PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Budalan 37
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Budalan

      • Nyieun peti perjangjian (1-9)

      • Méja (10-16)

      • Wadah lampu (17-24)

      • Mézbah dupa (25-29)

Budalan 37:1

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 2,5 hasta, lébarna 1,5 hasta, jeung jangkungna 1,5 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Budalan 37:6

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 2,5 hasta, lébarna 1,5 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Budalan 37:10

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 2 hasta, lébarna sahasta, jeung jangkungna 1,5 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Budalan 37:12

Catetan Handap

  • *

    Kira-kira 7,4 sénti. Tingali Lamp. B14.

Budalan 37:24

Catetan Handap

  • *

    As. ”satalénta”. Tingali Lamp. B14.

Budalan 37:25

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna sahasta, lébarna sahasta, jeung jangkungna 2 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Budalan 37:29

Catetan Handap

  • *

    Tingali cth. dina Bud 25:6.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Budalan 37:1-29

Budalan

37 Bézalél nyieun peti tina kai akasia, panjangna kira-kira 111 sénti, lébarna kira-kira 67 sénti, jeung jangkungna kira-kira 67 sénti.* 2 Ku manéhna petina dilapisan ku emas murni, boh jerona boh luarna, sakurilingna dielis ku hiasan tina emas. 3 Manéhna nyieun opat geulang tina emas, tuluy diterapkeun di luhureun opat sukuna, dua di sisi beulah dieu, dua deui di sisi beulah ditu. 4 Manéhna nyieun tongkat-tongkat tina kai akasia tuluy dilapisan ku emas. 5 Seug tongkat-tongkatna diasupkeun kana geulang-geulang nu aya dina dua sisi peti, supaya éta peti bisa digotong.

6 Manéhna nyieun tutup petina tina emas murni, panjangna kira-kira 111 sénti, lébarna kira-kira 67 sénti.* 7 Geus kitu, manéhna nyieun dua kérub tina emas nu dipasang dina tungtung-tungtung tutup peti, emasna diketokan ku palu. 8 Kérub nu hiji dipasang dina tungtung beulah dieu, kérub nu hiji deui dipasang dina tungtung beulah ditu. Kérub-kérubna dijieun dina tungtung-tungtung tutup peti. 9 Dua kérub éta pahareup-hareup, beungeutna ditungkulkeun kana tutup peti. Jangjangna disina mébér ka luhur ngarungkup tutup peti.

10 Manéhna nyieun méja tina kai akasia, panjangna 89 sénti, lébarna kira-kira 45 sénti, jeung jangkungna kira-kira 67 sénti.* 11 Ku manéhna méjana dilapisan ku emas murni sarta sakurilingna dielis ku hiasan tina emas. 12 Geus kitu, manéhna nyieun pinggiran di sakuriling méja éta nu lébarna sadampal leungeun.* Sakuriling pinggiran éta dielis ku hiasan tina emas. 13 Manéhna nyieun opat geulang tina emas, tuluy diterapkeun kana opat suku méja, nu aya dina unggal juru méja. 14 Geulang-geulangna diterapkeun deukeut pinggiran méja. Tongkat-tongkat paranti ngagotong bakal diasupkeun kana geulang-geulang éta. 15 Geus kitu, manéhna nyieun tongkat-tongkat tina kai akasia tuluy dilapisan ku emas. Tongkat-tongkat éta dipaké keur ngagotong méja. 16 Manéhna gé nyieun parabot tina emas murni pikeun diteundeun di luhureun méja, nyaéta piring, cangkir, mangkok, jeung téko paranti nyicikeun korban inuman.

17 Manéhna nyieun wadah lampu tina emas murni, emasna diketokan ku palu. Wadah lampuna aya dadamparna, batangna, daun kembangna, kuncupna, jeung kembangna. Kabéhanana dijieun tina emas sagelempeng, dijieunna teu dipisah-pisah. 18 Batangna boga genep cabang, tilu di kénca, tilu di katuhu. 19 Dina unggal cabang aya tilu daun kembang anu bentukna kawas kembang almond, tilu kuncup, jeung tilu kembang, dijieunna selang-seling. Genep cabang nu aya dina wadah lampu éta dibentuk jiga kitu, boh nu di kénca boh nu di katuhu. 20 Dina batang wadah lampu éta, aya opat daun kembang nu bentukna kawas kembang almond, opat kuncup, jeung opat kembang, dijieunna selang-seling. 21 Di handapeun dua cabang nu mimiti aya hiji kuncup. Di handapeun dua cabang nu kadua aya hiji kuncup. Di handapeun dua cabang nu katilu gé aya hiji kuncup. Nya jiga kitu dijieunna genep cabang dina batang wadah lampu téh. 22 Kuncup, cabang, jeung sakabéh bagian dina wadah lampu dijieun tina emas murni sagelempeng nu diketokan ku palu, dijieunna teu dipisah-pisah. 23 Geus kitu manéhna nyieun tujuh lampu minyak, cacapit sumbu, jeung wadah sumbu tina emas murni. 24 Wadah lampu jeung sakabéh parabotna dijieun tina emas murni nu beuratna kira-kira 34 kilo.*

25 Geus kitu, manéhna nyieun mézbah dupa tina kai akasia. Bangunna pasagi, panjangna kira-kira 45 sénti, lébarna kira-kira 45 sénti, jeung jangkungna 89 sénti.* Tanduk-tandukna ngahiji jeung mézbahna. 26 Ku manéhna mézbahna dilapisan ku emas murni, nyaéta bagian luhurna, sakabéh sisina, jeung tanduk-tandukna. Sakurilingna gé dielis ku hiasan tina emas. 27 Di handapeun elisna, manéhna nyieun geulang-geulang tina emas, dua di sisi beulah dieu, dua di sisi beulah ditu. Tongkat-tongkat paranti ngagotong bakal diasupkeun kana geulang-geulang éta. 28 Geus kitu, manéhna nyieun tongkat-tongkat tina kai akasia tuluy dilapisan ku emas. 29 Manéhna gé nyieun minyak suci* sarta dupa seungit nu murni, dijieunna kawas minyak seungit nu dijieun ku ahlina.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun