Budalan
19 Dina bulan nu katilu sanggeus urang Israél budal ti Mesir, maranéhna nepi ka Tanah Gurun Sinai. 2 Maranéhna indit ti Réfidim tuluy nepi di Tanah Gurun Sinai dina poé éta kénéh. Di dinya, maranéhna masang kémah di hareupeun gunung.
3 Geus kitu, Musa naék ka gunung pikeun ngadep ka Allah nu bener. Di dinya, Yéhuwa ngomong, ”Ieu nu kudu dibéjakeun ka turunan Yakub, nyaéta urang Israél, 4 ’Maranéh geus nempo sorangan naon nu dilampahkeun ku Kuring ka urang Mesir supaya bisa mawa maranéh kawas heulang mawa anakna dina jangjangna. 5 Lamun maranéh bener-bener nuturkeun kekecapan Kuring sarta ngajalankeun perjangjian Kuring jeung maranéh, maranéh bakal jadi milik Kuring nu istiméwa,* nu dipilih ti antara sakabéh bangsa, sabab sakuliah bumi milik Kuring. 6 Maranéh bakal jadi karajaan nu dipingpin ku para imam sarta jadi bangsa nu suci milik Kuring.’ Éta nu kudu dibéjakeun ka urang Israél.”
7 Geus kitu, Musa turun ti gunung sarta ngumpulkeun para pamingpin éta bangsa. Sakabéh kekecapan Yéhuwa ku Musa dibéjakeun ka maranéhna. 8 Sakumna éta bangsa satujueun. Ceuk maranéhna, ”Abdi sadaya badé ngalampahkeun sagala nu diucapkeun ku Yéhuwa.” Musa langsung nepikeun jawaban éta bangsa ka Yéhuwa. 9 Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Kuring bakal datang ka manéh dina awan hideung, supaya éta bangsa bisa ngadéngé waktu Kuring ngomong jeung manéh sarta supaya éta bangsa terus percaya ka manéh.” Tuluy Musa langsung nepikeun jawaban éta bangsa ka Yéhuwa.
10 Terus Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Béjaan éta bangsa sina nyucikeun diri poé ieu jeung isukan, bajuna gé kudu diseuseuh. 11 Dina poé nu katilu, maranéhna kudu geus siap. Lantaran dina poé éta, Kuring, Yéhuwa, bakal turun ka Gunung Sinai di hareupeun sakumna bangsa éta. 12 Manéh kudu nyieun wates di sakurilingeun gunung ieu, tuluy béjaan éta bangsa, ’Omat ulah naék ka gunung ieu atawa ngaliwatan watesna. Saha waé nu nincak gunung ieu kudu dipaéhan. 13 Dipaéhanana teu meunang dicabak, kudu dibalédogan ku batu atawa dipanah. Boh manusa boh sato kudu dipaéhan.’ Tapi waktu kadéngé sora tarompét tanduk,* maranéhna meunang naék ka gunung.”
14 Geus kitu, Musa turun ti gunung pikeun manggihan éta bangsa. Musa nitah maranéhna nyucikeun diri sarta nyeuseuh baju maranéhna. 15 Musa ngomong ka éta bangsa, ”Maranéh kudu siap-siap keur pagéto. Ulah aya nu ngalakukeun hubungan séks.”
16 Pagétona isuk-isuk, di luhureun gunung, guludug tinggulugur, kilat tingjorélat. Di dinya katingali aya awan nu kandel sarta kadéngé sora tarompét tanduk nu tarik pisan. Jalma-jalma di pakémahan kacida sarieuneunana. 17 Musa ngajak éta bangsa kaluar ti pakémahan pikeun ngadep ka Allah nu bener. Maranéhna narangtung di suku gunung. 18 Gunung Sinai kabulen ku haseup lantaran Yéhuwa turun ka dinya dina seuneu. Haseupna ngebul kawas haseup nu bijil tina pameuleuman. Gunung éta eundeur kacida tarikna. 19 Sora tarompét tanduk beuki lila beuki tarik. Tuluy Musa ngomong, seug dijawab ku Allah nu bener.
20 Yéhuwa turun ka puncak Gunung Sinai. Tuluy Yéhuwa ngageroan Musa sina naék ka puncak gunung, seug Musa naék. 21 Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Geura turun sarta élingan éta bangsa supaya henteu norobos wates pédah hayang ningali Kuring, Yéhuwa. Lamun ngalanggar, loba nu bakal paéh. 22 Para imam* nu biasa ngalalayanan Kuring, Yéhuwa, kudu nyucikeun diri ngarah teu dihukum ku Kuring, Yéhuwa.” 23 Geus kitu Musa ngomong ka Yéhuwa, ”Ieu bangsa moal tiasa naék ka Gunung Sinai lantaran tos diélingan kieu ku Gusti, ’Jieun wates di sakurilingeun gunung ieu. Ieu gunung kudu dianggap suci.’” 24 Yéhuwa ngomong deui ka Musa, ”Sok turun, tuluy naék deui bareng jeung Harun. Tapi para imam* jeung éta bangsa teu meunang norobos wates pikeun ngadep ka Kuring, Yéhuwa, supaya maranéhna teu dihukum.” 25 Jadi, Musa turun tuluy ngabéjakeun ka éta bangsa naon nu diucapkeun ku Allah.