PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Budalan 24
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Budalan

      • Jalma-jalma satuju ngajalankeun perjangjian (1-11)

      • Musa di Gunung Sinai (12-18)

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Budalan 24:1-18

Budalan

24 Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Manéh, Harun, Nadab, Abihu, jeung 70 pamingpin Israél kudu naék ka gunung. Maranéh kudu sujud ka Kuring ti kajauhan. 2 Ngan manéh nu meunang ngadep ka Kuring, Yéhuwa, nu séjénna mah teu meunang. Urang Israél séjénna teu meunang milu naék.”

3 Tuluy Musa nepikeun sakabéh ucapan Yéhuwa sarta sakabéh putusan hukum-Na ka éta bangsa. Éta bangsa satujueun jeung ngajawab, ”Abdi sadaya bakal ngalampahkeun sagala ucapan Yéhuwa.” 4 Jadi Musa nyatet sakabéh ucapan Yéhuwa. Manéhna hudang isuk-isuk, tuluy nyieun mézbah di suku gunung sarta ngadegkeun 12 batu pangéling-ngéling nu ngalambangkeun 12 kaom Israél. 5 Geus kitu manéhna milih sababaraha pamuda Israél. Maranéhna ngabaktikeun korban beuleuman jeung sababaraha sapi jalu pikeun jadi korban karukunan keur Yéhuwa. 6 Ku Musa getih korban téh satengahna diwadahan kana mangkok-mangkok, ari satengahna deui diképrét-képrétkeun kana mézbah. 7 Tuluy Musa nyokot buku perjangjian, seug bukuna dibacakeun ka sakumna éta bangsa. Tuluy ceuk maranéhna, ”Abdi sadaya bakal nurut sarta ngalampahkeun sagala ucapan Yéhuwa.” 8 Musa ngéprét-ngéprétkeun getih éta ka urang Israél. Ceuk manéhna, ”Ieu téh getih pikeun ngukuhkeun perjangjian nu dijieun ku Yéhuwa jeung maranéh, luyu jeung kekecapan nu kakara didéngé ku maranéh.”

9 Musa, Harun, Nadab, Abihu, jeung 70 pamingpin Israél naék ka gunung. 10 Maranéhna ningali Allah Israél. Di handapeun sampéan Anjeunna, aya nu kawas lanté tina batu sapir, hérang ngagenclang kawas langit biru. 11 Para pamingpin Israél éta keur dahar jeung nginum waktu meunang titingalian ngeunaan Allah nu bener. Anjeunna teu nyilakakeun maranéhna.

12 Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Sok ngadep ka Kuring di gunung, tuluy cicing di dinya. Kuring rék méré papan batu. Dina batu éta, Kuring rék nuliskeun hukum jeung paréntah nu kudu dituturkeun ku éta bangsa.” 13 Jadi Musa jeung Yosua palayanna siap-siap. Geus kitu, Musa naék ka gunung nu dipilih ku Allah nu bener. 14 Saacanna, Musa ngomong ka para pamingpin éta, ”Dagoan di dieu nepi ka urang duaan balik deui. Harun jeung Hur mah bakal tetep di dieu jeung maranéh. Jadi lamun aya nu boga masalah hukum, datang wéh ka maranéhna.” 15 Tuluy Musa naék ka gunung nu keur katutup ku awan.

16 Kamulyaan Yéhuwa terus aya di Gunung Sinai. Gunung éta katutup ku awan salila genep poé. Dina poé nu katujuh, Anjeunna ngageroan Musa ti tengah-tengah awan. 17 Ku urang Israél mah kamulyaan Yéhuwa téh katempona kawas seuneu nu ngagedur di puncak gunung. 18 Musa terus naék nembus awan nepi ka puncak gunung. Musa terus aya di dinya salila 40 poé 40 peuting.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun