 11 Maranéhna ngaromong ka Musa, ”Ku naon manéh téh bet mawa urang budal ti Mesir? Ngarah urang paraéh di tanah gurun?+ Mémangna di Mesir geus euweuh kuburan? 12 Pan basa di Mesir téh urang geus ngabéjaan, ’Geus lah, ulah pipilueun. Keun baé urang diperbudak ku urang Mesir gé.’ Mending kénéh diperbudak ku urang Mesir tibatan paéh di tanah gurun mah.”+ 13 Tuluy Musa ngomong ka maranéhna, ”Tong sarieun,+ sing taleger. Tingali wéh, Yéhuwa bakal nyalametkeun maranéh poé ieu.+ Urang Mesir nu ditingali ku maranéh poé ieu moal bakal katingali deui.+ 14 Yéhuwa nu bakal perang keur maranéh.+ Maranéh mah teu kudu kukumaha, ngan ukur cicing wéh.”

15 Saur Yéhuwa ka Musa, ”Ku naon manéh teterusan ménta tulung? Paréntahkeun urang Israél sina neruskeun perjalanan. 16 Sok acungkeun iteuk manéh, arahkeun ka laut. Cai lautna bakal beulah, jadi urang Israél bisa meuntasan laut di taneuh nu garing. 17 Urang Mesir ku Kuring bakal disina bedegong, jadi maranéhna bakal terus ngudag urang Israél. Tapi Kuring bakal ngéléhkeun Firaun, kabéh prajuritna, karéta perangna, jeung pasukan kudana. Ku kituna, Kuring bakal dimulyakeun.+ 18 Geus kitu, urang Mesir pasti bakal nyaho saha sabenerna Yéhuwa téh. Kuring bakal dimulyakeun waktu ngéléhkeun Firaun, karéta perangna, jeung pasukan kudana.”+

19 Geus kitu, malaikat ti Allah nu sajati,+ nu tadina aya di hareupeun urang Israél, pindah ka tukangeun maranéhna. Tihang méga,* nu tadina aya di hareupeun maranéhna gé, pindah ka tukangeun maranéhna.+ 20 Jadi tihang méga éta aya di antara urang Mesir jeung urang Israél.+ Tihang méga nyaangan urang Israél peuting éta,+ ari ka urang Mesir mah matak poék. Jadi, sapeuting jeput urang Mesir teu bisa ngadeukeutan urang Israél.

21 Musa ngarahkeun iteukna ka laut.+ Hiuk Yéhuwa ngadatangkeun angin gedé ti wétan. Angin terus ngagelebug sapeupeuting nepi ka cai lautna beulah dua,+ dasar lautna gé jadi garing.+ 22 Jadi, urang Israél bisa meuntas di dasar laut nu geus garing.+ Di kénca katuhueunana, cai ngadingding.+ 23 Urang Mesir terus ngudag maranéhna. Sakabéh karéta perang Firaun jeung pasukan kudana ngudag maranéhna nepi ka tengah laut.+ 24 Waktu subuh-subuh,* Yéhuwa ningali pasukan Mesir tina tihang seuneu jeung méga.+ Seug pasukan Mesir téh ku Anjeunna dikacowkeun. 25 Ku Anjeunna roda-roda karétana disina caroplok, jadi maranéhna teu bisa maju. Ceuk urang Mesir, ”Gancang mundur! Ulah ngudag deui urang Israél, sabab urang dilawan ku Yéhuwa. Anjeunna nu perang keur maranéhna.”+

26 Tuluy Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Arahkeun iteuk manéh ka laut. Engké caina bakal ngalingkup deui, ngarungkup urang Mesir, karéta perangna, jeung pasukan kudana.” 27 Musa langsung ngarahkeun iteukna ka laut. Waktu téréh isuk, cai lautna balik deui sakumaha biasana. Urang Mesir rék kalabur, tapi ku Yéhuwa diséréd ka tengah laut.+ 28 Cai laut nu liput deui ngalelepkeun karéta perang, pasukan kuda, jeung sakabéh prajurit Firaun nu ngudag urang Israél ka laut.+ Euweuh saurang-urang acan nu salamet.+

29 Ari urang Israél mah leumpang di dasar laut anu garing.+ Di kénca katuhueunana, cai ngadingding.+ 30 Kitu cara Yéhuwa nyalametkeun urang Israél ti urang Mesir dina poé éta.+ Maranéhna ningali mayit-mayit urang Mesir di basisir. 31 Urang Israél nyaksian Yéhuwa ngagunakeun kawasa-Na nu gedé pikeun ngéléhkeun urang Mesir. Urang Israél jadi hormat* ka Yéhuwa sarta boga iman ka Yéhuwa jeung ka Musa hamba-Na.+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun