Budalan
28 ”Geroan lanceuk manéh Harun jeung anak-anak lalakina, nyaéta Nadab, Abihu, Éléazar, jeung Itamar. Pisahkeun maranéhna ti urang Israél pikeun jaradi imam nu ngalalayanan Kuring. 2 Jieun baju imam* tanda kamulyaan jeung kaéndahan keur lanceuk manéh Harun. 3 Geroan sakabéh jalma nu tarampil, nu ku Kuring geus dibéré kaahlian. Titah maranéhna nyieun baju keur Harun supaya manéhna bisa disucikeun sarta jadi imam nu ngalalayanan Kuring.
4 ”Jieun panutup dada, éfod, rompi panjang, jubah kotak-kotak, sorban, jeung beubeur. Baju imam* ieu kudu dijieun keur lanceuk manéh Harun jeung anak-anak lalakina, supaya maranéhna bisa jadi imam nu ngalalayanan Kuring. 5 Jalma-jalma nu tarampil kudu nyieun baju éta tina benang emas, benang biru, wol ungu, benang beureum, jeung linén alus.
6 ”Maranéhna kudu nyieun éfod tina benang emas, benang biru, wol ungu, benang beureum, jeung benang linén alus. Éfodna kudu disulam. 7 Bagian hareup jeung bagian tukang éfod kudu dihijikeun maké dua panyambung dina taktak. 8 Jieun beubeur nu ditinun tina bahan nu sarua, nyaéta benang emas, benang biru, wol ungu, benang beureum, jeung benang linén alus. Éta beubeur kudu dipasang dina éfod supaya éfodna pageuh.
9 ”Cokot batu oniks dua siki, tuluy ukir ngaran anak-anak lalaki Israél dina éta batu. 10 Genep ngaran dina batu nu hiji, genep ngaran dina batu nu hijina deui. Diukirna ti nu cikal nepi ka nu bungsu. 11 Juru ukir permata kudu ngukir ngaran anak-anak lalaki Israél dina batu éta, kawas nyieun ukiran dina cingcin. Tuluy batu éta kudu dipasang dina cangkok emas. 12 Pasangkeun dua batu éta kana panyambung taktak éfod. Batu-batu éta bakal jadi tanda supaya anak-anak lalaki Israél teu dipopohokeun. Ngaran maranéhna kudu dibawa dina taktak Harun waktu manéhna ngadep ka Yéhuwa. 13 Jieun cangkok tina emas 14 sarta dua ranté tina emas murni nu dibentuk kawas tambang. Kaitkeun ranténa kana cangkokna.
15 ”Jieun panutup dada nu dipaké pikeun nyieun putusan hukum. Dijieunna kudu tina benang emas, benang biru, wol ungu, benang beureum, jeung benang linén alus. Panutup dada éta kudu disulam cara nyieun éfod. 16 Lamun dilipet dua, bentukna kudu pasagi. Panjangna sajengkal, lébarna sajengkal.* 17 Pasangkeun batu-batu permata opat jajar. Dina jajaran nu kahiji: batu mirah dalima, topas, jeung jamrut. 18 Dina jajaran nu kadua: batu pirus, sapir, jeung yaspis. 19 Dina jajaran nu katilu: batu lésyem,* angkik, jeung kucubung. 20 Dina jajaran nu kaopat: batu krisolit, oniks, jeung giok. Batu-batu éta kudu dipasang dina cangkok emas. 21 Batuna kudu aya 12, hiji batu keur hiji ngaran anak lalaki Israél. Unggal ngaran kudu diukir dina batu kawas ngukir cingcin. Unggal ngaran ngawakilan salah sahiji ti 12 kaom Israél.
22 ”Jieun ranté tina emas murni nu dibentuk kawas tambang, tuluy pasangkeun kana panutup dada. 23 Jieun dua cingcin tina emas, tuluy pasangkeun dua cingcin éta kana dua tungtung panutup dada beulah luhur. 24 Kaitkeun tungtung ti dua ranté emas kana dua cingcin nu aya dina tungtung panutup dada. 25 Pasangkeun tungtung séjén ti dua ranté éta kana dua cangkok emas dina panyambung taktak éfod. Jadi panutup dadana bakal aya di hareupeun éfod. 26 Jieun dua cingcin tina emas, tuluy pasangkeun dina dua tungtung handap panutup dada bagian jero nu antel kana éfod. 27 Jieun dua cingcin deui tina emas, tuluy pasangkeun di bagian hareup éfod, nyaéta di handapeun panyambung taktak éfod, di deukeut sambungan beubeur jeung éfod, di luhureun beubeur. 28 Talian cingcin nu aya dina panutup dada jeung cingcin nu aya dina éfod ku tali biru. Ku kituna, panutup dadana moal lésot tina éfod sarta bakal tetep aya di luhureun beubeur.
29 ”Lamun Harun asup ka Rohangan Suci, manéhna kudu maké panutup dada nu aya ukiran ngaran anak-anak lalaki Israél. Panutup dada nu dipaké keur nyieun putusan hukum ieu kudu dipaké di hareupeun jantungna. Éta téh bakal jadi tanda pangéling-ngéling di hareupeun Yéhuwa. 30 Simpen Urim jeung Tumim* dina panutup dada. Éta kudu aya di hareupeun jantung Harun waktu manéhna ngadep ka Yéhuwa. Harun kudu terus mawa Urim jeung Tumim waktu manéhna ngadep ka Yéhuwa, supaya bisa nyieun putusan hukum keur urang Israél.
31 ”Jieun rompi panjang tina benang biru keur dipaké di jero éfod. 32 Di bagian luhur rompi, jieun liang beuheung di tengah-tengahna. Pinggiran liang beuheungna kudu ditinun, kawas liang beuheung baju perang, supaya teu gampang soék. 33 Di sakuriling kelin bagian handap rompi, jieun hiasan dadalimaan tina benang biru, wol ungu, jeung benang beureum. Jieun ogé loncéng-loncéng emas di antara dadalimaan éta. 34 Dipasangna kudu selang-seling, hiji loncéng jeung hiji dadalimaan, di sakurilingeun kelin bagian handap rompi. 35 Rompina kudu dipaké ku Harun waktu manéhna ngalalayanan. Sora loncéngna kudu kadéngé waktu manéhna ngadep ka Yéhuwa di tempat suci sarta waktu manéhna kaluar ti dinya. Ku kituna, manéhna moal paéh.
36 ”Jieun pelat nu hérang tina emas murni. Pelatna kudu diukir ku tulisan, ’Yéhuwa téh suci’. Ngukirna kudu cara ngukir cingcin. 37 Talian pelatna kana bagian hareup sorban ku tali biru. 38 Pelatna kudu dipaké dina tarang Harun. Harun kudu tanggung jawab lamun aya nu ngagunakeun barang-barang suci ku cara nu teu bener. Barang-barang éta téh dipisahkeun ku urang Israél pikeun jadi pangbakti nu suci. Pelatna kudu terus dipaké dina tarang Harun supaya urang Israél dipikaresep ku Yéhuwa.
39 ”Jieun jubah kotak-kotak nu ditinun tina benang linén alus, sorban tina linén alus, sarta beubeur nu ditinun.
40 ”Tuluy jieun jubah, beubeur, jeung panutup sirah keur anak-anak lalakina Harun. Éta téh tanda kamulyaan jeung kaéndahan keur maranéhna. 41 Pakékeun baju éta ka Harun lanceuk manéh sarta anak-anak lalakina. Manéh kudu ngucurkeun minyak ka maranéhna, ngalantik maranéhna, sarta nyucikeun maranéhna pikeun jadi imam nu ngalalayanan Kuring. 42 Jieun calana pondok* tina linén keur nutupan aorat maranéhna. Panjangna kudu ti cangkéng nepi ka pingping. 43 Éta kabéh kudu dipaké ku Harun jeung anak-anak lalakina waktu maranéhna asup ka kémah tepangan atawa ngadeukeutan mézbah pikeun ngalalayanan di tempat suci. Ku kituna, maranéhna moal dianggap dosa jeung dipaéhan. Éta aturan nu kudu terus dijalankeun ku Harun jeung turunanana.