PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Budalan 38
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Budalan

      • Mézbah keur kurban beuleuman (1-7)

      • Jolang tambaga (8)

      • Buruan tabernakel (9-20)

      • Daptar bahan-bahan keur tabernakel (21-31)

Budalan 38:1

Catetan Handap

  • *

    As. ”Panjangna 5 hasta, lébarna 5 hasta, jeung jangkungna 3 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 27:1-8; 40:10

Budalan 38:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Bab 1:5

Budalan 38:8

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta eunteung tina logam nu digosok nepi ka hérang.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 30:18; Ima 8:11; 1Raj 7:23

Budalan 38:9

Catetan Handap

  • *

    As. ”100 hasta”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 40:8
  • +Bud 27:9-15

Budalan 38:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”geulangna”.

Budalan 38:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”geulangna”.

Budalan 38:12

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjang kaénna 50 hasta”.

  • *

    Atawa ”geulangna”.

Budalan 38:14

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 15 hasta”.

Budalan 38:17

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”geulangna”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 27:17

Budalan 38:18

Catetan Handap

  • *

    As. ”Panjangna 20 hasta”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 27:16

Budalan 38:19

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”geulangna”.

Budalan 38:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 27:19

Budalan 38:21

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, ayat 24-31.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 25:16; 31:18; Bil 17:7
  • +Bil 3:6; 4:46, 47
  • +Bud 6:23; Bil 4:28; 1Bab 6:3

Budalan 38:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 31:2-5; 35:30; 36:1; 37:1; 2Bab 1:5

Budalan 38:23

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 31:6; 35:34; 36:2

Budalan 38:24

Catetan Handap

  • *

    As. ”nyaéta 29 talénta jeung 730 syékel”. Tingali Lamp. B14.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 35:22

Budalan 38:25

Catetan Handap

  • *

    As. ”100 talénta jeung 1.775 syékel”.

Budalan 38:26

Catetan Handap

  • *

    As. ”1/2 syékel”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 30:15
  • +Bud 12:37; Bil 1:45, 46

Budalan 38:27

Catetan Handap

  • *

    As. ”100 talénta”.

  • *

    As. ”satalénta”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 26:19-21, 25, 32

Budalan 38:28

Catetan Handap

  • *

    As. ”Nu 1.775 syékelna”.

Budalan 38:29

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nu jadi kurban nu diayun-ayunkeun.”

  • *

    As. ”jumlahna 70 talénta jeung 2.400 syékel”.

Budalan 38:31

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 27:19

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Bud. 38:1Bud 27:1-8; 40:10
Bud. 38:22Bab 1:5
Bud. 38:8Bud 30:18; Ima 8:11; 1Raj 7:23
Bud. 38:9Bud 40:8
Bud. 38:9Bud 27:9-15
Bud. 38:17Bud 27:17
Bud. 38:18Bud 27:16
Bud. 38:20Bud 27:19
Bud. 38:21Bud 25:16; 31:18; Bil 17:7
Bud. 38:21Bil 3:6; 4:46, 47
Bud. 38:21Bud 6:23; Bil 4:28; 1Bab 6:3
Bud. 38:22Bud 31:2-5; 35:30; 36:1; 37:1; 2Bab 1:5
Bud. 38:23Bud 31:6; 35:34; 36:2
Bud. 38:24Bud 35:22
Bud. 38:26Bud 30:15
Bud. 38:26Bud 12:37; Bil 1:45, 46
Bud. 38:27Bud 26:19-21, 25, 32
Bud. 38:31Bud 27:19
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Budalan 38:1-31

Budalan

38 Bézalél nyieun mézbah kurban beuleuman tina kai akasia, bangunna pasagi. Panjangna kira-kira 2 méter, lébarna kira-kira 2 méter, jeung jangkungna kira-kira saméter.*+ 2 Manéhna nyieun tanduk dina opat juru mézbah. Tanduk-tandukna ngahiji jeung mézbah, tuluy mézbahna dilapisan ku tambaga.+ 3 Geus kitu, manéhna nyieun sakabéh parabot mézbah, nyaéta émbér, singkup, baskom, garpuh, sarta wadah paranti areng ruhay. Kabéhanana dijieun tina tambaga. 4 Manéhna gé nyieun panggangan tina tambaga nu dibentuk kawas jaring. Tuluy éta diteundeun handapeun biwir mézbah, di bagian tengah mézbah. 5 Manéhna nyieun opat geulang nu dipasang dina opat juruna, deukeut panggangan tina tambaga. Tongkat-tongkat paranti ngagotong bakal diasupkeun kana geulang-geulang éta. 6 Manéhna gé nyieun tongkat-tongkat tina kai akasia tuluy dilapisan ku tambaga. 7 Manéhna ngasupkeun tongkat-tongkat éta kana geulang-geulang nu aya dina dua sisi mézbah, supaya mézbahna bisa digotong. Mézbahna dijieun tina papan-papan, bangun mézbahna pasagi.

8 Terus manéhna nyieun jolang jeung panyanggana tina tambaga.+ Éta kabéh dijieun tina eunteung-eunteung* para wanita nu ngalalayanan di lawang asup kémah tepangan.

9 Manéhna nyieun kaén keur sakuriling buruan tabernakel.+ Keur sisi buruan tabernakel nu nyanghareup ka kidul, manéhna nyieun kaén tina benang linén lemes nu panjangna 44,5 méter.*+ 10 Tuluy manéhna nyieun 20 tihang sarta 20 dadampar nu aya liangan tina tambaga. Kakait-kakaitna jeung sambunganana* dijieun tina pérak. 11 Keur sisi kalér gé, panjang kaénna 44,5 méter. Dua puluh tihang sarta 20 dadampar nu aya liangan dijieun tina tambaga. Ari kakait jeung sambunganana* mah dijieun tina pérak. 12 Keur sisi kulon, panjang kaénna kira-kira 22 méter.* Terus, manéhna nyieun sapuluh tihang jeung sapuluh dadampar nu aya liangan. Kakaitna jeung sambunganana* dijieun tina pérak. 13 Lébar sisi wétan, nyaéta nu nyanghareup ka panonpoé medal, kira-kira 22 méter. 14 Lawang tabernakel aya di sisi beulah dieu. Di katuhueun lawangna aya kaén nu panjangna kira-kira 7 méter.* Manéhna gé nyieun tilu tihang jeung tilu dadampar nu aya liangan. 15 Di kéncaeun lawang buruan aya kaén nu panjangna kira-kira 7 méter. Manéhna gé nyieun tilu tihang jeung tilu dadampar nu aya liangan. 16 Sakabéh kaén di sakuriling buruan téh dijieun tina benang linén lemes. 17 Sakabéh dadampar nu aya liangan keur tihang-tihang éta dijieun tina tambaga. Ari kakait jeung sambunganana* dijieun tina pérak. Bagian luhur tihang-tihangna dilapisan ku pérak. Terus, aya panyambung tina pérak keur sakabéh tihang nu aya di buruan.+

18 Hordéng dina lawang asup buruan ditinun tina benang biru, wol ungu, benang beureum, jeung benang linén lemes. Panjangna 8,9 méter,* jangkungna kira-kira 2 méter, sarua kawas jangkung kaén di sakuriling buruan.+ 19 Opat tihang jeung opat dadampar nu aya liangan dijieun tina tambaga. Kakaitna jeung sambunganana* dijieun tina pérak. Bagian luhur tihang-tihangna dilapisan ku pérak. 20 Sakabéh patok keur tabernakel sarta patok di sakuriling buruan dijieun tina tambaga.+

21 Ieu* bahan-bahan nu dipaké pikeun ngawangun tabernakel, nyaéta kémah nu di jerona aya dua papan batu.+ Musa maréntahkeun urang Léwi pikeun nyieun daptar bahan-bahan ieu. Nu mingpin urang Léwi+ nyieun daptar éta téh Itamar+ anakna Imam Harun. 22 Bézalél+ anak Uri incu Hur ti kaom Yéhuda ngalaksanakeun sakabéh nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka Musa. 23 Oholiab+ anak Ahisamakh ti kaom Dan digawé bareng jeung manéhna. Oholiab téh ahli nyieun rupa-rupa barang, nyulam, sarta ninun ku benang biru, wol ungu, benang beureum, jeung linén lemes.

24 Sakabéh emas nu dipaké keur ngawangun tempat suci téh jumlahna sarua jeung emas anu jadi kurban nu diayun-ayunkeun,+ nyaéta 1.000 kilogram,* nurutkeun patokan beurat di tempat suci. 25 Pérak nu dibawa ku jalma-jalma nu didaptar téh jumlahna 3.440 kilogram,* nurutkeun patokan beurat di tempat suci. 26 Unggal lalaki nu didaptar nu umurna 20 taun ka luhur méré 5,7 gram pérak,*+ nurutkeun patokan beurat di tempat suci. Jumlah maranéhna téh 603.550 urang.+

27 Jumlah pérak nu dipaké keur nyieun dadampar nu aya liangan paranti rangka tabernakel jeung pilar-pilar hordéng téh 3.420 kilogram.* Saratus dadampar dijieun tina 3.420 kilogram, hiji dadamparna 34,2 kilogram.*+ 28 Nu 20 kilogramna* deui dipaké keur nyieun kakait-kakait pilar sarta ngalapisan bagian luhur pilar-pilar. Tuluy, éta disambung-sambungkeun ku manéhna.

29 Tambaga nu disumbangkeun* téh jumlahna 2.420 kilogram.* 30 Tambagana dipaké keur nyieun dadampar nu aya liangan di lawang asup kémah tepangan, mézbah tambaga jeung pangganganana, kabéh parabot mézbah, 31 dadampar nu aya liangan keur tihang-tihang di sakuriling buruan, dadampar nu aya liangan keur lawang asup buruan, jeung sakabéh patok keur tabernakel sarta patok+ di buruan.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun