Budalan
4 Tapi Musa ngajawab, ”Kumaha upami maranéhna teu percaya sareng teu ngadangukeun abdi? Terus kumaha upami maranéhna ngomong, ’Ah, moal mungkin Yéhuwa némbongan ka manéh.’” 2 Ceuk Yéhuwa, ”Éta naon nu dicekel ku manéh?” Ku Musa dijawab, ”Iteuk.” 3 Ceuk Allah, ”Sok alungkeun iteukna kana taneuh.” Barang dialungkeun, seug iteukna jadi oray. Musa langsung ngejat. 4 Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Téwak buntutna.” Barang ditéwak, seug oray téh jadi iteuk deui. 5 Terus Allah ngomong, ”Engké lampahkeun siga kitu supaya maranéhna percaya yén Yéhuwa, Allah karuhun maranéhna, Allahna Ibrahim, Allahna Ishak, jeung Allahna Yakub, geus némbongan ka manéh.”
6 Yéhuwa ngomong deui ka Musa, ”Ayeuna sok atuh* coba asupkeun leungeun manéh kana baju.” Jadi ku Musa diasupkeun. Barang dikaluarkeun, leungeunna keuna kusta, bodas kawas salju! 7 Tuluy Allah ngomong, ”Asupkeun deui leungeun manéh kana baju.” Jadi ku Musa diasupkeun deui. Barang dikaluarkeun, leungeunna geus cageur! 8 Allah ngomong, ”Mun maranéhna teu percaya atawa teu paduli kana mujijat nu mimiti, ka nu kadua mah tangtu percaya. 9 Tapi mun maranéhna masih kénéh teu percaya kana dua mujijat éta jeung teu daék ngadéngékeun manéh, sok cokot cai tina Walungan Nil tuluy kucurkeun kana taneuh nu garing. Éta cai bakal robah jadi getih.”
10 Geus kitu Musa ngomong ka Yéhuwa, ”Hapunten Yéhuwa, tapi boh kapungkur boh ayeuna saparantos Gusti nyarios, hamba Gusti ieu téh sanés jalmi nu pinter nyarita, ngomong gé teu lancar.” 11 Terus Yéhuwa némbalan ka Musa, ”Saha nu nyiptakeun biwir keur manusa? Saha nu ngalantarankeun maranéhna pireu jeung torék? Saha nu ngalolongkeun jeung ngabeuntakeun maranéhna? Nya Kuring pan, Yéhuwa? 12 Jadi jung geura indit. Waktu manéh ngomong ka maranéhna, Kuring bakal nyarengan manéh. Kuring gé bakal ngajarkeun naon nu kudu diomongkeun ku manéh.” 13 Tapi Musa ngajawab, ”Hapunten Yéhuwa, mangga utus nu sanés sakumaha kahoyong Gusti.” 14 Yéhuwa jadi kacida ambekna ka Musa, tuluy ngomong, ”Manéh boga lanceuk pan, Harun urang Léwi téa? Kuring apal manéhna téh pinter nyarita. Ayeuna manéhna téh keur ka dieu rék manggihan manéh. Manéhna pasti atoh panggih jeung manéh. 15 Pék ngomong ka Harun, terangkeun naon nu kudu diomongkeun ku manéhna. Boh manéh boh Harun ku Kuring bakal dibantuan nyarita. Kuring gé bakal ngajarkeun naon nu kudu dilakukeun. 16 Harun bakal ngawakilan manéh pikeun ngomong ka urang Israél. Manéh bakal jadi kawas Allah keur Harun.* 17 Bawa iteuk manéh pikeun nyieun mujijat-mujijat.”
18 Musa balik ka Yitro mitohana, tuluy ngomong, ”Pa, kénging teu abdi nepangan dulur-dulur abdi di Mesir? Abdi hoyong terang kumaha kaayaan maranéhna.” Yitro ngomong ka Musa, ”Sok atuh, ati-ati nya.” 19 Geus kitu Yéhuwa ngomong ka Musa di Midian, ”Jung geura balik ka Mesir, lantaran jalma-jalma nu ngarah nyawa manéh téh geus maraot.”
20 Geus kitu, pamajikanana jeung anak-anak lalakina ditumpakkeun kana kaldé ku Musa, tuluy maranéhna indit ka Mesir. Musa gé mawa iteuk nu diparéntahkeun ku Allah pikeun dibawa. 21 Tuluy Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Kuring geus méré kawasa ka manéh pikeun nyieun mujijat. Sanggeus nepi di Mesir, sok témbongkeun mujijat-mujijat éta di hareupeun Firaun. Tapi manéhna ku Kuring bakal diantep sina bedegong sarta moal ngidinan umat Kuring indit. 22 Manéh kudu ngomong kieu ka Firaun, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Israél téh anak lalaki Kuring, anak Kuring nu cikal. 23 Kuring méré paréntah ka manéh, idinan anak Kuring indit pikeun ibadah ka Kuring. Tapi mun manéh nolak, Kuring bakal maéhan anak lalaki manéh, anak manéh nu cikal.”’”
24 Waktu di perjalanan, di pamondokan, Yéhuwa* manggihan manéhna tuluy rék maéhan manéhna.* 25 Seug Zipora nyokot batu seukeut* tuluy nyunatan anak lalakina. Kulit khitanna dialungkeun kana suku manéhna,* tuluy Zipora ngomong, ”Anjeun téh jadi carogé abdi ku lantaran getih ieu.” 26 Jadi Allah teu tulus maéhan manéhna. Ku karana sunat éta, Zipora ngomong, ”Anjeun téh jadi carogé abdi ku lantaran getih ieu.”
27 Geus kitu Yéhuwa ngomong ka Harun, ”Sok indit ka tanah gurun tuluy panggihan Musa.” Jadi manéhna indit tuluy manggihan Musa di gunung nu dipilih ku Allah nu bener. Manéhna méré salam ku cara nyium Musa. 28 Kabéh ucapan Yéhuwa ku Musa dibéjakeun ka Harun. Manéhna gé nyaritakeun sakabéh mujijat nu kudu dijieun, sakumaha nu diparéntahkeun ku Anjeunna. 29 Terus Musa jeung Harun indit ngumpulkeun kabéh pamingpin Israél. 30 Kabéh ucapan Yéhuwa ka Musa ditepikeun ku Harun ka maranéhna. Tuluy Musa nyieun mujijat di hareupeun jalma réa. 31 Maranéhna kabéh palercayaeun. Waktu ngadéngé yén Yéhuwa merhatikeun urang Israél sarta ningali kasangsaraan maranéhna, bruk maranéhna sarujud.