PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Budalan 25
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Budalan

      • Sumbangan keur tabernakel (1-9)

      • Peti perjangjian (10-22)

      • Méja (23-30)

      • Wadah lampu (31-40)

Budalan 25:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 35:4-9; 1Bab 29:9; 2Kor 9:7

Budalan 25:3

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 38:24
  • +Bud 38:25
  • +Bud 38:3, 29

Budalan 25:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”wol nu dicelep ku kelir ungu semu beureum”.

Budalan 25:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 36:20

Budalan 25:6

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta minyak nu dipaké keur ngalantik hiji jalma.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 27:20
  • +Bud 30:23-25
  • +Bud 30:34, 35

Budalan 25:7

Catetan Handap

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 28:6
  • +Bud 28:15

Budalan 25:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 29:45; 1Raj 6:13; Ibr 9:11

Budalan 25:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 28:12; Kis 7:44; Ibr 8:5; 9:9

Budalan 25:10

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 2,5 hasta, lébarna 1,5 hasta, jeung jangkungna 1,5 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 37:1-5

Budalan 25:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ibr 9:4
  • +Bud 30:1, 3

Budalan 25:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 30:1, 5; 1Bab 15:15

Budalan 25:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Raj 8:8

Budalan 25:16

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 31:18; 40:20; 1Raj 8:9; Ibr 9:4

Budalan 25:17

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 37:6-9

Budalan 25:18

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 4:4; Ibr 9:5

Budalan 25:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Raj 8:7; 1Bab 28:18

Budalan 25:21

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 40:20; Ibr 9:4, 5

Budalan 25:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 30:6; Ima 16:2; Bil 7:89; Hak 20:27; Jab 80:1

Budalan 25:23

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 2 hasta, lébarna sahasta”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 40:22; Ima 24:6; Bil 3:30, 31; Ibr 9:2
  • +Bud 37:10-15

Budalan 25:25

Catetan Handap

  • *

    Kira-kira 7,4 sénti. Tingali Lamp. B14.

Budalan 25:29

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 37:16; Bil 4:7; 1Raj 7:48, 50

Budalan 25:30

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 24:5, 6; 1Sam 21:6; 1Bab 9:32; 2Bab 13:11; Mat 12:4

Budalan 25:31

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 40:24; 1Raj 7:48, 49; Ibr 9:2
  • +Bud 37:17-24

Budalan 25:36

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 8:4

Budalan 25:37

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 30:8; Ima 24:2, 3; Bil 8:2; 2Bab 13:11

Budalan 25:38

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 4:9

Budalan 25:39

Catetan Handap

  • *

    As. ”beuratna satalénta”. Tingali Lamp. B14.

Budalan 25:40

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 39:42; Bil 8:4; Kis 7:44; Ibr 8:5

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Bud. 25:2Bud 35:4-9; 1Bab 29:9; 2Kor 9:7
Bud. 25:3Bud 38:24
Bud. 25:3Bud 38:25
Bud. 25:3Bud 38:3, 29
Bud. 25:5Bud 36:20
Bud. 25:6Bud 27:20
Bud. 25:6Bud 30:23-25
Bud. 25:6Bud 30:34, 35
Bud. 25:7Bud 28:6
Bud. 25:7Bud 28:15
Bud. 25:8Bud 29:45; 1Raj 6:13; Ibr 9:11
Bud. 25:91Bab 28:12; Kis 7:44; Ibr 8:5; 9:9
Bud. 25:10Bud 37:1-5
Bud. 25:11Ibr 9:4
Bud. 25:11Bud 30:1, 3
Bud. 25:13Bud 30:1, 5; 1Bab 15:15
Bud. 25:151Raj 8:8
Bud. 25:16Bud 31:18; 40:20; 1Raj 8:9; Ibr 9:4
Bud. 25:17Bud 37:6-9
Bud. 25:181Sam 4:4; Ibr 9:5
Bud. 25:201Raj 8:7; 1Bab 28:18
Bud. 25:21Bud 40:20; Ibr 9:4, 5
Bud. 25:22Bud 30:6; Ima 16:2; Bil 7:89; Hak 20:27; Jab 80:1
Bud. 25:23Bud 40:22; Ima 24:6; Bil 3:30, 31; Ibr 9:2
Bud. 25:23Bud 37:10-15
Bud. 25:29Bud 37:16; Bil 4:7; 1Raj 7:48, 50
Bud. 25:30Ima 24:5, 6; 1Sam 21:6; 1Bab 9:32; 2Bab 13:11; Mat 12:4
Bud. 25:31Bud 40:24; 1Raj 7:48, 49; Ibr 9:2
Bud. 25:31Bud 37:17-24
Bud. 25:36Bil 8:4
Bud. 25:37Bud 30:8; Ima 24:2, 3; Bil 8:2; 2Bab 13:11
Bud. 25:38Bil 4:9
Bud. 25:40Bud 39:42; Bil 8:4; Kis 7:44; Ibr 8:5
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
  • 39
  • 40
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Budalan 25:1-40

Budalan

25 Yéhuwa nyarios ka Musa, 2 ”Béjaan urang Israél sina maréré sumbangan keur Kuring. Kumpulkeun sumbangan ti unggal jalma nu iklas.+ 3 Ieu sumbangan nu kudu dikumpulkeun: emas,+ pérak,+ tambaga,+ 4 benang biru, wol ungu,* benang beureum, linén lemes, bulu embé, 5 kulit domba jalu nu dicelep beureum, kulit anjing laut, kai akasia,+ 6 minyak keur lampu,+ minyak balsem keur campuran minyak suci*+ jeung keur dupa seungit,+ 7 sarta batu oniks jeung batu séjénna nu bakal dipasang dina éfod*+ jeung tutup dada.+ 8 Maranéh kudu nyieun tempat suci keur Kuring. Kuring bakal cicing di antara maranéh.+ 9 Jieun tabernakel jeung sagala parabotna, percis sakumaha rancangan nu ditémbongkeun ka manéh.+

10 ”Jieun peti tina kai akasia, panjangna kira-kira 111 sénti, lébarna kira-kira 67 sénti, jeung jangkungna kira-kira 67 sénti.*+ 11 Lapisan ku emas murni+ boh jerona boh luarna. Sakurilingna kudu dielis ku hiasan tina emas.+ 12 Jieun opat geulang tina emas tuluy terapkeun di luhureun opat sukuna, dua di sisi beulah dieu, dua deui di sisi beulah ditu. 13 Jieun tongkat-tongkat tina kai akasia, tuluy lapisan ku emas.+ 14 Asupkeun tongkat-tongkatna kana geulang-geulang nu aya dina dua sisi peti, supaya éta peti bisa digotong. 15 Tongkat-tongkatna kudu tetep aya dina geulang-geulang éta peti, ulah dicabut-cabut.+ 16 Kuring bakal méré papan-papan batu nu ditulisan paréntah Kuring. Teundeun papan-papan éta di jero peti.+

17 ”Jieun tutup petina tina emas murni, panjangna kira-kira 111 sénti, lébarna kira-kira 67 sénti.+ 18 Jieun dua kérub tina emas, emasna ketokan ku palu. Pasang dua kérub éta dina tungtung-tungtung tutup peti,+ 19 nu hiji dina tungtung beulah dieu, nu hiji deui dina tungtung beulah ditu. 20 Kérubna kudu pahareup-hareup, beungeutna tungkulkeun kana tutup peti. Jangjangna sina mébér ka luhur, ngarungkup tutup peti.+ 21 Teundeun papan-papan batu nu rék dibikeun ku Kuring di jero éta peti, terapkeun tutupna+ kana peti. 22 Kuring bakal némbongan sarta ngomong ka manéh luhureun tutup peti éta.+ Ti antara dua kérub dina éta peti perjangjian, Kuring bakal méré nyaho paréntah nu kudu ditepikeun ku manéh ka urang Israél.

23 ”Jieun méja+ tina kai akasia, panjangna 89 sénti, lébarna kira-kira 45 sénti,* jeung jangkungna kira-kira 67 sénti.+ 24 Lapisan méjana ku emas murni, sakurilingna kudu dielis ku hiasan tina emas. 25 Jieun pinggiran di sakuriling éta méja nu lébarna sadampal leungeun.* Sakuriling pinggiran éta kudu dielis ku hiasan tina emas. 26 Jieun opat geulang tina emas tuluy terapkeun dina opat suku méja, nu aya dina unggal juru méja. 27 Geulang-geulangna kudu diterapkeun deukeut pinggiran méja. Engké tongkat-tongkat paranti ngagotong bakal diasupkeun kana geulang-geulang éta. 28 Jieun tongkat-tongkat tina kai akasia, tuluy lapisan ku emas. Tongkat-tongkat éta engkéna bakal dipaké keur ngagotong méja.

29 ”Jieun ogé sababaraha piring, cangkir, téko, jeung mangkok paranti nyicikeun kurban inuman. Kabéhanana kudu dijieun tina emas murni.+ 30 Roti nu dibaktikeun kudu terus aya dina éta méja, hareupeun Kuring.+

31 ”Jieun wadah lampu+ tina emas murni, emasna ketokan ku palu. Wadah lampuna kudu aya dadamparna, batangna, cabangna, daun kembangna, kuncupna, jeung kembangna. Kabéhanana kudu dijieun tina emas sagelempeng, dijieunna teu meunang dipisah-pisah.+ 32 Batangna kudu boga genep cabang, tilu di kénca, tilu di katuhu. 33 Dina unggal cabang kudu aya tilu daun kembang nu bentukna kawas kembang almond, tilu kuncup, jeung tilu kembang, dijieunna kudu selang-seling. Genep cabang nu aya dina wadah lampu éta kudu dibentuk siga kitu, boh nu di kénca boh nu di katuhu. 34 Dina batang wadah lampu éta, kudu aya opat daun kembang nu bentukna kawas kembang almond, opat kuncup, jeung opat kembang, dijieunna kudu selang-seling. 35 Di handapeun dua cabang nu mimiti kudu aya hiji kuncup. Di handapeun dua cabang nu kadua kudu aya hiji kuncup. Di handapeun dua cabang nu katilu gé kudu aya hiji kuncup. Nya siga kitu dijieunna genep cabang dina batang téh. 36 Kuncup, cabang, jeung sakabéh bagian dina wadah lampu kudu dijieun tina emas murni sagelempeng nu diketokan ku palu,+ dijieunna teu meunang dipisah-pisah. 37 Jieun tujuh lampu minyak dina éta wadah. Lamun diseungeut, lampuna bakal nyaangan naon nu aya di hareupeunana.+ 38 Cacapit sumbu jeung wadah sumbuna kudu dijieun tina emas murni.+ 39 Wadah lampu jeung sakabéh parabotna kudu dijieun tina emas murni nu beuratna kira-kira 34 kilogram.* 40 Omat, dijieunna kudu nurutkeun rancangan nu ditémbongkeun ka manéh di ieu gunung.+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun