PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Budalan 18
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Budalan

      • Yitro jeung Zipora datang (1-12)

      • Yitro méré saran pikeun ngangkat para hakim (13-27)

Budalan 18:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 2:16, 21; 3:1
  • +Yos 2:9, 10; 9:3, 9

Budalan 18:3

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Urang Asing di Dinya”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kis 7:29
  • +Bud 2:22

Budalan 18:4

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Allah téh Panulung”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 2:15

Budalan 18:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 19:2; 1Raj 19:8, 9

Budalan 18:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 4:18; Bil 10:29

Budalan 18:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 7:3; 14:27, 28; Pam 4:34
  • +Bud 15:22; 16:3

Budalan 18:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 15:11; Jab 95:3; 97:9

Budalan 18:16

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 4:5; 5:1

Budalan 18:19

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yos 1:5, 17
  • +Bud 20:19
  • +Bil 27:1-5

Budalan 18:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 7:11

Budalan 18:21

Catetan Handap

  • *

    As. ”sieun”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 11:16, 17; Pam 1:13; Kis 6:3
  • +Bud 23:8; 1Tim 3:2, 3; Tit 1:7; 1Pét 5:2
  • +Pam 1:15; Kis 14:23

Budalan 18:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 24:10, 11; Bil 15:32, 33; Pam 1:17
  • +Bil 11:17

Budalan 18:26

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kis 15:2

Budalan 18:27

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 10:29

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Bud. 18:1Bud 2:16, 21; 3:1
Bud. 18:1Yos 2:9, 10; 9:3, 9
Bud. 18:3Kis 7:29
Bud. 18:3Bud 2:22
Bud. 18:4Bud 2:15
Bud. 18:5Bud 19:2; 1Raj 19:8, 9
Bud. 18:6Bud 4:18; Bil 10:29
Bud. 18:8Bud 7:3; 14:27, 28; Pam 4:34
Bud. 18:8Bud 15:22; 16:3
Bud. 18:11Bud 15:11; Jab 95:3; 97:9
Bud. 18:16Pam 4:5; 5:1
Bud. 18:19Yos 1:5, 17
Bud. 18:19Bud 20:19
Bud. 18:19Bil 27:1-5
Bud. 18:20Pam 7:11
Bud. 18:21Bil 11:16, 17; Pam 1:13; Kis 6:3
Bud. 18:21Bud 23:8; 1Tim 3:2, 3; Tit 1:7; 1Pét 5:2
Bud. 18:21Pam 1:15; Kis 14:23
Bud. 18:22Ima 24:10, 11; Bil 15:32, 33; Pam 1:17
Bud. 18:22Bil 11:17
Bud. 18:26Kis 15:2
Bud. 18:27Bil 10:29
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Budalan 18:1-27

Budalan

18 Yitro imam Midian, mitohana Musa,+ ngadéngé naon nu dilampahkeun ku Yéhuwa keur Musa jeung keur Israél umat-Na waktu Anjeunna mawa urang Israél budal ti Mesir.+ 2 Saacanna, Musa nitah Zipora pamajikanana sina balik ka Yitro mitohana Musa. Jadi Yitro ngurus Zipora 3 jeung dua anak lalakina Zipora.+ Nu hiji dingaranan Gérsyom,*+ lantaran ceuk Musa, ”Kuring jadi urang asing di ieu tanah,” 4 nu hiji deui dingaranan Éliézér,* lantaran ceuk manéhna, ”Allahna bapa kuring téh panulung kuring, nu nyalametkeun kuring ti pedangna Firaun.”+

5 Jadi, Yitro mitohana Musa bareng jeung anak-anak sarta pamajikan Musa daratang ka kémahna Musa di tanah gurun, nyaéta di gunung nu dipilih ku Allah nu sajati.+ 6 Tuluy, Yitro+ ngirim pesen ka Musa yén manéhna bakal datang bareng jeung pamajikan sarta dua anak lalaki Musa. 7 Musa langsung indit manggihan mitohana. Bruk manéhna sujud sarta nyium mitohana. Musa nanyakeun kumaha kabar mitohana, mitohana gé nanyakeun kumaha kabar Musa. Sanggeus kitu maranéhna asup ka kémah.

8 Musa nyaritakeun ka mitohana sagala nu dilampahkeun ku Yéhuwa ka Firaun jeung ka urang Mesir demi urang Israél.+ Musa gé nyaritakeun sagala kasusah nu disanghareupan ku maranéhna salila perjalanan+ sarta kumaha Yéhuwa nulungan maranéhna. 9 Yitro milu bungah waktu ngadéngé hal-hal hadé nu dilampahkeun ku Yéhuwa pikeun nyalametkeun urang Israél ti Mesir. 10 Tuluy Yitro ngomong, ”Puji Yéhuwa, nu geus nyalametkeun maranéh ti Mesir jeung ti Firaun, sarta nu geus nyalametkeun maranéh nu diperbudak di Mesir. 11 Ayeuna Bapa nyaho Yéhuwa téh leuwih hébat tibatan allah-allah séjén,+ lantaran Anjeunna ngalindungan umat-Na ti urang Mesir nu sombong jeung kejem.” 12 Geus kitu, Yitro mitohana Musa mawa kurban beuleuman jeung kurban séjénna keur Allah. Tuluy Harun jeung sakabéh kokolot Israél daratang pikeun dahar bareng jeung mitohana Musa hareupeun Allah nu sajati.

13 Isukna, kawas biasa, Musa diuk pikeun jadi hakim keur urang Israél. Jalma-jalma daratang ka Musa ti isuk nepi ka peuting. 14 Waktu mitohana ningali naon nu dilampahkeun ku Musa, mitohana ngomong, ”Naha bet kieu? Jalma-jalma téh daratang ti isuk nepi ka peuting, tapi ku naon ngan manéh sorangan nu ngurus ieu kabéh?” 15 Musa ngomong ka mitohana, ”Jalma-jalma daratang ka abdi téh lantaran harayangeun ménta pituduh ti Allah. 16 Lamun aya masalah di antara dua jalma, maranéhna bakal datang ka abdi, ku abdi kudu dihakiman. Terus, abdi kudu méré nyaho putusan ti Allah nu sajati sarta hukum-Na.”+

17 Mitohana Musa ngomong ka manéhna, ”Teu alus mun teterusan siga kieu. 18 Manéh jeung jalma-jalma nu daratang ka manéh bakal capé. Ieu tugas téh beurat pisan. Mun ditanggung ku sorangan, manéh moal sanggup. 19 Ayeuna déngékeun Bapa. Bapa rék méré naséhat, sarta Allah bakal ngaberkahan manéh.+ Manéh téh kudu ngawakilan urang Israél ngomong ka Allah nu sajati.+ Masalah maranéhna ku manéh kudu ditepikeun ka Allah nu sajati.+ 20 Manéh kudu méré nyaho aturan jeung hukum Allah ka maranéhna.+ Manéh gé kudu méré nyaho cara hirup nu bener jeung hal-hal nu kudu dilampahkeun ku maranéhna. 21 Tapi, ayeuna sok pilih lalaki-lalaki anu tarampil,+ hormat* ka Allah, bisa dipercaya, jeung tara néang kauntungan ku cara nu teu jujur.+ Lantik maranéhna pikeun jadi pamingpin nu ngapalaan 1.000 urang, pamingpin nu ngapalaan 100 urang, pamingpin nu ngapalaan 50 urang, jeung pamingpin nu ngapalaan 10 urang.+ 22 Maranéhna kudu ngahakiman jalma-jalma nu boga masalah. Lamun masalahna gedé pisan, éta masalah kudu dibawa ka manéh.+ Tapi, masalah nu laleutik mah bakal diputuskeun ku maranéhna sorangan. Sok bagi-bagi tanggung jawab téh ngarah manéh teu ngarasa beurat teuing.+ 23 Lamun ieu dilaksanakeun sarta lamun ieu sajalan jeung paréntah Allah, manéh moal ripuh teuing. Kabéh jalma bakal baralik ka imahna bari ngarasa puas.”

24 Musa ngadéngékeun naséhat mitohana, tuluy éta langsung dilampahkeun. 25 Musa milih lalaki-lalaki anu tarampil di sakuliah Israél sarta ngalantik maranéhna pikeun jadi pamingpin urang Israél, nyaéta pamingpin nu ngapalaan 1.000 urang, pamingpin nu ngapalaan 100 urang, pamingpin nu ngapalaan 50 urang, jeung pamingpin nu ngapalaan 10 urang. 26 Maranéhna ngahakiman jalma-jalma waktu aya masalah. Masalah nu gedé pisan bakal dibawa ka Musa,+ tapi nu laleutik mah bakal dihakiman ku maranéhna. 27 Sanggeus kitu, Musa nganteur mitohana ka luar,+ tuluy mitohana balik ka nagrina.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun