Budalan
13 Terus Yéhuwa ngomong ka Musa, 2 ”Sucikeun* unggal anak cikal lalaki urang Israél keur Kuring. Anak cikal lalaki urang Israél téh milik Kuring, kitu ogé jeung anak cikal jalu sasatoan.”
3 Terus Musa ngomong ka urang Israél, ”Sing inget, poé ieu maranéh geus budal ti Mesir, tempat maranéh diperbudak. Maranéh bisa budal téh ku lantaran panangan Yéhuwa nu kuat. Jadi maranéh teu meunang ngadahar naon waé nu maké ragi. 4 Poé ieu dina bulan Abib,* maranéh dibawa budal ti Mesir. 5 Allah geus sumpah ka karuhun maranéh rék méré tanah nu loba susu jeung maduna ka maranéh, nyaéta tanah urang Kanaan, urang Hét, urang Amori, urang Héwi, jeung urang Yébus. Lamun Yéhuwa geus mawa maranéh asup ka tanah éta, maranéh kudu terus ngarayakeunana unggal taun dina bulan Abib. 6 Salila tujuh poé, maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian. Dina poé nu katujuh, maranéh kudu ngayakeun perayaan keur Yéhuwa. 7 Maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian tujuh poé lilana. Di sakuliah wilayah maranéh, teu meunang aya adonan nu diragian atawa naon waé nu diragian. 8 Dina poé éta, maranéh kudu méré nyaho anak-anak maranéh, ’Urang ngarayakeun ieu téh supaya inget kana tindakan Yéhuwa waktu urang kabéh budal ti Mesir.’ 9 Panangan Yéhuwa nu kuat geus mawa maranéh budal ti Mesir. Perayaan ieu bakal ngingetkeun maranéh kana kajadian éta, lir tanda nu ditulis dina leungeun jeung tarang maranéh. Ku kituna, maranéh bakal terus nyaritakeun hukum Yéhuwa. 10 Unggal taunna, maranéh kudu ngajalankeun aturan ieu dina waktu nu geus ditetepkeun.
11 ”Maranéh ku Yéhuwa rék dibéré tanah Kanaan, sakumaha sumpah-Na ka karuhun maranéh jeung ka maranéh. Lamun Anjeunna geus mawa maranéh ka tanah éta, 12 maranéh kudu ngabaktikeun unggal anak cikal lalaki ka Yéhuwa, kitu ogé jeung anak cikal jalu sasatoan. Kabéhanana téh milik Yéhuwa. 13 Unggal anak cikal kaldé kudu ditebus ku domba. Mun teu ditebus, beuheungna kudu dipalitekkeun nepi ka potong. Unggal anak cikal lalaki maranéh gé kudu ditebus.
14 ”Lamun engké anak maranéh nanya, ’Ku naon kudu ngarayakeun ieu?’ Maranéh kudu ngajawab kieu, ’Ku panangan Yéhuwa nu kuat urang dibawa budal ti Mesir, tempat urang diperbudak. 15 Waktu Firaun keukeuh teu ngidinan urang indit, Yéhuwa maéhan sakabéh anak cikal di Mesir, boh jelema boh sato. Éta sababna urang ngorbankeun sakabéh anak cikal jalu sasatoan ka Yéhuwa sarta nebus unggal anak cikal lalaki urang.’ 16 Perayaan ieu lir tanda dina leungeun jeung tarang maranéh. Ku kituna, maranéh moal poho yén panangan Yéhuwa nu kuat geus mawa urang budal ti Mesir.”
17 Sanggeus urang Israél diidinan indit ku Firaun, Allah teu mawa maranéhna ngaliwatan tanah urang Filistin sanajan jarakna leuwih deukeut. Sabab ceuk Allah, ”Bisi maranéhna rarobah pikiran jeung hayang baralik deui ka Mesir lamun nyarahoeun maranéhna kudu perang.” 18 Jadi urang Israél ku Allah dibawa muter, mapay tanah gurun di deukeut Laut Beureum. Waktu budal ti Mesir, urang Israél diatur supaya budalna kawas hiji pasukan. 19 Musa ogé mawa tulang-taléngna Yusuf, sabab Yusuf geus ngomong ka turunan Israél, ”Allah pasti nulungan maranéh. Sok sumpah, maranéh kudu mawa tulang-taléng urang kaluar ti ieu nagri.” 20 Maranéhna indit ti Sukot, tuluy masang kémah di Étham, di sisi tanah gurun.
21 Yéhuwa aya di hareupeun maranéhna. Waktu beurang, Anjeunna nungtun maranéhna ku tihang awan. Waktu peuting, Anjeunna nyaangan maranéhna ku tihang seuneu. Ku kituna, boh beurang boh peuting maranéhna bisa neruskeun perjalanan. 22 Waktu beurang, tihang awan bakal terus aya di hareupeun maranéhna. Waktu peuting, tihang seuneu gé bakal terus aya di hareupeun maranéhna.