Budalan
26 ”Jieun sapuluh lambar kaén keur tabernakel.+ Kaénna kudu dijieun tina benang linén lemes, benang biru, wol ungu, jeung benang beureum. Dina unggal kaénna, sulam gambar kérub-kérub.+ 2 Kabéh kaénna kudu saukuran, panjangna kira-kira 12 méter, lébarna kira-kira 2 méter.*+ 3 Sambung-sambungkeun lima kaén jadi hiji kaén gedé, kitu ogé jeung lima kaén séjénna. 4 Jieun geugeulangan tina kaén biru dina pinggiran kaén gedé nu hiji. Dina pinggiran kaén gedé nu hiji deui gé jieun geugeulangan siga kitu, supaya dua kaén gedé éta bisa dihijikeun. 5 Jieun 50 geugeulangan dina kaén nu hiji sarta 50 geugeulangan dina kaén nu hiji deui, supaya waktu dihijikeun, unggal geugeulangan éta aya pasanganana. 6 Jieun 50 kakait tina emas keur ngahijikeun dua kaén gedé éta, ku kituna bakal jadi hiji kaén gedé keur tabernakel.+
7 ”Manéh gé kudu nyieun 11 kaén tina bulu embé keur tutup tabernakel.+ 8 Kabéh kaénna kudu saukuran, panjangna kira-kira 13 méter,* lébarna kira-kira 2 méter. 9 Sambung-sambungkeun lima kaén jadi hiji kaén gedé. Genep kaén séjénna gé sambung-sambungkeun jadi hiji kaén gedé. Kaén nu kagenep kudu ditilep dua, éta paranti nutupan bagian hareup tabernakel. 10 Jieun 50 geugeulangan dina pinggiran kaén nu hiji. Dina pinggiran kaén nu hiji deui gé, jieun 50 geugeulangan, supaya dua kaén gedé éta bisa dihijikeun. 11 Jieun 50 kakait tina tambaga tuluy pasangkeun kana geugeulangan téa keur nyambungkeun dua kaén tadi jadi hiji. 12 Kaénna bakal aya leuwih 89 sénti* di bagian tukang tabernakel, keun sina ngagantung. 13 Dina dua sisi tabernakel, ieu kaén bakal leuwih panjang kira-kira 45 sénti* tibatan kaén linén. Ieu kaén kudu nutupan dua sisi tabernakel.
14 ”Jieun ogé tutup tabernakel tina kulit domba jalu nu dicelep beureum sarta tutup tina kulit anjing laut+ pikeun diteundeun di luhureunana.
15 ”Jieun rangka-rangka tabernakel+ tina kai akasia. Adegkeun rangka-rangkana jadi dingding tabernakel.+ 16 Unggal rangka jangkungna kira-kira 4,5 méter, lébarna kira-kira 67 sénti.* 17 Dina unggal rangka, jieun dua suku pikeun nancebkeun éta rangka, sukuna kudu dipasang sajajar. Kabéh rangka kudu dijieun siga kitu. 18 Jieun 20 rangka keur sisi kidul tabernakel.
19 ”Jieun 40 dadampar tina pérak+ keur 20 rangka, dadamparna kudu diliangan. Tancebkeun dua suku dina unggal rangka kana dua dadampar pérak.+ Sakabéh rangka kudu dijieun siga kitu. 20 Keur sisi kalér tabernakel, jieun 20 rangka 21 jeung 40 dadampar tina pérak nu aya liangan, unggal rangka dibéré dua dadampar. 22 Keur bagian tukang tabernakel nu nyanghareup ka kulon, jieun genep rangka.+ 23 Jieun dua rangka pikeun nahan dua juru tabernakel bagian tukang. 24 Ieu rangka kudu dijieun tina dua kai nu bagian luhurna pasambung dina geulang emas nu kahiji. Duanana kudu dijieun siga kitu, rangka-rangka ieu bakal nahan dua juru tabernakel bagian tukang. 25 Jadi bakal aya dalapan rangka jeung 16 dadampar pérak nu aya liangan. Unggal rangka dibéré dua dadampar.
26 ”Jieun palang-palang tina kai akasia pikeun nyambungkeun rangka-rangkana. Lima palang keur sisi tabernakel beulah dieu,+ 27 lima palang keur sisi tabernakel beulah ditu, lima palang deui keur sisi tabernakel bagian tukang nu nyanghareup ka kulon. 28 Palang nu di tengah dipasangna kudu ti tungtung nu hiji nepi ka tungtung nu hiji deui.
29 ”Lapisan rangka-rangkana ku emas+ tuluy jieun geulang-geulang tina emas dina éta rangka. Engké palang-palangna asupkeun kana geulang-geulang éta. Palang-palangna gé kudu dilapis ku emas. 30 Jieun tabernakel nurutkeun rancangan nu ditémbongkeun ka manéh di ieu gunung.+
31 ”Jieun hordéng+ tina benang biru, wol ungu, benang beureum, jeung benang linén lemes. Hordéngna kudu disulam ku gambar kérub-kérub. 32 Gantungkeun hordéngna kana opat pilar tina kai akasia nu dilapisan ku emas. Kakaitna kudu dijieun tina emas. Pilar-pilarna kudu dibéré opat dadampar pérak nu aya liangan. 33 Hordéngna kudu dipasang di handapeun kakait-kakait. Peti perjangjian+ bakal diteundeun tukangeun éta hordéng. Éta hordéng bakal jadi pamisah antara Rohangan Suci+ jeung Rohangan Mahasuci.+ 34 Pasangkeun tutup peti perjangjianana, tuluy bawa éta peti ka Rohangan Mahasuci.
35 ”Teundeun méja di luar hordéng,* di beulah kalér tabernakel. Wadah lampuna+ teundeun hareupeun méja, di beulah kidul tabernakel. 36 Jieun hordéng keur lawang asup tabernakel. Hordéngna kudu ditinun tina benang biru, wol ungu, benang beureum, jeung benang linén lemes.+ 37 Jieun lima pilar tina kai akasia nu dilapisan ku emas pikeun ngagantungkeun éta hordéng. Kakait-kakaitna kudu dijieun tina emas. Jieun lima dadampar tambaga nu aya liangan pikeun pilar-pilar éta.